Lompat ke isi

Pacé-pacé

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Leucas lavandulifolia
Pacé-pacé
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
L. lavandulifolia
Ngaran binomial
Leucas lavandulifolia
Sinonim

Referensi:[1]

  • L. linifolia Spreng.


Pacé-pacé; paci-paci; (Leucas lavandulifolia); Lenglengan (id) nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawarga lamiaceae. [2] Loba kapanggih hirup di pulo Jawa di daérah anu perenahna 1500 mdpl, remen katempo hirup di sisi jalan, sawah atawa kebon anu teu ka urus jeung sajabana.

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]
Pacé-pacé

Ieu kaasup tutuwuhan herba anu tangkalna ajeg, jangkung kurang leuwih saméter rata-rata 0,20 dugi ka 0,60 méter jangkungna, dahanna barijil timimiti palebah handap tangkalna. Rumphius ngajelaskeun (VI, kc. 39) dina nami Herba admira tionis, cenah yén ieu tutuwuhan bau na henteu pikaresepeun kitu deui rasana pait. Cupat daun (petiole) pondok malahan kalolobaanana henteu katempo; dauna lonyod, ukuran 2.5-7x1.5-1.2cm pubescent, dasar daun cuneate-attenuate, tungtung daun rérégéan , vena lateran 2 nepi ka 3 pasang. [2]Kembangna loba/verticillaster buleudanna 1.5-2.5cm; ukuranna leuwih pondok tibatan tabung kelopak, kalawan luhuurna spinescent. Kelopak obovoid, ukuranna kurang leuwih 0.5mm. [2]

Ngaran séjén

[édit | édit sumber]

Ieu tutuwuhan nelah ogé daun setan, lingko-lingkoan, lenglengan, nlenglengan, plengan (Jawa); sarap nornor (Madura); gofu hairan (Ternate); jeung laranga (Tidore); sarap nornor (Madura), lenglengan (Jawa), Gofu hairan (Ternate), larang (Tidore).[1]

Guna jeung mangpaat

[édit | édit sumber]

Ubar jero

[édit | édit sumber]

Ieu tutuwuhan mibanda sipat vermifuge (anti cacing). Dauna dilérab/digarang tuluy didahar maké uyah pikeun ubar galingging ogé ubar suda kana barang dahar. [2]

Sakabéh bagéan ieu tutuwuhan ogé bisa dimangpaatkeun pikeun ubar, hasiat a kayaning: hésé saré, gulinggasahan, nyeri sirah, batuk, diftéri, kencing manis. Sadiakeun pacé-pacé beresih 10-15 gr di Godog, di mana geus tiis tuluy diinum caina.[2]

Ubar luar

[édit | édit sumber]

Daunna beunang ngabebek/ngaréndos bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran koréng atawa kudis, ngumbah anu raheut.[2][3] Ieu tutuwuhan mibanda isopimarane rhamnoglucoside, linifolioside (Yusuf et al., 2009 dalam uddin, 2014)[2]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b Dalimartha, Setiawan Atlas Tumbuhan Obat Indonesia. 6:94 – 97. Jakarta:Puspa Swara. ISBN 978-979-1480-19-2.
  2. a b c d e f g Rochdjatun Sastrahidayat, Prof.Dr.Ir. Ika (2016). Penyakit pada tumbuhan obat-obatan, rempah-bumbu dan stimulan. Jakarta: UB Press. p. 76. ISBN 9786024320515.  Disungsi 5 Mei 2021
  3. HEYNE, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Linrary New York Botanical Garden: Ruygrok & Co BATVIA. p. 125.  Disungsi26 April 2021