Lompat ke isi

Paku hurang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Paku hurang
Stenochlaena palustris
ti Galing, Kabupatén Sambas
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
S. palustris
Ngaran binomial
Stenochlaena palustris
Sinonim

Polypodium palustre Burm. f., 1768[2]
Onoclea scandens Sw., 1806[3]
Lomaria scandens (Sw.) Willd., [4]

Paku hurang; lemiding; (Stenochlaena palustris) nyaéta hiji tutuwuhan paku anu asalna tina kulawarga Blechnaceae. Pucuk ogé daun ngorana bisa dimangpaatekun salaku bahan sayureun.

Ngaran séjén

[édit | édit sumber]

Paku hurang mibanda ngaran daérah anu béda-béda, kayaning: miding, mělat, akar pakis (Mly.); lambiding (Ac.); lamidin (Sim.); pau rara (Mand.); paku limbéh (Min.); paku hurang (Sd.);[5] pakis bang (Jw.); lemiding, remiding, pakis mérah (Mly. Ptk.); bampésu, maja-majang (Mak.); bempésu, wéwésu (Bug.)[6]. Di Kalimantan kidul jeung Kalimantan Tengah tutuwuhan ieu disebut kelakai atawa kalakai.

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]
Anak daun kalawan tungtungna rérégéan

Paku ieu hirup dina taneuh, ngampar panjang nepika 5–10 m. Rimpang panjang sakapeung katempo ngarambat, kuat, gepéng masagi, gundul sakapeung katempo aya sisitan, aya ogé anu bijil dahan/régang.[7]

Daunna dina dua kaayaan anu rada béda: steril jeung fertil. Duanana gaduh panjang antara 40–80 cm, kalayan gagang 15 –20 cm jeung 8–15 pasang anak daun, dibarengan hiji anak daun terminal (tungtung). Anak-anak daun lateral biasana gaduh pelebaran sapertos lobus/cuping di handap (puhu), anu henteu dipimilik ku tungtung anak daun; anak-anak daun di palebah luhur (beuki ka tungtung beuki leutik) ilaharna leuwih leutik. Tulang daun utama/panengah katempo ngajalur (lekukan) di sisi luhurna. Anak-anak daun dina daun steril gagangna pendék; wujudna jorong heureut, ilaharna 15 × 3 cm, kurang leuwihna; lemes, hérang, héjo kolot, pias di sisi handap; tungtungna rérégéan; mibanda kelenjar di tungtung anak daun deukeut puhu. Anak-anak daun dina daun fertil wujudna gurat, lk. 20 cm × 3 mm, palebah handapna pinuh ku sporangia.[8]

Agihan jeung ékologi

[édit | édit sumber]
Hirup sisi susukan

Paku hurang hirup tur nyebar sacara alami di Asia tropis, mimiti ti palebah kulon India , ka Asia Tenggara tuluy nyebar nepika ka puloan Nusantara, tuluy ka Polinesia jeung Australia.[6][8]

Hirup dina tempat anu perenahna di palebah 900 mdpl ogé di leuweung - leuweung urut dituaran kaina utamana anu deukeut kana cai, deukeut muara, leuweung babakoan, di taneuh keusikan, hususnya di sapanjang sisi susukan atawa hulu cai.[6] Paku ieu loba kapanggih hirup di daérah landeuh atawa lebak, di tempat anu negrak, leuweung sekunder, sarta remen kapanggih hirup di rawa-rawa, kaasup rawa gambut. Sakapeung katempo hirup dina tangkal di leuweung anu negrak.[8] Sakapeung hirup ngarungkun sababaraha rungkun, malah katempo kawas paku resam (Dicranopteris linearis (Burm.) Clarke.).[5]

Pamangpaatan

[édit | édit sumber]
iala pucukna pikeun sayuran

Daun-daun u ngora katempo semu beureum, kawas hurang anu diasakan; ukutu téh ieu tutuwuhan paku sok disebut paku urang (paku hurang). Daun ngora anu masih kénéh ngaringkel dijadikeun bahan sayureun,tapi saméméhna kudu diseupan. Atawa dikulub heula.[6] Di Sambas, daun paku hurang angrupakeun alahsahiji bahan penting pikeun nyieun bubur kesum atawa bubur pedas.

Di Jawa, paku hurang ieu kurang dipikawanoh dina pamangpaatanna. Di Sumatra, daun ngorana sok disayur.[5] Di Sulawesi, abada diolah, tangkalna anu ngarambat wewesu dimanfaatkeun salaku gaganti hoé salaku tali paragi meungkeut, dianyam pikeun nyieun bubu lauk, aya ogé dianyam pikeun nyieun beubeur ikat pinggang, malahan akaran baheula dimangpaatkeun salaku jangkar parahu. Numutkeun Rumphius, rimpang ieu kacida kuat henteu gampang pegat, sarta dina mangsa kakeueum cai laut ieu leuwih kuat tibatan hoé. Di kapuloan Boné ogé di Karimun.[6] Rimpangna anu teuas dipaké bubu lauk di Kapulauan Karimun, Jawa, jeung Malaysia akapeung dipaké ogé salaku bahan pikeun nyieun karinjang/jingjingan. [5]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Beddome, R.H. 1876. Supplement to The Ferns of Southern India and British India : containing a revised list of all the ferms of India, Ceylon, Birmah, and the Malay Peninsula and 45 plates of hitherto unfigured species, p. 26. printed by Gantz Brothers, Madras.
  2. Burman, N.L. 1768. Nicolai Laurentii Burmanni Flora Indica : cui accedit series zoophytorum Indicorum, nec non prodromus florae Capensis, p. 234. Amstelaedami, apud Johannem Schreuderum.
  3. Swartz, O.P. 1806. Synopsis Filicum, p. 112, 309.
  4. Willdenow, C.L. 1810. Species plantarum: exhibentes plantas ... Ed. 4 t. V(2): 293. Berolini, impensis G.C. Nauk.
  5. a b c d Sastrapradja, Setijati; Afriastini, Johar J.; Darnaedi, Dedy; Widjaja, Elizabeth A. (1979). Jenis Paku Indonesia[tumbu nonaktif][tutumbu nonaktip permanén] 17:56 – 57. Jakarta:LBN-LIPI berkerjasam dengan Balai Pustaka. (lihat pula hal.1-45[tumbu nonaktif][tutumbu nonaktip permanén] dan hal.89-127[tumbu nonaktif][tutumbu nonaktip permanén])
  6. a b c d e Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 1: 86-87. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. (versi 1922. De Nuttige Planten ... I: 25)
  7. Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Hal. 91.
  8. a b c Giesen, W., S. Wulffraat, M. Zierenand & L. Scholten. 2007. Mangrove Guidebook for Southeast Asia[tumbu nonaktif][tutumbu nonaktip permanén], p. 227. FAO and Wetlands International, Bangkok. ISBN 974-7946-85-8

Tutumbu ka luar

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Citakan:Tanaman-stub