Lompat ke isi

Pamarekan Mimetik (Sastra)

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Pamarekan Mimetik nyaéta salah sahiji wacana titinggal Plato jeung Aristoteles dina masa filsafat kuno nepi ka masa Abrams nu ngajadikeun salah sahiji pamarekan utama dina nganalisis sastra salian ti pamarekan pragmatik, ekspresif jeung objektif. [1] Mimetik mangrupa indung tina pamarekan sosiologi sastra nu medalkeun métode kritik sastra. Mimesis atawa mimetik asalna tina basa Yunani nu hartina titiron. Patalina mimetik jeung kritik sastra dihartikeun salaku pamarekan anu ngulik karya sastra dipatalikeun jeung kanyataanna nu aya dina kanyataan. Plato jeung Ariestoteles téh ahli nu ngaluluguan matalikeun pasualan filsafat jeung kahirupan.[1]

Sawangan Plato ngeunaan mimetik dipangaruhan ku ide-ide sarta gagasan ngeunaan seni. Plato nganggap yén ide anu aya di manusa mangrupa hal nu sampurna anu moal bisa dirobah. Ide ngan bisa dipikanyaho ku rasio, moal bisa ditingali ku pancaindra.[2] Nurutkeun sawangan Plato ngeunaan ide, ngébréhkeun yén mimetik anu nu dilakukeun ku para seniman jeung sastrawan dianggap kurang hadé, sabab ngan saukur ngahasilkeun lamunan anu jauh tina kanyataan. Sakabéh barang-barang anu dijieun ku manusa ngan saukur titiron tina ide, nu antukna éta barang moal sampurna jiga wangun aslina. Plato ngébréhkeun yén tukang leuwih guna tibatan seniman atawa pangarang. Tukang nu nyieun korsi jeung méja leuwih bisa ngadatangkeun ide kana wangun nu bisa ditingali sarta dicabak langsung ku pancaindra. Ari pangarang jeung seniman mah ukur ngajiplak kanyataan. [3] Nurutkeun Plato, mimetik ngan saukur kaiket ku ide, henteu bisa ngahasilkeun kanyataan sarta ngan saukur bisa nyarankeun kana tataran nu leuwih luhur. [4] Mimetik anu dilaksanakeun ku seniman atawa sastrawan henteu nyoko sacara langsung kana dunya ide. [4] Ariestoteles mangrupa salah saurang nu nentang kana sawangan Plato. Lamun Plato ngan nganggap yén seni saukur ngarendahkeun manusa sabab ngagugulung napsu jeung émosi, Ariestoteles mah nganggap yén seni salaku hal nu bisa ngaronjatkeun luhungna akal budi hiji manusa.[4]

Ariestoteles

[édit | édit sumber]

Ariestoteles nganggap seniman sarta sastrawan nu ngagunakeun mimetik henteu ukur ngajiplak kanyataan, tapi hiji prosés kréatif keur ngahasilkeun hal anyar. Dina bukuna nu dijudulan Poetica, Ariestoteles ngébréhkeun yén sastra lain ngan saukur titiron  (nu ditepikeun ku Plato) tapi mangrupa hiji ébréhan ngeunaan  “universalia” (konsép-konsép umum). Sawangan positif Ariestoteles ngeunaan seni jeung mimetik dipangaruhan ku pamikiran “aya” jeung ide-ide. Ariestoteles nganggap ide-ide manusa lain salaku kanyataan. Lamun Plato ngébréhkeun yén ide henteu bisa robah, Ariestoteles justru ngébréhkeun yén nu bisa robah (tetep) téh nyaéta barang-barang jasmani éta sorangan. Barang jasmani ku Ariestoteles diklasifikasikeun kana dua katégori, wangun jeung matéri. Wangun nyaéta wujud hiji hal, ari  materi nyaéta bahan keur nyieun wangun. Ku kituna, wangun jeung materi mangrupa hiji beungkeutan.[2]

Mimetik sawangan Plato jeung Ariestoteles geus ditransformasikeun kana wangun tiori éstétika ngaliwatan sababaraha kamekaran di jerona. Dina jaman Renaisannse sawangan Plato jeung Ariestoteles ngeunaan mimetik geus dipangaruhan ku sawangan Politinis, salah saurang filsuf Yunani dina abad ka-3 Masehi. Mimetik henteu dihartikeun salaku sawangan indrawi, tapi mangrupa gambaran langsung tina ide. Jadi, susunan kecap dina téks sastra henteu ngan titiron sacara déét tina kanyataan indrawi nu ditarima ku pangarang, tapi ngagambarkeun kanyataan nu hakiki jeung leuwih luhur. Ngaliwatan éta gambaran, kanyataan indrawi bisa dirasa ngaliwatan dimensi séjén nu leuwih luhur. [3]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b Ratna, K. N (2013). Teori, Metode, dan Tehnik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. 
  2. a b Bertens, K. (1979). Ringkasan Sejarah Filsafat. Yogyakarta: Kanisius. p. 13. 
  3. a b Luxemberg, Jan Van, spk (1989). Pengantar Ilmu Sastra. Jakarta: Gramedia. p. 16. 
  4. a b c Teeuw, A (2015). Sastra dan Ilmu Sastra. Jakarta: Pustaka Jaya. p. 169.