Panakawan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh


Tokoh Panakawan

Panakawan nyaéta ngaran umum dina peran panglayan jeung nu ngabdi ka susuhunanana dina carita-carita pawayangan, carita wawacan, jeung sandiwara.[1] Ku kituna, panakawan téh mideng ogé disebut palaku tambahan (kadua). [1]

Karakter[édit | édit sumber]

Dina carita panakawan biasana ngarangkep jadi gandék atawa pangiring palaku utama (protagonis). Dina pagelaran wayang jeung sandiwara lian ti jadi gandék, ngarangkep jadi bodor, nyiptakeun kaayaan nu guyon, heureuy, jeung lulucon. Tata paripolahna jeung tatabarangpakéna diluyukeun jeung pungsina. [2]

Ari dina wawacan mah nu jadi panakawan téh aya nu jadi palaku utama nu karakterna aya dina kaayaan sangsara, kasilihkeun, kadungsang-dungsang, jeung dununganana nyahoeunna téh engké sabada aya kasempetan némbongkeun wewesénna[2]. Panakawan dina Wayang Golék téh nyaéta semar, cépot, dawala, jeung garéng. Kabéhanana ogé masih kénéh sakulawarga.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b Panakawan (di aksés 23-12-2011)
  2. a b Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 148. 


Nulis.jpg