Lompat ke isi

Pekania pennanti

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pekania pennanti
Status konservasi
LC[1]
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Pekania
Ngaran binomial
Pekania pennanti
Sinonim
  • Martes pennanti
  • Martes pennanti columbiana Goldman
  • Martes pennanti pacifica
  • Martes pennanti pennanti

Pekania pennanti nyaéta sato asli wewengkon kalér Amérika anu disebut ogé fisher.[2] Saméméhna ieu spésiés sato téh dingaranan Martes penannti[3], tuluy diganti jadi Pekania pennanti tanggal 3 Séptémber 2015.[4][5]

Rupa Awak

[édit | édit sumber]

Ditingali saliwat mah, ieu sato téh ampir sarupa jeung careuh atawa lasun. Awakna panjang, ari sukuna pendék.[6] Panjang sakujur awakna antara 800 nepi ka 1.075 mm, panjang buntutna 280–400 mm, panjang leungeunna90-125 mm, panjang ceulina 40–55 mm, beuratna 2,0-5,5 kg.[2] Pekania pennanti awakna ramping, anu moncongna nyungcung jeung buntutna kandel ku bulu. Ramona aya lima dina unggal sukuna, jeung kukuna bisa ditilepkeun kawas cakar ucing.[7]

Umumna boga warna coklat kolot, tapi beungeut, hulu jeung taktakna biasana semu abu-abu. Buluna kandel jeung herang, tapi karasa keusrak. Bulu beuteungna (awak bagian handap) warna coklat kolot tapi mindeng aya poléng acak warna bodas dina beuheung, dada, atawa beuteunga.[2][8] Warna poléng bulu dina usum panas biasana leuwih rupa-rupa. Ari baganti bulu biasana sakali dina sataun, nyaéta panungtungan usum panas jeung awal usum tiris.[9]

Kabiasaan Hirup

[édit | édit sumber]

Pekania bisa hirup kira-kira 10 taun di alam atawa di penangkaran.[10] Mimiti begér dina umur sataun tapi umumna teu éféktif nepi ka umurna 2 taun.[11] Ieu sato téh solitér iwal ti bikangna jeung anak-anakna, jeung dina usum begér, anu umumna dina bulan Fébruari nepi ka pertengahan bulan Méi.[10] Ieu sato pinter tétérékélan jeung gancang lamun hanjat kana tangkal, tapi biasana mah sok leumpang dina taneuh baé. Biasana aktif beurang jeung peuting, sarta bisa ngojay.[7] Dina usum tiris, biasana sok nyieun lombang jeung torowongan dina jero salju. Tapak sukuna biasana kapanggih di tempat nu deukeut jeung sumber cai.[12]

Pekania kaasup sato prédator, biasana ngahakan bajing, beurit, kelenci salju, jeung manuk. Sacara teu langsung manéhna ngawangun komunitas tutuwuhan di leuweung lantaran ngahakan mangsa anu bisa nyebarkeun binih (siki) di sabudeureun leuweung. Kekembangan jeung tutuwungan nu tangtu, misalna béri ogé sok dihakan.[10] Ieu sato umumna paéh lantaran dijebak, katabrak kandaraan, jeung dihakan ku ucing leuweung, coyote jeung cougar.[13]

Sumebarna

[édit | édit sumber]

Spésiés ieu sumebar ti Kanada, jeung sabagian wewengkon kalér Amérika Serikat.[2] Dina sajarahna, ieu mamalia téh kungsi hirup di sabureudeun cekungan Gréat Lake, tapi ku lantaran leuweungna dituaran ieu sato beuki kaancam punah, iwal di wewengkon pasisisan Ontario jeung Minnesota. Dina panungtungan abad ka-19 jeung awal abad ka-20, populasi pekania turun ngajaul. Ieu sato diboro di sakuliah Amérika jeung Kanada wétan.[13][14]

Program réintroduksi (ngawanohkeun deui) pekannia anu dimimitian ti taun 1900-an, babarengan jeung restorasi alam tina populasi anu nyésa, geus mampuh mulangkeun ieu sato pikeun nempatan deui wewengkon sabudeureun Michigan, New York, Pennsylvania, jeung Wisconsin.[13][15] Dina éta proyék, 90 pekannia anu kaasup 50 bikang jeung 40 jalu dileupaskeun di 21 lokasi di Olympic National Park ti taun 2008 nepi ka 2010.[16] Masing-masing dipasangan transmiter radio sangkan bisa kalacak upruk-aprakna, jeung rupa-rupa kabiasaan jeung kajadian séjénna. Populasi ayeuna sato ieu geus diasupkeun kana kategori G5 (aman).[17]

Habitat

[édit | édit sumber]

Pekania ngaprak di jero hutan anu geus geledegan, anu kanopina geus kompléks, liang-liang tangkalna geus gorowong, tangkay jeung dangdauan tina tangkal anu geus pabalatak di dasar leuweung, jeung garung pikeun jadi tempat panyalindunganana.[2][18]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Kays, Roland (2016-05-29). Candid Creatures: How Camera Traps Reveal the Mysteries of Nature. JHU Press. ISBN 978-1-4214-1889-6. 
  2. a b c d e Kurta, Allen (2017-05-12). Mammals of the Great Lakes Region, 3rd Ed. University of Michigan Press. ISBN 978-0-472-05345-2. 
  3. Wiens, John A.; Hayward, Gregory D.; Safford, Hugh D.; Giffen, Catherine (2012-07-09). Historical Environmental Variation in Conservation and Natural Resource Management. John Wiley & Sons. ISBN 978-1-118-32975-7. 
  4. "Pekania pennanti". www.fs.fed.us. Diakses tanggal 2020-03-26. 
  5. Zielinski, William J.; Kucera, Thomas E. (1998-05). American Marten, Fisher, Lynx, and Wolverine: Survey Methods for Their Detection. DIANE Publishing. ISBN 978-0-7881-3628-3. 
  6. Telander, Todd (2012-06-05). Animal Tracks: A Falcon Field Guide. Rowman & Littlefield. ISBN 978-0-7627-9486-7. 
  7. a b Rhines, Cynthia. "Martes pennanti (fisher)". Animal Diversity Web. Diakses tanggal 2020-03-26. 
  8. ostro219. "Fisher (Martes pennanti)". Natural Resources Research Institute. Diakses tanggal 2020-03-26.  Archived 2020-03-26 di Wayback Machine
  9. Webmaster, David Ratz. "Fisher - Montana Field Guide". fieldguide.mt.gov. Diakses tanggal 2020-03-26. 
  10. a b c U.S. FISH AND WILDLIFE SERVICE (January 13, 2014). "DRAFT SPECIES REPORT Fisher (Pekania pennanti), West Coast Population". U.S. FISH AND WILDLIFE SERVICE (. https://www.fws.gov/yreka/20140911_WCFSR_finaldraft.pdf. Diakses pada 26, 3 2020.  Archived Oktober 27, 2021, di Wayback Machine
  11. Green, Rebecca; Purcell, Kathryn; Thompson, Craig; Kelt, Douglas; Wittmer, Heiko (2018-06-01). "Reproductive parameters of the fisher (Pekania pennanti) in the southern Sierra Nevada, California". Journal of Mammalogy 99: 537–553. doi:10.1093/jmammal/gyy040. https://www.researchgate.net/publication/325946978_Reproductive_parameters_of_the_fisher_Pekania_pennanti_in_the_southern_Sierra_Nevada_California. 
  12. Miller, Dorcas S. (1981). Track Finder: A Guide to Mammal Tracks of Eastern North America. Nature Study Guild Publishers. ISBN 978-0-912550-12-1. 
  13. a b c "Fisher | Washington Department of Fish & Wildlife". wdfw.wa.gov. Diakses tanggal 2020-03-26. 
  14. Wiens, John A.; Hayward, Gregory D.; Safford, Hugh D.; Giffen, Catherine (2012-07-09). Historical Environmental Variation in Conservation and Natural Resource Management. John Wiley & Sons. ISBN 978-1-118-32975-7. 
  15. Conservation of Fishers (Martes Pennanti) in South-central British Columbia, Western Washington, Western Oregon, and California. USDI Bureau of Land Management. 2010. 
  16. "Fisher (Pekania pennanti) | Encyclopedia of Puget Sound". www.eopugetsound.org. Diakses tanggal 2020-03-26. 
  17. "NatureServe Explorer 2.0". explorer.natureserve.org. Diakses tanggal 2020-03-26. 
  18. Buck, Slader (1982). Habitat Utilization by Fisher (Martes Pennanti) Near Big Bar, California. Humboldt State University.