Posong

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Lukisan keur masangkeun posong

Posong nyaéta pakakas paragi ngala lauk, belut, jeung sato cai séjéna. wangunna kawas botol dijieun tina anyaman awi, di jerona diasupan eupanan sangkan lauk jeung sajabana leuwih kataji tuluy arasup kana liang posong anu wangunna kawas corong nyaéta gedé palebah luarna jeung beuki ngaleutikan ka palebah jerona.[1], di mana geus di jero posong ieu lauk jeung sato séjéna ka tingker teu bisa kaluar deui lantaran liang anu tadina dipaké asup tiluar kiwari geus teu bisa diliwatan ku lantaran leutik teuing.[2] Eupan anu diasupkeun kana jero posong biasana cacing atawa daging lauk ditiir maké jukut tuluy disupkeun tur dicangreud di jeroun posong. Neundeun posong leuwih hadé wanci soré, boh di susukan atawa di kamalir sawah tempat liliwatan lauk néangan dahareun, biasana lauk atawa belut resepeun kana bau hanyir tina cacing anu dijieun eupan, isukanna kakara ditempo beubeunangan tina masang éta posong.[3]

Pedaran[édit | édit sumber]

Posong jeung bubu sarua kénéh mangrupa pakakas pikeun néwak belut, lauk atawa sato cai séjéna bédana tina ukuran. Posong leuwih leutik ti batan bubu ku lantaran éta posong leuwih loba dipaké sagigireun gampang dibabawa ogé henteu gedé teuing.[4] Disababaraha daérah hususna peternak /ngingu belut, posong mangrupa pakakas anu penting pikeun néwak belut pibibiteun, lantaran leuwih alami, aman jeung murah. Béda upama néwak belut maké setrum, hasil tina pamijahan engkéna belut kurang hadé hasilna (kuntet).[5]

Posong ogé dimangpaatkeun pikeun panén lobster jeung hurang, sagigireun leuwih murah, gancang, jeung lobster anu katéwak masih kénéh seger tur hirup, béda di mana panén ku jalan nyaatan heula balong waktu anu dibutuhkeun leuwih lila jeung di mana dipanén lobster dina kaayaan geus kapanasan malahan sawaréhna geus lalimpeu.[6]

Sajarah[édit | édit sumber]

Ngepung lauk sahenteua geus dilakukeun kurang leuwih abad ka 17 kénéh, di Italia beulah kidul geus mimiti dijieun tina kai pikeun ningker lauk mangrupa posong anu gedé. Urang Yoghan anu nyicingan Tierra Del Fuego ogé geus mibanda cara pikeun ningker lauk ku jalan ngagundukeun batu dikurilingkeun mangsana cai keur gedé, mangsana cai orot lauk bakal katingker ku batu-batu anu diéntépkeun tadi.[7]

Urang Australia ogé mibanda cara anu sarua pikeun ningker lauk, hususna anu nyicingan sisi susukan saperti di basin Murray-Darling, saméméh daratangna urang Eropa di éta tempat susukan sakapeung gedé caina sakapeung deui ngorotan, ieu dipangaruhan ogé ku usum. Masarakat di dieu nyieun paranti ningker lauk ku jalan ngentepkeun batu-batu mangsa cai susukan keur gedé, nincak wancina cai orot lauk-lauk anu aya dina éta susukan katingker ku tumpukan batu-batu tadi.[8] Sanajan batu-batu paragi ningker lauk geus kiwari geus raruksak, sahenteuna masih aya kénéh anu nyésa hususna di susukan Barwon di Brewarrina, New South Wales. kiwari ogé masih kénéh bisa ningker lauk Brewarrina anu sok pipindahan tempat dina unggal tauna.[9]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

Tutumbu Kaluar[édit | édit sumber]

  1. Rupa rupa pakakas pikeun ngala lauk jeung sato cai séjénna
  2. Posong atawa bubu pikeun ngala lauk, belut jeung hurang
  3. Kasenian ngarak posong Archived 2017-03-23 di Wayback Machine