Lompat ke isi

Radén Tjétjé Somantri

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Gambar:Tari Merak (peacock dance) west java indonesia.jpg
Tari Merak, salah sahiji karya Rd. Tjétjé Somantri anu jadi kareueus Jawa Kulon

Radén Tjétjé Somantri nyaéta salah sahiji inohong panaratas tari Sunda.[1] Lahir di Bandung ti pasangan Nyi Radén Siti Munigar, saurang ti kulawarga ménak Bandung jeung Rd. Somantri, ménak ti Purwakarta anu tilar dunya saméméh Tjétjé lahir.[1] Tjétjé lahir ti sakola HIS (satingkat sakola dasar) jeung MULO (satingkat sakolah menengah).[1] Atikan di MOSVIA (sakola pamongpraja) teu réngsé alatan loba kaganggu ku karesepna kana nari.[1] Anjeunna kungsi guguru rupa-rupa kasenian kayaning Penca Silat (1920), tari tayub (1911), tari topéng Cirebon (1918, 1925), jeung tari wayang (1915). Anjeunna ogé diajar tari Jawa ngaliwatan buku, nongton sarta diskusi jeung panari anu dipikagumna.[1]

Ti mimiti ngawasa tari, sanajan tari naon baé nu dipintonkeunana, matak ngajadikeun kawentar minangka panari anu kalintang hadéna.[1] Gerakanana éndah kalawan ngeusi, léngkahna mantep, sikepna wiwaha, pasemonna matak ngirut ati sing saha waé anu nongtonna, sanajan naon baé tari anu dipintonkeunana, naha éta téh tari putra atawa tari putri.[1]

Pangalaman ngajar tarina téh nyaéta ngajar tari putra (tari patokan / tari keurseus) di sakola-sakola ménak kira-kira ti mimiti 1920-an, jeung di Kabupatén Bandung nalika ngajar nari pikeun putri (1937-1942).[1] Anjeunna jadi pangajar penca silat ti semet aya di pakumpulan Sekar Pakuan (1935-1942), jeung ngajar tari di luar kabupatén ti mimiti taun 1942 nepika di Rinenggasari.[1]

Riwayat pagawéanna mah teu réa nu nyaho. Tjétjé kungsi digawé jadi Mantri Polisi di Kantor Kacamatan Purwakarta jeung di Bank Denis di Bandung.[1] Pamungkas, anjeunna digawé di Djawatan Kebudajaan Djawa Barat, di sahandapeun Tb. O. Martakusuma.[1]

Ti semet taun 1910-an Tjetje geus nyiptakeun mangpuluh-puluh komposisi tari. Lolobana mangrupa tari lenyepan (lemes) anu dibawakeun ku wanoja, kayaning tari Anjasmara (1946), tari Sulintang (1948), tari Rinéka Sari (1952), tari Kukupu (1952), jeung tari Renggarini (1958).[2]

Réferénsi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k (id) Irawati Durban Ardjo. 2008. Tari Sunda Tahun 1940-1965. Bandung: Pusbitari Press. kaca 35-36
  2. (id) Tari Merak Gemulai Imajinasi Seniman Tari Archived 2011-10-11 di Wayback Machine (diakses tanggal 23 Oktober 2011)