Lompat ke isi

Sawo durén

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Sawo Durén
Sawatara kultivar sawo durén ti Lumajang, Jawa Wétan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
C. cainito
Ngaran binomial
Chrysophyllum cainito
L., 1753

Sawo durén nyaéta ngaran tutuwuhan nu buahan ti suku sawo-sawoan (Sapotacéae). Buahna dipikawanoh ogé kalawan ngaran sawo apel, sawo ijo (basa Jawa), sawo hejo (basa Sunda), sawo kadu (Banten), sarta kenitu atawa manécu (Jawa Wétan).

Dina rupa-rupa basa kosta, buah ieu dipikawanoh kalawan rupa-rupa ngaran kawas cainito, caimito, chicle kadu, star apple, golden leaf tree, abiaba, pomme de lait, estrella, aguay sarta nu séjén-séjénna. Ngaran ilmiahna nyaéta Chrysophyllum cainito.

Gambaran

[édit | édit sumber]
Sawo duren wungu, dijual di Walanda
Pola mirupa béntang sabot buah dibeulah

Tangkal anu sok héjo sarta tumuwuh gancang, bisa ngahontal jangkung 30 m. Kulit tangkal warnana kulawu hideung nepi ka semu bodas, kalawan réa bagian tangkal anu ngaluarkeun lateks, nyaéta geutah bodas anu kentel pisan, lamun dilukai.

Daun tunggal boga warna coklat-keemasan (chrysophyllum hartosna daun anu boga warna keemasan), alatan bulu-bulu lemes anu tumuwuh utamana di sisi handap daun sarta di rerantingan; permukaan luhurna lekas gundul sarta boga warna héjo cerah. Diuk daun berseling, memencar, wangun lonjong nepi ka bundar endog terbalik, 3-6 x 5-16 cm, kawas kulit, bertangkai 0,6-1,7 cm panjangna.

Kembang sawo perenahna dina kélék daun, mangrupa jumplukan 5-35 pucuk kembang laleutik nu boga gagang panjang, semu konéng nepi ka bodas lumayung, seungit amis. Kongkolak 5 heulai, bunder nepi ka bunder endog; makuta bentukna silinder nu boga 5 cuping, bunder endog, panjangna nepi ka 4 mm.

Buah bentukna buleud nepi ka buleud endog sungsang, boga diaméter 5–10 cm, jeung kulit buahna leueur herang, coklat semu wungu atawa héjo semu konéng nepi ka semu bodas. Kulitna rada kandel, liat, réa ngandung latéks (geutah bodas nu kentel) sarta teu bisa didahar. Daging buah bodas atawa semu wungu, hipu sarta réa ngandung sari buah, amis, ngabungkus éndokarp boga warna bodas anu diwangun ku 4-11 rohang anu bentukna jiga béntang lamun dipotong. Siki jumlahna 3-10, gepéng rada buleud endog, coklat ngora nepi ka hideung semu wungu, teuas herang.

Pamangpaatan

[édit | édit sumber]

Sawo duren ilaharna didahar minangka buah seger (henteu diasakan), sanajan bisa ogé dipaké minangka bahan baku és krim atawa serbat (sherbet). Tangkal sawo duren ngahasilkeun buah sanggeus umurna 5-6 taun, sarta biasana puncak usum buah éta dina usum halodo.

Sajaba ti éta, réa bagian tangkal anu boga hasiat ubar; contona kulit kaina, geutah, buah sarta sikina. Kulub daunna dipaké pikeun nyageurkeun diabétés sarta reumatik. Tina kulit kaina dihasilkeun ubar kuat sarta ubar batuk.

Tangkalna mindeng dipaké minangka pepelakan hias sarta pangiuhan di taman-taman sarta sisi jalan. Kaina cukup alus minangka bahan wangunan. Sarta dahan-dahanna anu kolot dimangpaatkeun pikeun numuwuhkeun anggrék.

Asal-usul sarta sumebarna

[édit | édit sumber]

Sawo durén asalna ti padataran handap Amérika Tengah sarta India Kulon. Alatan mangpaatna, kiwari sawo durén geus sumebar ka sakumna wewengkon tropis. Di Asia Tenggara, sawo duren réa dipelak di Filipina, Thailand sarta Indocina bagian kidul.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  • Verheij, E.W.M. sarta R.E. Coronel (eds.). 1997. Asal Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan anu bisa dimakan. PROSéa – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2.

Tumbu ka luar

[édit | édit sumber]