Seblak

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Seblak nu euceuy ku cabé

Seblak nyaéta kadaharan khas Sunda nu rasana gurih jeung lada, dijieun tina kurupuk diasakan jeung sayuran, endog, lauk laut atawa daging sapi, diolah ku samara husus.[1] Sacara étimologi kecap seblak miboga harti ngadadak inget deui nepi ka reuwas; haté asa blak aya nu mukakeun nepi ka inget deui kareuwas baréto; teg kana haté deui.[2] Ari seblak nu dimaksud kiwari nyaéta kadaharan khas Sunda nu asalna ti Bandung, Jawa Barat.[3] Seblak kiwari jadi jajanan nu dipikaresep ku barudak ogé kolotna komona mah di wewengkon Jawa Barat jeung Jabodetabek.[3] Seblak disuguhkeun di réstoran jeung warung, sarta diider dina gorobag.[3]

Harti seblak[édit | édit sumber]

Ari harti nu saujratna kecap seblak téh dipaké pikeun ngagambarkeun rasa anu nyaliara dina dada, nuduhkeun rasa haté anu ujug-ujug kagagas, rus-ras bari sakapeung ngahudang rasa kawaas.[4] Nyeblak hartina haté keur ngalaman kaseblak. Seseblakan hartina terus-terusan kaseblak.[4] Dina nyeblak sok aya ogé rasa hariwang, paur.[4] Jadi tingsareblak téh nuduhkeun kaayaan haté anu keur marojéngja.[4] Ku kituna di pilemburan anu acan apaleun kana kadaharan nu ngaranna seblak mah, nyeblak, tingsareblak, atawa seseblakan, geus tangtu ngagambarkeun rasa téa.[4] Ari seblak dina harti injeuman mah nya ngaran kadaharan téa.[4] Ku kituna kecap nyeblak jadi kecap pagawéan anu hartina ngadahar seblak.[4]

Harti seblak dina nyebutkeun kadaharan ieu, saenyana mimitina mah lain nyebutkeun ngaran kadaharan ieu nu sabenerna.[5] Teu saeutik jelema nu nganggap yén séblak téh nyaéta kurupuk konéng anu diasakan ku samara lada.[5] Padahal seblak téh nyaéta ngaran samara nu dijieun tina cikur.[5] Jadi seblak téh ngaran samara anu dijieun tina cikur dipaké ajang ngasakan kaolahan.[5]

Sajarah seblak[édit | édit sumber]

Réa jelema nu nyangka yén seblak téh asalna ti Jawa Tengah, pédah mirip jeung kurupuk godog anu geus kawentar ti taun 1940-an.[5] Sedengkeun seblak kakara raména ti taun 2000-an.[5] Ogé kacaturkeun yén seblak téh geus aya di Cianjur malah mah saacan mangsa kamerdékaan.[6] Barétona mah di Cianjur seblak téh jadi kadaharan rakyat saméméh dileleban saperti ayeuna.[6] Pangna éta kadaharan dingaranan seblak teh duméh waktu ngadaharna matak nyeblak.[4] Ku kituna, di palebah dieu mah seblak teh harti injeuman pedah rasa seblak teh lada matak reuwas.[4]

Jinis seblak[édit | édit sumber]

  • Seblak garing: seblak nu diolahna teu maké cai atawa digaringkeun, nyaéta kurupuk lada jiga basréng.[7]
  • Seblak baseuh: seblak nu diolahna dicaian atawa nguah, contona seblak makroni, seblak cékér, seblak emih baseuh, seblak tulang, seblak baso, seblak batagor, seblak aci, seblak kwétiaw, seblak somay, seblak rendang, jrd.[7]

Ngonsumsi seblak[édit | édit sumber]

Dina ngonsumsi seblak, jelema sok némbongkeun ciri-ciri kaayaan awak nu dibarengan ku seuhahna dahar seblak.[4] Bijilna késang ngagarajag saawak-awak, cimata rambay, irung ogé ngucur.[4] Sirah nu tadina jangar jadi cénghar, téténjoan ogé asa ngempray.[4]

Informasi kandungan gizi anu aya dina saporsi seblak:[8]

Ukuran Porsi: 1 porsi (200 g)
per porsi
Kilojoule 1096 kj
Kalori 262 kkal
Lemak 13,31 g
  Lemak Jenuh 2,334 g
  Lemak tak Jenuh Ganda 4,292 g
  Lemak tak Jenuh Tunggal 4,292 g
  Kolesterol 121 mg
Protein 8,15 g
Karbohidrat 31,15 g
  Serat 4,5 g
  Gula 5,49 g
Sodium 551 mg
Kalium 472 mg

Ringkesan gizi anu aya dina seblak nyaéta:[8]

13% dari AKG*

(262 kal)

*dumasar AKG tina 2000 kalori

Rincian Kalori:[8] 

Karbohidrat (45%) 

Lemak (43%) 

Protein (12%)

Karbohidrat: 31,15g (45%)[8]

Lian ti kandungan gizi éta, seblak ogé dipercaya miboga opat mangpaat pikeun kaséhatan awak, diantarana:[9]

  1. Bisa nyegah kanker: dumasar panalungtikan, dina caé téh aya hiji zat nu ngaranna kapsiasin. Sanyawa éta bisa maéhan sél-sél kanker ku nyerang bagéan mitokondria tanpa ngaruksak kana sél lianna nu sehat.[9]
  2. Bisa nyéhatkeun jantung: hiji panalungtikan némbongkeun yén cabé bisa ngaminimalkeun tarajangan jantung jeung struk. Lantaran cabé bisa ngurangan koléstrol jahat anu narajang jantung.[9]
  3. Bisa nurunkan beurat awak: lada bisa ningkatkeun métabolisme dina awak. Hal ieu disebabkeun ayana kapsaisin dina cabé, nyaéta hiji zat termogénik anu bisa nyieun awak meuleum kalori.[9]
  4. Bisa ngaleungitkeun strés: nalika keur jangar atawa loba kapusing, ngadahar kadaharan lada mémangna ogé bisa ngaleungitkeun strés. Lantaran rasa nu ngareuwaskeun dialaman ku létah sarta hormon nu ningkat nyaéta éfék tina ngadahar kadaharan lada.[9]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Suara Desa. Resep dan Cara Membuat Seblak Basah Telor Pedas Gurih Khas Bandung. Ditempona tanggal 15 Mei 2017.
  2. Dadadibrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda Karya R.A. Danadibarata.
  3. a b c Sun Javanese Food. Seblak. Ditempona tanggal 15 Mei 2017.
  4. a b c d e f g h i j k l Sunda Online. Seblak. Ditempona tanggal 15 Mei 2017.
  5. a b c d e f Merdeka. Ini dia asal usul seblak, si pedas beraroma kencur. Ditempona tanggal 15 Mei 2017.
  6. a b Picmixstory. Seblak yang Menggebrak, Cari Tahu Yuk 5 Fakta Uniknya. Ditempona tanggal 15 Mei 2017.
  7. a b CNN Indonesia. Menikmati Pedasnya Seblak Khas Bandung. Ditempona tanggal 15 Mei 2017.
  8. a b c d Fatsecret Indonesia. Seblak. Diaksesna 15 Mei 2017.
  9. a b c d e Indah Mudah. Mengapa Seblak Sehat?. Diaksesna tanggal 17 Mei 2017.