Sempur
| Sempur | |
|---|---|
| Tangkal sempur ti Srilanka | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | Plantae |
| Divisi: | Tracheophyta |
| Kulawarga: | Dilleniaceae |
| Génus: | Dillenia |
| Spésiés: | Dillenia excelsa |
| Sinonim | |
|
Dillenia obovata | |
Sempur; Dillenia indica atawa Dillenia excelsa; nyaéta ngaran hiji tangkal kai anu asalna tina kulawargga dilleniaceae.[1][2]
[3][4] Ieu tangkal mibanda kakuatan nyingareupan usum halodo tur panas, sanajan kitu kaina arang langka dimangpaatkeun pikeun bangunan alatan kurang mibanda kakuatan. [3]
Tangkal sempur loba kapanggih hirup di: Malaysia, Thailand, jeung Pilipina l
Di urang ogé kapanggih loba hirup di pulo: Sumatra, Jawa Kulon, Kalimantan, jeung Bangka. [3][4]Tutuwuhan ieu dipikawanoh ku buahna anu miboga rasa haseum anu khas.[5][6] Jonathan Rigg nyatet yén tutuwuhan ieu miboga ajén anu luhur dina kahirupan masarakat Sunda jaman harita, ku kituna namina sering dianggo janten nami tempat (toponimi), sapertos lembur Sempur di Bogor.[6]
Vérnakular
[édit | édit sumber]Dumasar kana catetan botanis, sempur miboga rupa-rupa nami lokal:[7]
- Sunda: Sempur.
- Jawa: Simpur.
- Melayu: Simpoh, simpur.
- Inggris: Elephant apple, Chulta.[7]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Tangkal sempur jangkungna bisa nepika 20 méter, sakapeung malahan bisa nepika 27 méter buleudan tangkalna (diaméter) 50-70 cm. [3]
Panjang daunna 30-50 rubakna 15-30 cm, Mangsa usum halodo daunna ngarangranga nu nyésa kari regangna wungkul. [3][4]
Kembangna konéng aya ogé anu bodas rubakna kurang leuwih 3 cm, katempo éndah mangsa keur meujeuhna mangkak ligar. [3][8]
Buahna 1,5-2 cm, kalayan bisa dipelakeun deui salaku binih pikeun ngarekahkeun. [3][9]
Kagunaan
[édit | édit sumber]Sababaraha kagunaan tangkal sempur nu geus dikanyahokeun, daunna nu geus kolot dimangpaatkeun pikeun ngahampelas, daun ngorana dimangpaatekun pikeun bahan nyieun hateup, bungkus dahareun, jeung sajabana. [3] Kulitna dipercaya bisa ngubaran sariawan, tangkalna bisa dimangpaatekun pikeun suluh, turus pepelakan, pager huma, jeung sajabana. [3]
Mangpaat
[édit | édit sumber]Dina dunya botani ékonomi, sempur miboga rupa-rupa kagunaan:
- Konstruksi: Kaina kacida kuatna sarta awét upami kakeueum ku cai, ku kituna sering dianggo pikeun tihang imah atanapi jambatan jaman baheula.[6]
- Pangan: Buahna anu haseum tiasa dijantenkeun rujak, campuran sambel, atanapi manisan.[7]
- Landong: Cai peresan buahna sering dianggo ubar batuk atanapi keur meresihan buuk (shampoo alami).[7]
Habitat jeung Sumebarna
[édit | édit sumber]Sempur ilaharna tumuwuh di sisi walungan atanapi wewengkon anu loba cai (beueus).[6] Tutuwuhan ieu sumebar ti mimiti India, Asia Tenggara, dugi ka Nusantara.[7]
- Sempur
Kembang Buah Daun Tangkal
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Karl Hasskarl, Justus (1845). Aanteekeningen over het nut, door de bewoners van Java aan eenige planten van dat eiland toegeschreven. Universitas Oxford: J. Müller. hlm. 88. Disungsi 14 April 2021
- ↑ Hoogerwerf, A. (1970). Udjung Kulon: The Land of the Last Javan Rhinoceros. Universitas Muhamadiyah Surakarta: Brill Archive. hlm. 31. Diaksés tanggal (disungsi – 20 Fébruari 2025).
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 Agus, Dwi T. Adriyanti, Atus Syahbudin, Achmad Fauzan BasoriPenerbit, Cahyono (2018). Tanaman Langka Indonesia: di KP4 UGM. UGM Pers: Dunia Pustaka Jaya. hlm. 118. ISBN 9789794208953. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Disungsi26 Desémber 2020
- 1 2 3 Rugayah, A. Martawijaya, J. Ilic, and R.H.M.J. Lemmens. 1995. Dillenia L. in R.M.H.J. Lemmens, I. Soerianegara and W.C. Wong (eds.). Timber Trees: Minor commercial timber. Plant Resources of South-East Asia (PROSEA) 5(2): 172-184.
- ↑ Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. Kaca 631.
- 1 2 3 4 Rigg, J. (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Lange & Co. Kaca 451.
- 1 2 3 4 5 Heyne, K. (1913). De nuttige planten van Nederlandsch-Indië. Batavia: Ruygrok & Co. Kaca 359.
- ↑ "Name - Dillenia L. synonyms". Tropicos. Saint Louis, Missouri: Missouri Botanical Garden. Diaksés tanggal February 20, 2010.
- ↑ GRIN (September 17, 1996). "Dillenia information from NPGS/GRIN". Taxonomy for Plants. National Germplasm Resources Laboratory, Beltsville, Maryland: USDA, ARS, National Genetic Resources Program. Diaksés tanggal February 20, 2010.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |