Lompat ke isi

Hateup

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Hateup

Hateup nyaéta bagéan pangluhurna tina imah nu nutupan wangunan.[1] Hateup datar mindeng ditutupan ku tér jeung karihkil tur disadiakuen saluran keur nyalurkeun cihujan jeung salju. Hateup bentuk lianna diwangun pikeun ngucurkeun cai sacara alami, kaasup: Di nagara séjén, Amerika utamana. Hateup imah téh sok dipulas maké tér  bahanna hateup sorangan dijieun aya tina kai , beusi galvanis, batu , aya ogé anu maké kenténg . Kadieunakeun hateup téh aya ogé anu ngagunakeun panel surya, aya dua mangpaat sagigireun ngiuhan imah ogé bisa ngahasilkeun listrik pikeun kabutuhan rumah tangga.


Hateup imah tradisional Sunda

[édit | édit sumber]

Hateup dina wangunan imah tradisional Sunda mibanda ciri anu mandiri, aya sababaraha ngaran hateup anu remen dipaké kayaning:

  1. Jolopong :Wangun suhunan jolopong mibanda ciri manjang kadua sisina, sok disebut ogé suhunan panjang /gagajahan.[2]
  2. Tagog anjing /jogog anjing :Saliwatan sarimbag kawas suhunan badak heuay, pedah dina palebah sambungan hateup jangkungna sarua henteu dibedakeun.
  3. Badak heuay : Sarimbaggan jeung tagog anjing, bedana palebah sambungan suhunan nu palebah pendokna dijangkungkeun saeutik.
  4. Parahu kumereb/Parahu nangkub :Disebut Parahu kumereb alatan suhunan wangunan limas, kawas parahu nangkub luhureun imah. [2]
  5. Capit gunting : Bédana dina palebah sambungan suhunan panjang, dijieun palang dua ngawangun gunting keur muka.
  6. Julang ngapak : Bedana dina sisi kénca jeung katuhu leuwih rubak ka sisi, sarta leuwih jangkung ka luhur palebah suhunana. [3][2]
  7. Jubleg mangkuk: <ref name=”Mua”>


Sababaraha sistem konstruksi ngabagi beurat hateup kana pinding/dinding wangunan tur mageuhan éta hateup kana struktur imah.


Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Jakarta: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  2. a b c Muanas, Dasum (1998). Arsitektur Tradisional Daerah Jawa BaratMuanas. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan RI. p. 39. ISBN - Check |isbn= value (bantuan).  Disungsi11 Juli 2023
  3. Anwar, Hendi (2013). Rumah Etnik Sunda. Universitas Michigan: Griya Kreasi. p. 19. ISBN 9789796612116.  Disungsi24 Desémber 2020