Situs Cibuaya
Situs Cibuaya dimaksudkeun ka situs arkéologis tempat kapanggihna candi jeung sababaraha titinggal arkéologis séjénna di wewengkon Désa Cibuaya, Kacamatan Cibuaya, Kabupatén Karawang, .
Géografi
[édit | édit sumber]Situs Cibuaya aya dina koordinat 107°21'25" Bujur Wétan jeung 6°5'56" Lintang Kidul. Situs ieu aya di wewengkon Tanjung Karawang, 6 km ti basisir kalér, dataran handap nu rata-rata 6 m l.b.l. nu kamiringanana 0-2%.
Ngaran Cibuaya asalna tina ngaran walungan nu huluna di kidul sarta ngamuara di Tanjung Karawang. Kiwari mah walungan Cibuaya téh lébarna ukur 5–6 m bari jeung déét nu wanci halodo mah bisa saat pisan, sabudeureunana kiwari upluk-aplak pasawahan.
Ajén sajarah
[édit | édit sumber]Dibukana ieu situs dimimitian ku kapanggihna arca Wisnu taun 1951-an, dituturkeun ku kapanggihna arca lianna taun 1957 jeung 1977. Satutasna arca-arca ieu, lajeng kapendak deui ruruntuk wangunan bata di hiji tempat nu ku masarakat katelah Lemah Duhur Lanang, teu jauh ti tempat kapanggihna arca Wisnu nu munggaran. Nepi ka taun 1993, ruruntuk wangunan nu geus kapanggih aya tujuh lokasi.
Lemah Duhur Lanang
[édit | édit sumber]Wangunan di Lemah Duhur Lanang (kode CBY I) ieu munggaran digali taun 1957, ngahasilkeun wangunan bata pasagi 9x9,6 m nu jangkungna 2 m. Ayana penampil di sisi kalér nunjukkeun yén ieu wangunan nyanghareup ka kalér. Di tengahna kiwari geus dipasang lingga nu asalna ngagolér di sisi, ukuranana 111 cm (jangkung) x 40 cm (diaméter). Bentuk linggana kagolongkeun lingga semu, sabab teu mibanda bagian nu segi dalapan (Wisnu bhaga). Nu aya ukur pasagi (brahmabhaga) jeung buleud (rudrabhaga). Ku ayana arca Wisnu ieu, bisa dipastikeun yén wangunan nu kapanggih téh mangrupa titinggal candi Hindu.
Lemah Duhur Wadon
[édit | édit sumber]Wangunan di Lemah Duhur Wadon (kode CBY II) munggaran digali taun 1977, lajeng digali deui taun 1985. Wangunan CBY II bentukna pasagi ukur 3,5x3,5 m, ngan hanjakal kaayaanana geus ancur. Pondasi wangunan ieu dijieun tina campuran beubeulahan bata, batu walungan, keusik, jeung taneuh lempung sawah.
CBY III
[édit | édit sumber]Wangunan CBY III kagali taun 1993, 400 m béh kidul-wétaneun CBY II, ukuranana pasagi 4,35x4,45 m. Lapisan bata nu aya kénéh jangkungna 75 cm (15 lapis bata).
CBY IV
[édit | édit sumber]Wangunan CBY IV kapanggih taun 1994, 6 m kaléreun CBY III. Ukuranana pasagi 3,4x4,5 m nyanghareup kulon-wétan.
Rujukan
[édit | édit sumber]- Bambang Budi Utomo. 2004. Arsitektur Bangunan Suci Masa Hindu-Budha di Jawa Barat. Kementrian Kebudayaan dan pariwisata, Jakarta. ISBN 979-8041-35-6