Surén
Pidangan
| Surén | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | T. Sureni Merr. |
Surén, Ki Beureum (Toona sureni) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tangkal umur panjang tina kulawarga Meliaceae.[1] Spésiés tutuwuhan ieu sumebar alami di Nepal, India, Bhutan, Myanmar, Indocina, Cina kidul, Thailand sapanjang kulon jeung Malaysia ka New guinéa.[2] Di Indonésia, tangkal ieu kapanggih di Sumatera, Jawa jeung Sulawesi.[2] Surén mangrupa tutuwuhan nu gancang jadi jeung kaina bisa dipaké pikeun dijieun papan jeung bahan wangunan paimahan, peti jsb.[3] Bagian tangkal surén hususna kulit kai jeung daunna bisa dimangfaatkeun minangka bahan obat tradisional saperti tonik, obat diaré, jeung anti biotik.[3]
Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ (id)Surian (diakses 6 Maret 2016)
- 1 2 (id)Toona sureni Archived 2007-02-21 di Wayback Machine (diakses 6 Maret 2016)
- 1 2 (id)Reporsitory Universitas Sumatera utara[tumbu nonaktif] (diakses 6 Maret 2016)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |