Taman Nasional Ujung Kulon
| Taman Nasional Ujung Kulon* | |
|---|---|
| Loka Warisan Dunya UNESCO | |
| Nagara | |
| Tipeu | Natural |
| Kriteria | vii, ix |
| Rujukan | 608 |
| Wewengkon† | Asia-Pasifik |
| Sajarah inskripsi | |
| Inskripsi | 1991 (Sési ka-15) |
| * Ngaran saperti nu diterangkeun dina Daptar Warisan Dunya. † Wewengkon saperti nu diklasifikasikeun ku UNESCO. | |
Taman Nasional Ujung Kulon nyaéta taman nasional nu perenahna di tungtung kulon Jawa, Indonesia. Ujung Kulon ngawengku jumplukan kapuloan vulkanik Krakatoa jeung kapuloan liana kaasup Panaitan, Handeuleum jeung Peucang. Taman ieu legana 1,206 km² (443 km² cai), nu lolobanaana ngampar di hiji semenanjung/Ancol nu yolongodor ka Samudra India. Wewengkon daratna baheulana mangrupa wewengkon keur tatanén tepi ka populasina béak taun 1883 nalika bituna Krakatoa nu satuluyna balik deui kana kaayaan aslina mangrupa leuweung.
Kaistimewaan
[édit | édit sumber]Ieu kawasan mangrupa taman nasional munggaran di Indonésia sarta ditetepkeun salaku Situs Warisan Dunya (World Heritage Site) ku UNESCO dina taun 1992, lantaran miboga leuweung hujan tropis (rainforest) dataran landeuh anu panglegana di Pulo Jawa.[1] Salian ti éta, kawasan ieu ogé jadi salah sahiji ti dua tempat panyalindungan pikeun sato anu kaancam punah, nyaéta Badak Jawa.[2]
Populasi badak di Ujung Kulon aya sakitar 50 nepi ka 60 ékor, sedengkeun populasi anu leuwih saeutik (sakitar 10 ékor atawa kurang) aya di Taman Nasional Cat Tien, Vietnam.[3] Taman nasional ieu nangtayungan 57 spésiés tutuwuhan langka. Aya 35 spésiés mamalia anu ngawengku Banténg, Owa Jawa (Silvery Gibbon), Lutung Jawa (Javan Lutung), Monyét (Crab-eating Macaque), Maung Tutul (Leopard), ''Peucang'' (Java Mouse-deer), sarta Uncal (Rusa Deer).[4] Aya ogé 72 spésiés réptil jeung amfibi, sarta 240 spésiés manuk.[5]
Fasilitas jeung Palayanan
[édit | édit sumber]
Ijin pikeun asup ka taman nasional sayagi di kota Labuan, nyaéta di kantor Balai Taman Nasional. Kantor lianna ogé aya di Tamanjaya.[4] Pikeun pameuleuman atawa akomodasi, sayagi di Pulo Handeuleum jeung Pulo Peucang.[2]
Tempo ogé
[édit | édit sumber]| Portal Portal Portal Portal |
Tumbu luar
[édit | édit sumber]- Ujung Kulon National Park at UNESCO World Heritage website.
- Official website Archived 2009-06-21 di Wayback Machine (Indonésian)
Citakan:World Heritage Sites in Indonesia
6°45′S 105°20′E / 6.750°S 105.333°E
- ↑ UNESCO World Heritage Centre. Ujung Kulon National Park.
- 1 2 IUCN. Protected Areas: Ujung Kulon.
- ↑ GBIF.org. Biodiversity in Ujung Kulon[tumbu nonaktif].
- 1 2 Kamentrian Lingkungan Hidup jeung Kehutanan. Profil Taman Nasional Ujung Kulon.
- ↑ NCBI. Taxonomy Browser: Ujung Kulon Fauna.