Tuberkulosis

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kultur baktéri Mycobacterium tuberculosis, penyebab TB

Tuberkulosis (ilahar disebut TBC atawa TB) téh panyakit inféksi alatan baktéri Mycobacterium tuberculosis, nu utamana narajang bayah (TB pulmonal), tapi bisa ogé narajang sistem saraf pusat (méningitis), sistim limfe, sistim sirkulasi (miliary tuberculosis), tulang, jeung sendi.

Tuberkulosis mangrupa salah sahiji panyakit inféksi pangbahayana. Laporan WHO taun 2004 nyebutkeun yén ieu panyakit téh narajang 14,6 juta urang di sakuliah dunya.[1]. Dina sataunna, ieu baktéri narajang 9 juta jalma sarta nelasan 2 juta jiwa anu aya di nagara nu keur mekar. Di nagara-nagara maju, nu katarajang ieu panyakit téh biasana mah alatan sistem imunna anu lemah, utamana alatan ubar imunosuprésif atawa inféksi HIV.

Sabenerna mah, méh sapertilu manusa pangeusi dunya téh geus kainféksi baktéri TB, tapi nu terus gering mah ukur 10%. Nu ngéléhkeun TB téh ukur malaria, nu nelasan 2-3 juta jalma unggal taun.

Jenis tuberkulosis[édit | édit sumber]

Aktivitas baktéri[édit | édit sumber]

Tuberkulosis dibagi jadi dua wanda, nyaéta:[2]

  • TB Laten nyaéta mangrupa bentuk non-aktif tina ieu panyakit, ku sabab sistem kawedelab awakna bisa ngalawan bakteri TB.[2] Jalma nu miboga TB laten moal ngarasakeun kasakit ieu salila TB laten teu jadi aktif, jeung deuih TB laten mah teu nular ka jalma anu lian.[2]
  • TB Aktif , TB Aktif karandapan waktu bakteri meunang ngalawan sistem kawedelan awak, nu tuluy ngabalukarkeun panyakit.[2] Waktu bakteri ngainféksi bayah, TB aktif bisa gancang sumebar tépa ka batur.[2]

Tempat Infeksi[édit | édit sumber]

TB ogé bisa dibagi dumasar kana tempat inféksina. [2]

  • TB Bayah, ieu mangrupa wanktu anu nuduhkeun bakteri kapanggih dina bayah.[2] Hal éta ngabalukarkeun bahaya pikeun nu séjén sabab bisa nularkeun ieu panyakiy ka jalma séjénna ngaliwatan napas, batuk atawa ciduh.[2]
  • TB Ekstra Bayah, lamun bakteri TB tumuwuh dina bagian nu séjén tina awak, ieu panyakif babari sumebar kawas anu dialaman ka bayah.[2]

Gejala jeung Diagnosis[édit | édit sumber]

Gejala[édit | édit sumber]

Umumna baktéri tuberkulosis tumuwuh dina bayah manusa. Pasién anu kaserang ku tuberkulosis miboga gejala saperti batuk dina jangka waktu 3 minggu atawa leuwih, nyeri dada jeung reuhak anu ngandung getih[3].

Diagnosis[édit | édit sumber]

Panyakit TB bisa didagnosis maké sababaraha metode atawa cara, diantarana kondisi sistem napas pasén, uji darah, sareng radiografi. Dina uji sistem napas pasén, pasén anu kaserang TB ngagaduhan napas anu ditandaan ku frémitus tur sora napas anu kadangu kasar. Pasén TB umumna miboga dominasi limfosit dina uji jumlah sél getih bodas. Diagnosis radiografi dipaké keur nwmpo kondisi bayah pasién alatan TB. Pasién TB miboga ciri khas nyaéta dina bagian lobus luhur atanapi ségmen superior lobus handap.[4].

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. World Health Organization (Maret 2006). "Tuberculosis Fact sheet N°104 - Global and regional incidence". 
  2. a b c d e f g h i DocDoc. "Apa itu Tuberkulosis: Gejala, Penyebab, Diagnosis, dan Cara Mengobati - Informasi Medis di DocDoc". www.docdoc.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2017-12-20. 
  3. CDC. "TB Symptoms & Risk Factors". Centers for Disease Control and Prevention (dalam en-us). Diakses tanggal 2019-11-06. 
  4. Wells, Barbara G.,; DiPiro, Joseph T.,; Schwinghammer, Terry L.,; DiPiro, Cecily V.,. Pharmacotherapy handbook (Ninth edition ed.). New York. ISBN 9780071821285. OCLC 871305241.