Méningitis

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Meningitis
Klasifikasi jeung sumber luar
Meninges sistem saraf pusat: dura mater, arachnoid, jeung pia mater.
ICD-10 G00.G03.
ICD-9 320322
DBPanyakit 22543
MedlinePlus 000680
eMedicine med/2613  emerg/309 emerg/390
MeSH D008581

Méningitis atawa radang lapisan uteuk nyaéta radang mémbran anu nutupan uteuk jeung sumsum tulang tonggong anu sacara koléktif disebut meningén. [1] Radang anu karasa bisa disababkeun ku inféksi virus, baktéri, mikroorganismeu, jeung pagaruh obat-obatan anu tangtu.[2] Méningitis bisa nyababkeun tilar dunya alatan radang anu lumangsung dina uteuk jeung sumsum tulang tonggong téh kaasup kaayaan darurat médis.[3]

Gejala méningitis anu umum nyaéta nyeri sirah jeung beuheung kaku dibarengan muriang, kabingungan atanawa turunnakasadaran, utah, sénsitip kana cahaya (photophobia) jeung sora anu tarik ( phonophobia). Barudak anu kaleunaan biasana ukur nuduhkeun gejala anu teu spésifik, saperti gancang ambek jeung ngaleyuh waé tunduh. Ciri lianna ayana barentus atawa ruam beureum nu disababkeun ku baktéri meningokokus. [1] [4]

Tindakan punksi lumbal dilakukeun pikeun ngadiagnosa aya henteuna méningitis. Jarum disuntikkeun kana kanal tulang tonggong keur nyokot cacai liquor serebrospinalis (LCS), anu nutupan uteuk jeung sumsum tulang tonggong. LCS dipariksa di laboratorium médis.[3] Tahap ngubaran anu munggaran keur panyakit méningitis nyaéta gancang méré antibiotik jeung obat antivirus . Kortikosteroid ogé bisa dipaké keur ngungkulan komplikasi kusabab radang anu kaleuleuwihi.[4] Méningitis bisa ngabalukarkeun gangguan dina jangka waktu anu lila saperti pireu, épilépsi, hidrokusphus jeung défisit kognitif lamun henteu gancang dirawat. [1] Sababaraha wanda méningitis (misal anu patali jeung meningokokus, Haemophilus influenza tipe B, pneumokokus atawa inféksi virus mumps) bisa diungkulan ku imunisasi.[5]

Faktor[édit | édit sumber]

Méningitis mindeng disababkeun ku inféksi mikroorganisme. Lolobaba inféksi disababkeun ku virus, [6] baktéri, supa jeung protozoa anu mangrupa faktor tambahan. [2] Teu nutup kamungkinan ieu panyakit disababkeun ku faktor non-inféksi. Istilah méningitis aséptik tujul kana kasus meningitis anu disababkeun inféksi baktéri. Ieu jenis méningitis biasana disababkeun ku virus, tapi éta ogé bisa mangrupa inféksi baktéri waktu geus diubaran sacara parsial, ngaleungit tina meningés, atawa patogén parantos ngainféksi daérah caket meningén (misal sinusitis). Endokarditis (inféksi katup jajantung anu nyebarkeun sakumpulan baktéri leutik ngaliwatan aliran getih) bisa nyababkeun méningitis aséptik. Méningitis aséptik ogé bisa timbul tina inféksi jeung spirochete, wanda baktéri anu kaasup kana Treponema pallidum (anu nyababkeun sipilis) jeung Borrelia burgdorferi (anu nyababkeun panyakit Lyme ). Méningitis bisa kapanggih dina panyakit malaria uteuk (malaria anu nginféksi otak) atawa méningitis amubik anu disababkeun ku inféksi amoeba saperti Naegleria fowleri, anu dibawa tina sumber cai sapooé.[7]

Ngungkulan[édit | édit sumber]

Keur sababaraha kasus méningitis, panyalindungan jangka panjangna bisa ngagunakeun vaksinasi atawa jangka pondokna bisa ngagunakeun antibiotik.

Paripolah[édit | édit sumber]

Meningitis baktéri jeung virus bisa tatalépa tapi prosésna teu sagancang flu. Duanana bisa tatalépa sékrési anu ngeclak waktu kontak jeung nu kakeunaan saperti nyabak, nyium, batuk, tapi henteu bisa tatalépa ku nyingreup hawa deukeut jalma anu méningitis. Meningitis virus biasana disababkeun ku enterovirus anu sumebar ngaliwatan kontaminasi kokotor. Résiko inféksi bisa dikurangan ku cara ngarobah paripolah anu ngajauhan tatalépna.[8]

Vaksinasi[édit | édit sumber]

Ti saprak 1980-an, loba nagara geus ngalaksanakeun imunisasi keur ngalawan Haemophilus influenzae dina program vaksinasi keur barudak leutik anu rutin. Vaksinasi sacara praktis bisa ngaleungitkeun wanda patogén anu nyababkeun méningitis barudak leutik di sababaraha nagara. Di nagara-nagara anu tingkat panyakitna luhur, ieu vaksin kaasup mahal teuing. [9] [10] Kitu ogé, imunisasi ngalawan panyakit mumps geus ngurangan jumlah kasus méningitis mumps, anu saacan vaksinasi kajadian 15% tina sakabéh kasus méningitis mumps. [11]

Vaksinasi rutin keur ngalawan Streptokokkus pneumonia ku vaksin pneumokokal konjugat (PCV), anu aktip ngalawan tujuh serotipe umum ieu patogén, geus ngurangan nu kakeunaan méningitis pneumokokal. [9] [12] Vaksin pneumokokus polisakarida, anu kaasup 23 wanda, ngan dibikeun ka sababaraha kelompok wungkul (jalma anu kakeunaan splenektomi, keur ngaleungitkeun kawaya ngaliwatan operasi). Ieu vaksin henteu bisa nambahan kakuatan imun sakabéh anu divaksin utamana keur budak leutik. Vaksinasi keur barudak ngagunakeun Bacillus Calmette-Guérin geus dilaporkeun bisa ngurangan tingkat méningitis tuberkulosis sacara signifikan, tapi épéktipitasna nyirorot keur jalma anu sawawa. Ku kituna, vaksin anu leuwih hadé kudu ditalungtik deui.[13]

Sejarah[édit | édit sumber]

Sababaraha literatur nuduhkeun yén Hippocrates geus apaleun kana panyakit méningitis. [6] Meningismeu geus dipikaapal ku dokter saacan jaman Renaisans utamana ku tokoh Avicenna. [14] Katerangan ngeunaan méningitis tuberkulosis anu harita dipikawanohedema dina uteuk geus dipatalikeun jeung dokter Edinburgh Sir Robert Whytt dina laporan posthumous anu muncul taun 1768, sanajan patali antara tuberkulosis jeung patogénna henteu dijieun nepi ka abad satuluyna. [15]

Harita, méningitis téh mangrupa panyakit anyar. [16] Wabah utama anu mimiti muncul di Jenéwa taun 1805.[17] Sababaraha epidemi lain muncul di Éropa atawa di Amérika Serikat, tapi laporan mimiti epidemi téh ayana di Afrika taun 1840. Epidemi di Afrika leuwih mindeng dina abad ka-20 , dimimitian ku épidem utama di Nigeria jeung Ghana taun 1905-1908. Laporan munggaran tina inféksi baktéri anu nyababkeun meningitis nyaéta ku ahli bakteriologi Austria Anton Weichselbaum, dina taun 1887 ngajelaskeun meningokokus. [18] Mortalitas tina méingitis luhur pisan (leuwih ti 90%) dina laporan anu geus didadarkeun. Dina taun 1906, antiserum dihasilkeun dina kuda anu satuluyna dimekarkeun ku élmuwan Amérika Simon Flexner jeung sacara nyata nurunkeun mortalistas panyakit meningokokus. [19] [20] Dina 1944, pénisilin mimiti dilaporkeun épéktip keur ngubaran méningitis. [21] Tuluy diwanohkeun vaksin Haemophilus dina ahir abad ka-20 nyababkeun kaus méningitis patogén turun sacara signifikan. [10] Taun 2002, aya bukti nu nuduhkeun yén ngubaran méningitis baktéri ku stéroid bisa nyageurkeun kalayanan sampurna. [22] [23]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Sáez-Llorens X, McCracken GH (2003). "Bacterial meningitis in children". Lancet 361 (9375): 2139–48. doi:10.1016/S0140-6736(03)13693-8. PMID 12826449. 
  2. a b Ginsberg L (2004). "Difficult and recurrent meningitis". Journal of Neurology, Neurosurgery, and Psychiatry 75 Suppl 1 (90001): i16–21. doi:10.1136/jnnp.2003.034272. PMC 1765649. PMID 14978146. http://jnnp.bmj.com/content/75/suppl_1/i16.full.pdf. 
  3. a b Tunkel AR, Hartman BJ, Kaplan SL, Kaufman, Bruce A., Roos, Karen L., Scheld, W. Michael, Whitley, Richard J. (2004). "Practice guidelines for the management of bacterial meningitis". Clinical Infectious Diseases 39 (9): 1267–84. doi:10.1086/425368. PMID 15494903. http://cid.oxfordjournals.org/content/39/9/1267.full.pdf. 
  4. a b van de Beek D, de Gans J, Tunkel AR, Wijdicks EF (2006). "Community-acquired bacterial meningitis in adults". The New England Journal of Medicine 354 (1): 44–53. doi:10.1056/NEJMra052116. PMID 16394301. 
  5. Sáez-Llorens X, McCracken GH (June 2003). "Bacterial meningitis in children". Lancet 361 (9375): 2139–48. doi:10.1016/S0140-6736(03)13693-8. PMID 12826449. 
  6. a b Attia J, Hatala R, Cook DJ, Wong JG (1999). "The rational clinical examination. Does this adult patient have acute meningitis?". Journal of the American Medical Association 282 (2): 175–81. doi:10.1001/jama.282.2.175. PMID 10411200. 
  7. Ginsberg L (March 2004). "Difficult and recurrent meningitis". Journal of Neurology, Neurosurgery, and Psychiatry 75 Suppl 1 (90001): i16–21. doi:10.1136/jnnp.2003.034272. PMC 1765649. PMID 14978146. http://jnnp.bmj.com/content/75/suppl_1/i16.full.pdf. 
  8. "CDC – Meningitis: Transmission". Centers for Disease Control and Prevention (CDC). August 6, 2009. Diakses tanggal 18 June 2011. 
  9. a b Segal S, Pollard AJ (2004). "Vaccines against bacterial meningitis". British Medical Bulletin 72 (1): 65–81. doi:10.1093/bmb/ldh041. PMID 15802609. http://bmb.oxfordjournals.org/content/72/1/65.full.pdf. 
  10. a b Peltola H (2000). "Worldwide Haemophilus influenzae type b disease at the beginning of the 21st century: global analysis of the disease burden 25 years after the use of the polysaccharide vaccine and a decade after the advent of conjugates". Clinical Microbiology Reviews 13 (2): 302–17. doi:10.1128/CMR.13.2.302-317.2000. PMC 100154. PMID 10756001. http://cmr.asm.org/content/13/2/302.full.pdf. 
  11. Logan SA, MacMahon E (2008). "Viral meningitis". BMJ (Clinical research ed.) 336 (7634): 36–40. doi:10.1136/bmj.39409.673657.AE. PMC 2174764. PMID 18174598. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=2174764. 
  12. Weisfelt M, de Gans J, van der Poll T, van de Beek D (2006). "Pneumococcal meningitis in adults: new approaches to management and prevention". Lancet Neurol 5 (4): 332–42. doi:10.1016/S1474-4422(06)70409-4. PMID 16545750. 
  13. Segal S, Pollard AJ (2004). "Vaccines against bacterial meningitis". British Medical Bulletin 72 (1): 65–81. doi:10.1093/bmb/ldh041. PMID 15802609. http://bmb.oxfordjournals.org/content/72/1/65.full.pdf. 
  14. Arthur Earl Walker, Edward R. Laws, George B. Udvarhelyi (1998). "Infections and inflammatory involvement of the CNS". The Genesis of Neuroscience. Thieme. pp. 219–21. ISBN 1-879284-62-6. 
  15. Whytt R (1768). Observations on the Dropsy in the Brain. Edinburgh: J. Balfour. 
  16. Greenwood B (2006). "100 years of epidemic meningitis in West Africa – has anything changed?" (PDF). Tropical Medicine & International health: TM & IH 11 (6): 773–80. doi:10.1111/j.1365-3156.2006.01639.x. PMID 16771997. http://onlinelibrary.wiley.com/doi/10.1111/j.1365-3156.2006.01639.x/pdf. 
  17. Vieusseux G (1806). "Mémoire sur le Maladie qui a regne à Généve au printemps de 1805" (dalam bahasa French). Journal de Médecine, de Chirurgie et de Pharmacologie (Bruxelles) 11: 50–53. 
  18. Weichselbaum A (1887). "Ueber die Aetiologie der akuten Meningitis cerebro-spinalis" (dalam bahasa German). Fortschrift der Medizin 5: 573–583. 
  19. Flexner S (1913). "The results of the serum treatment in thirteen hundred cases of epidemic meningitis". J Exp Med 17 (5): 553–76. doi:10.1084/jem.17.5.553. PMC 2125091. PMID 19867668. http://jem.rupress.org/content/17/5/553.full.pdf. 
  20. Swartz MN (2004). "Bacterial meningitis—a view of the past 90 years". The New England Journal of Medicine 351 (18): 1826–28. doi:10.1056/NEJMp048246. PMID 15509815. 
  21. Rosenberg DH, Arling PA (1944). "Penicillin in the treatment of meningitis". Journal of the American Medical Association 125 (15): 1011–17. doi:10.1001/jama.1944.02850330009002.  reproduced in Rosenberg DH, Arling PA (1984). "Penicillin in the treatment of meningitis". Journal of the American Medical Association 251 (14): 1870–6. doi:10.1001/jama.251.14.1870. PMID 6366279. 
  22. Brouwer MC, McIntyre P, de Gans J, Prasad K, van de Beek D (2010). Van De Beek, Diederik. ed. "Corticosteroids for acute bacterial meningitis". Cochrane Database of Systematic Reviews (9): CD004405. doi:10.1002/14651858.CD004405.pub3. PMID 20824838. CD004405. 
  23. de Gans J, van de Beek D (2002). "Dexamethasone in adults with bacterial meningitis" (PDF). The New England Journal of Medicine 347 (20): 1549–56. doi:10.1056/NEJMoa021334. PMID 12432041. http://www.nejm.org/doi/pdf/10.1056/NEJMoa021334.