Umar bin Khattab
Umar bin Khattab nyaéta salah saurang sohabat Rosul nu kaasup kana khulafaur Rasyidin, khalifah kadua sabada Abu Bakar Ash Shiddik.[1] Umar Bin Khatab nyaéta salah sahiji Khulafaur Rasyidin anu mingpin kakhalifahan Islam sabada maotna Rasululloh Muhammad SAW.[2] Umar menjadi khalifah kedua anu ngagantikeun Abu Bakar[2]. Sosok Umar bin Khatab di golongan bangsa Arab katélah ku kawantéranna, kategesanna, jeung kateguhan jiwana.[2] Anjeuna nyaéta pendukung, pangikut utama dakwah Nabi Muhammad SAW.[2] Khalifah Umar asalna tina bani Adi, salah sahiji bagéan suku Quraisy.[2]
Biografi
[édit | édit sumber]Umar lahir di Mekah tina kulawarga Bani Adi, nu mibanda tanggung jawab dina ngurus perkara arbitrase antara suku-suku. Bapana nyaéta Khattab bin Nufail, jeung indungna nyaéta Hantamah binti Hisyam, anu asalna tina suku Bani Makhzum. Waktu ngora, Umar biasa ngurus onta bapana di pasir-pasir deukeut Mekah. Bapana dipikawanoh ku kapinteranna di antara suku-sukuna. Umar sorangan kungsi ngomong, "Bapa kaula, al-Khattab, nyaéta jalma nu bengis. Anjeunna biasa nyieun kaula getol gawé; lamun kaula henteu gawe, anjeunna biasa ngahukum kaula jeung sering nyieun kaula kacapéan."[3]
Sanajan maca jeung nulis henteu ilahar di Arabpra-Islam, Umar diajar maca jeung nulis nalika anjeunna ngora. Sanajan lain pujangga, anjeunna kembangkeun rasa cinta ka puisi jeung sastra. Numutkeun tradisi kaum Quraisy, nalika masih rumaja, Umar diajar seni bela diri, numpak kuda, jeung gulat. Anjeunna jangkung, kuat sacara fisik, sarta kasohor salaku petarung. Anjeunna ogé mangrupakeun juru pidato berbakat anu ngaganti bapana salaku panengah antara suku-suku.
Umar jadi padagang sarta ngalakukeun sababaraha perjalanan ka Romawi Bizantium jeung Pérsia Sasaniyah, di mana anjeunna disebut-sebut kungsi patepung jeung sababaraha sarjana sarta nalungtik kahirupan masyarakat Romawi jeung Pérsia. Tapi, salaku padagang, anjeunna henteu suksés. Saperti jalma séjén di sabudeureunana, Umar remen nginum dina mangsa pra-Islamna.
Umar bin Khattab bin Nafiel bin Abdul Uzza atawa anu leewih dikenal Umar bin Khattab (586 - November 644) (Basa Arab: عمر ابن الخطاب) nyaéta salah saurang sahabat Nabi Muhammad ogé khalifah kedua Islam (634-644).[4]
Umar digumelarkeun di kota Mekkah tina suku Bani Adi, salah sahiji rumpun suku Quraisy, suku pang gedéna di kota Mekkah basa éta.[4] Bapana Khattab bin Nufail Al Shimh Al Quraisyi jeung indungna Hantamah binti Hasyim.[4] Umar miboga julukan anu dibéré ku Muhammad nyaéta Al-Faruk nu hartina jelma nu bisa ngabédakeun antara bener jeung batil.[4]
Kaluwarga Umar kaasup kana Kaluwarga kelas tengah, anjeunna bisa maca jeung nulis, anu nalika harita mangrupa hal anu langka. Umar ogé dikenal ku sabab fisikna nu kuat di mana anjeunna jadi juara gulat di Mekkah.[4]
Kasang Tukang
[édit | édit sumber]Saméméh asup Islam, Umar bin Khattab kaasup jalma nu paling dipikasieun ti kaum Quraisy.[1] Umar babar ti kaum Quraisy turunan Bani Adi.[1] Ngaran lengepna nyaéta, Umar bin al-Khattab bin Nufail bin Abdil Uzza, ramana Al-Khattab bin Nufail bin Abdil Uzza, sedengkeun indungna Hantamah binti Hasyim bin al-Mughirah.[1]
Mimitina, Umar nolak kana ajaran Islam, anjeunna asup Islam dina taun 615.[5] Harita anjeunna rék indit ka imah Rosul bari mamawa pedang, ngan anjeunna teu jadi lantaran ngadéngé kabar yén adina Fatimah binti Khattab jeung salakina, Said bin Zaid geus asup Islam.[1] Umar asup Islam sabada anjeunna maca lembaran nu eusina Surat Thaha.[1]
Rujukan
[édit | édit sumber]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |