Wahdi Sumanta

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Wahdi Sumanta nyaéta Juru lukis naturalis. Minat manéhna kana ngalukis téh geus katempo ti saprak di HIS. Saenggeus manéhna lulus di HIS tuluy diajar ka Abdullah Suryosubroto (Abdullah Soerjosoebroto), nyaéta bapa Juru lukis Basuki Abdullah salila sababaraha bulan ku lantaran dukungan ti Dr. Kadmirah anu ningali kabisa anu dipibogana. Tuluy manéhna ngembangkeun kabisa éta ku cara latihan babarengan jeung Juru Lukis Affandi nu mangsa éta cicing di Gang Wangsareja, Bandung. Salian Affandi Juru lukis lianna nu sok ngalukis babarengan téh nyaéta Barli Sasmitawinata, Sudarso jeung Héndra Gunawan. Taun 1946, mangsa Bandung diréh ku Belanda, Wahdi ngungsi ka Sumedang, balik deui taun 1951. Salila di pangungsian manéhna teu ngalukis pisan. Sanepina di Bandung Manéhna ngagabungkeun manéh jeung Himpunan Juru Lukis Bandung St. Lucas Glide nu dipimpin ku dokter kabangsaan Austria. Anggota lianna nu ti pribumi nyaéta Barli, Kérton Sujana, Rudiyat, jeung Suwaryono (Soewarjono). Himpunan éta netep tiap taunna ngayakeun pameran, minimal dua kali, biasana di ayakeun di Gedung YPK. Kulantaran kasusah hirup jadi Juru Lukis, Wahdi pernah ngalamar jadi guru Sakola Rakyat tuluy ditarima, tapi mung tahan dua taun. Manéhna tuluy muka toko mebel anu dingarangan "Sri Tunggal" di Cicadas. Parusahaan éta tuluy maju kalintang alusna, nepi ka manéhna bisa meuli sawidang taneuh di Kiaracondong anu akhirna di tempat éta diwangun "Sanggar Sangkuriang". Dina taun 1970, budak cikalna kamusibahan, motorna tabrakan jeung mobil, anu dampakna salila sataun kudu di opname di Rumah Sakit. Parusahaanna jadi mundur. Tah, dina mangsa éta Wahdi panggih deui jeung Affandi anu ngadukung manéhna pikeun nuluykeun ngalukis. saenggeus diajak ku Affandi nguliling ka sababaraha sanggar juru lukis di Yogyakarta jeung Bali, Wahdi ngalukis deui tapi netep dina gayana anu naturalis.[1]

Lalampahan Karir[édit | édit sumber]

Taun 1975, manéhna jeung Affandi, Barli, ogé Sudarso ngayakeun pameran babarengan jeung sponsor Dewan Kasenian Jakarta di TM. Taun 1976 manéhna ngayakeun pameran tunggal anu disponsoran ku Ayip Rosidi di Balai Budaya Jakarta. Taun 1977 ngayakeun pameran tunggal di TIM di sponsoran ku DKJ. Taun 1975 saenggeus bérés ngayakeun pameran babarengan, manéhna ngaresmikeun "Sanggar Sangkuriang". Taun 1979, ku lantaran usaha Ramadhan K.H., Wahdi pernah Ngunjungan Éropa, anu dijadikeun kasempetan ku manéhna pikeun ningalian lukisan klasik di musium-musium.[2]

Daftar Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431. 
  2. Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.