Lompat ke isi

Warung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Warung di Indihiang Jaman Baheula

Warung nyaéta usaha leutik milik kulawarga anu wangunn mangrupa kios/ toko leutik atawa réstoran basajan.[1] Warung téh bagian penting dina kahirupan sapopoé.[1] Istilah warung aya ogé di Malaysia.[1]

Barang anu dijual di warung

[édit | édit sumber]

Rupa-rupa warung, umumna wangunna toko leutik saperti roda anu maké suhunan, ngajual inuman, és bon-bon, roko, kurupuk jeung rupaning kaperluan sapopoé.[2] Warung anu ngajual dahareun umumna ngajual rupaning goréngan, kopi.[2] Lian ti ngajual dahareun has Indonésia, warung-warung ogé ngajual dahareun has Asia, dahareun saperti sangu goréng, emih goréng. Warung anu ngajual dahareun ti nagara-nagara kulon ogé aya, saperti ngajual roti, panekuk, sop, beuleum lauk, stéak, pizza, jeung réa-réa dei. Istilah "warung" ogé nunjul kana kedai.[2]


Rupa-rupa warung:

  1. Warung nasi, warung nu ngajual sangu jeung deungeunna samodél restoran leutik.
  2. Warung kopi, warung nu ngajual kopi jeungkuéh-kuéh saperti goréngan, pisang goréng, atawa buah- buah seger.
  3. Warung roko, warung anu ngajual roko, permén, minuman ringan, kurupuk jeung dahareun séjénna, sarta kabutuhan sapopoe.
  4. Warung Tegal, warung nasi has Tegal
  5. Warung Internet, warung anu nyéwakeun komputer sangkan nyambung kana internet
  6. Warung télékomunikasi, warung anu nyéwakeun sambungan telepon

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c Suwondo, Dodo (2018). Pangajaran Basa Jeung Sastra Sunda: Panuyun Sangkan Bisa Ngajarkeun Basa. Jakarta: Penerbit YNHW. p. 26. ISBN 9786025069314. Diakses tanggal (disungsi – 7 Péb 2021). 
  2. a b c Rosidi, Ajip (2010). Jejak langkah urang Sunda: 70 tahun Ajip Rosidi. Jakarta: Universitas Michigan. p. 453. ISBN 9786025069314. Diakses tanggal (disungsi – 7 Péb 2021).