Dano Toba

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Dano Toba

Dano Toba nya éta salah sahiji dano nu panggedéna sadunya, sarta nu panggedéna tur pangkakoncarana di Indonésia.[1] Panjangna 100 kilométer, lébarna 30 kilométer, saking ku gedéna Dano Toba mah siga sagara.[1] Ditengah-tengah Dano Toba aya pulo leutik ngaranna Pulo Samosir.[1][2] Dumasar panalungtikan ti Universitas Teknologi Michigan Amérika Serikat, baheula 75.500 taun katukang, di sabudeureun wewengkon Dano Toba aya gunung bitu anu ngabalukarkeun musnahna manusa, sato, jeung tutuwuhan di sabudeureunana, batuan tur lebu vulkanikna sumebar nepi ka 2000mmjauhna tur ngabalukarkeun daérahna poék katutupan ku lebu vulkanik.[1] Tapak bituna éta gunung téh jadi kawah anu gedé tur lila kalilaan kaeusian cai jadi dano.[1] Dano Toba perenahna di sababaraha kabupatén, nya eta Kabupatén Simalungun, kabupatén Samosir, kabupatén Tapanuli Utara, kabupatén Humbang Hasundutan, kabupatén Karo, kabupaten Dairi, Sumatera Utara.[1] Ieu dano téh mangrupa tempat wisata anu kumplit, aya wisata alam, wisata spiritual, sajarah, arsitektur sarta kuliner.[2] Dano Toba miboga niléy magis jeung niléy kosmologis, sabab dipercaya minangka tempat cicingna Namboru (Tujuh déwi karuhun urang Batak).[1] Saupama masarakat Batak arék ngayakeun acara disabudeureun ieu dano, kudu sanduk-sanduk papalaku heula ka Namboru.[1]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h Danau Toba (id) (Diakses ping 5 November 2011)
  2. a b Danau Toba (id) (Diakses ping 5 November 2011)


Katagori:Dano