Istana Bogor

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Istana Bogor ditingali ti Gigir

Istana Bogor nya éta salah sahiji ti 6 Istana Présidén Indonésia. Istana Bogor pernahna di Jalan H. Juanda No.1,Kalurahan Paledang, Kacamatan kota Bogor Tengah Kotamadya Bogor, Jawa Barat[1][2][3]. Lega wewengkonna 28,4 héktar, perenahna di Garis koordinat 106°47’ 796” BT jeung 06°35’618” LS, kurang leuwih 60 Km ti Jakarta atawa 43 Km ti puseur Kota Bogor[1][2]. Tanah di Sakuriling Istana Bogor nya éta lahan anu biasa disebut Kebon Raya Bogor. Aksés ka Istana Bogor henteu hésé sabab Istana Bogor aya di Tengah Kota[1].

Istana Bogor ditingali ti Luhur (1933-1940)

Sajarah[édit | sunting sumber]

Istana Bogor diwangun ku Gustaf Willem Baron Van Imhoff 1745-1749, baheula dingaranan Buitenzorg atawa sans souci anu hartina teu aya kahariwang[1][4]. Lokasi istana dipilih ku Van Imhoff sorangan sabab kairut ku katingtriman hiji kampung anu ngaranna Kampung Baru, patilasan Karajaan Pajajaran[1]. Van Imhoff sorangan anu nyieun desain, nyonto kana arsitéktur Bienheim Palace, imahna The Duke Of Malborough, deukeut kota Oxford, Inggris[4]. Awalna, Van Imhoff miboga rarancang pikeun ngawangun éta wilayah minangka daérah pertanian jeung tempat reureuh nalika liburan[1]. Istana Bogor mimiti diwangun ngan ngawengku tilu tingkat wungkul, prosés ngawangunna diteruskeun ku Gubernur Jendral Jacob Mossel (1750-1761)[4]. Tanggal 10 Oktober 1834, Istana Bogor kungsi ruksak alatan gempa vulkanik[1][4].

Taun 1850, istana diwangun deui tapi henteu ditingkat sabab rawan gempa[1]. Dina mangsa pamaréntahan Gubernur Jéndral Albertus Jacob Dujimayer (1855-1856) wangunan heubeul diruntuhkeun terus diwangun wangunan anyar anu maké gaya Eropa abad ka-19[1]. Taun 1870, Istana Bogor dijadikeun imah dines Gubernur Jéndral Hindia Walanda jeung Inggris[3]. Nu nempatan terahir Istana Bogor zaman harita nya éta Gubenur Jendral Tjaarda Van Starkenborg Stachurwer, sabab kudu masrahkeun Istana Bogor ka Jéndral Imamura, taun 1942[1]. Taun1950, Istana mimiti dipaké ku pamaréntah Indonésia, anu satuluyna diresmikeun jadi Istana présidén[1][4].

Rohangan di Jero Istana bogor

Papasingan Rohangan Istana Bogor[édit | sunting sumber]

Gedung Induk ngawengku 8 rohangan nya éta (1)Rohangan Garuda, anu pungsina minangka tempat rapat atawa resépsi[2], (2) Rohangan Taraté, tempat narima tamu, (3)Rohangan Pilem, nya éta tempat muter pilem nalika zaman Ir. Soekarno, (4)Rohangan tuang, (5)Rohangan gawé Présdén, nya éta tempat présidén Soekarno digawé, (6)Pabukon, (7)Rohangan kulawarga jeung pangkéng nya éta tempat présidén istirahat, (8)Rohangan mentri[2].

Gedung Utama Sayap Kénca miboga 2 rohangan, nya éta (1)Rohangan Panca Negara, kungsi dipaké jadi rohangan konferénsi Panca Negara/ pikeun nyiapkeun Konferénsi Asia-Afrika, (2)Rohangan tengah jeung Pangkéng, nya éta rohangan pikeun présidén atawa tamu nagara jeung tamu agung ngéndong[2].

Gedung Utama Sayap Katuhu, nya éta tempat ngéndong para Présidén minangka tamu nagara, paviliun sayap kiri dipaké pikeun kantor Istana Bogor sedengkeun paviliun sayap katuhu dipaké pikeun tempat ngéndong para pajabat jeung staf tamu nagara[2].

Pabukon jeung Barang Seni[édit | sunting sumber]

Istana Bogor mibanda koléksi buku anu jumlahna 3.205 judul, anu daptarna aya di pabukon Istana[4]. Lian ti buku, Istana Bogor ogé miboga barang-barang seni saperti lukisan, patung, jrrd[4]. Ayeuna, Istana Bogor ngoléksi 448 lukisan nu judul lukisan, pelukis, katut taun lukisna aya dina wangun daptar anu matak teu ngahésékeun saha waé nu rék néang inpormasi ngeunaan éta lukisan[4]. Pon kitu deui patung katut sagala bahanna, di Istana aya nepi ka 216 patungna. Lian ti patung jeung lukisan, Istana Bogor ogé ngoléksi barang-barang porselén anu jumlahna 196 porselén. Sakabéhna aya di Jero Istana, saluareun anu dipaké jadi hiasan rohangan[4].

Isana Bogor Minangka Objék Wisata[édit | sunting sumber]

Unggal taun, pamaréntah kota Bogor ngayakeun open house Istana dina raraga ulang taun Bogor. Anu panganyarna nya éta nalika Ulang taun Bogor ka-529[5]. Open House ieu dilaksanakeun salila 6 poé[5]. Kagiatan Open House dipikresep pisan boh ku masarakat lokal atawa internasional. Taun 2010 kamari, nu datang ka open house nepi ka 60.000 urangna[5].

Référénsi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k Tim Penyusun DIsbudpar Jabar.2007.PROFIL PENINGGALAN SEJARAH DAN PURBAKALA DI JAWA BARAT.Bandung:Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Jawa Barat
  2. a b c d e f [Profil Istana Bogor] (diaksés tanggal 23 Oktober 2011)
  3. a b [Istana Bogor lama](diaksés tanggal 24 Oktober 2011)
  4. a b c d e f g h i [Sejarah Istana Presiden] (diaksés tanggal 24 Oktober 2011)
  5. a b c [Berita open house Istana Bogor](diaksés tanggal 25 Oktober 2011)


Nulis.jpg