Lompat ke isi

Kalimah (basa Sunda)

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Topik basa Sunda
Kotak ieu: temposawalaédit

Wangun Kalimah

[édit | édit sumber]

Kalimah Salancar

[édit | édit sumber]

Kalimah salancar diwangun ku hiji jejer (J) jeung hiji caritaan (C).

  • Upama kalimah salancar diwuwuhan ku katerangan, hiji atawa leuwih (K+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Jembar.
  • Upama jejer atawa caritaan wungkul, atawa diwuwuhan ku obyék, hiji atawa leuwih (O+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Basajan.
Kalimah Salancar Pola Conto
Basajan J C (O+)
(1) Kuring / dahar
J + C
(2) Habibie / maréntah / nagara
J + C + O
Jembar (K+) J C (O+) (K+)
(1) Kuring / dahar / di kebon.
J + C + K
(2) Habibie / maréntah / nagara / sataun lilana.
J + C + O / K
(3) Ti taun 1998 / Habibie / maréntah / nagara.
K + J + C + O
(4) Ti taun 1998 / Habibie / maréntah / nagara / sataun lilana.
K + J + C + O / K


Dina kalimah salancar jembar, rupa-rupa katerangan anu bisa diwuwuhkeun bisa dipasing jadi sababaraha rupa, nyaéta

  • katerangan waktu, maké kecap-kecap panuduh waktu saperti kamari, ayeuna, isuk, wanci, jam, jsb.
  • katerangan tempat:
    • maké kecap-kecap pangantét: ti, di, ka, nepi ka, dina.
    • maké kecap-kecap rundayan rarangkén tukang -eun: hareupeun, wétaneun, katuhueun, jsb.
  • katerangan tujuan, maké kecap-kecap pangantét: pikeun, demi, enggoning.
  • katerangan alat, maké kecap-kecap pangantét anu hartina maké: ku, kana.
  • katerangan sabab, maké kecap-kecap pangantét: sabab, lantaran
  • katerangan babandingan, maké kecap-kecap pangantét: jiga, kawas, saperti, cara
  • katerangan panyarta, maké kecap-kecap jeung, babarengan jeung, dituturkeun ku barang anu boga nyawa atawa dianggap boga nyawa.

Kalimah Ngantét

[édit | édit sumber]

Kalimah ngantét (id:kalimat majemuk) diwangun ku dua kalimah atawa leuwih anu dikantétkeun atawa diréndonkeun. Dumasar kana susunanana, aya dua rupa kalimah ngantét:

  • Kalimah ngantét satata, nyaéta upama kalimah-kalimah panyusunna satata atawa sadarajat.
  • Kalimah ngantét séler-suméler, nyaéta upama aya kalimah luluguna jeung aya kalimah sélérna.

Kalimah ngantét satata ngabogaan pola: p(K+) p(J+) C p(O+) p(K+)

Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:

Hubungan Conto
1. Hubungan nambah
  • ... jeung ...
  • ... sarta ...
  • boh ..., boh ...
  1. Kuring dahar sangu jeung tahu.
    • Kuring dahar sangu.
    • Kuring dahar tahu.
  2. Dédi resep ngojay, boh keur leutik kénéh, boh geus kolot.
    • Dédi resep ngojay keur leutik kénéh
    • Dédi resep ngojay ayeuna geus kolotna.
2. Hubungan lalawanan
  • lain ... baé/wungkul, tapi ... (deuih)
  • ..., tapi ...
  1. Anu nyaho kana paripolahna téh lain kuring baé, tapi babaturan sasakola deuih.
    • Anu nyaho kana paripolahna téh kuring.
    • Anu nyaho kana paripolahna téh babaturan sasakola.
3. Hubungan pilihan
  • ... atawa ...
  1. Kuring téh bingung kudu indit ayeuna atawa isukan.
    • Kuring téh bingung kudu indit ayeuna.
    • Kuring téh bingung kudu indit isukan.


Dina kalimah ngantét sélér-sumélér, kalimah lulugu nyaéta anu ngabogaan pola samodél kalimah salancar. Sedengkeun kalimah sélérna ngabogaan fungsi pikeun ngajembaran salah sahiji élémén kalimah lulugu, bisa dina jejerna, obyekna, atawa kateranganana. Contona, (A) Awéwé téh maké baju batik. (B) Awéwé téh geulis kacida.

Gumantung kana kumaha nyélérkeunana, (A) atawa (B) bisa jadi kalimah lulugu.

  • (A) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu geulis kacida téh maké baju batik."
  • (B) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu maké baju batik téh geulis kacida."

Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:

Hubungan Conto

1. Hubungan waktu: saprak, ti mimiti, basa, nepi ka, saméméh, sanggeus, waktu, jsb.

  1. Kuring keuna ku panyakit saprak jalan-jalan ka Talaga Bodas.
    • Kuring keuna ku panyakit. (lulugu)
    • Kuring jalan-jalan ka Talaga bodas. (sélér)
  2. Nepi ka karéta balik deui ka kota, manéhna tetep nungguan.
    • Manéhna tetep nungguan. (lulugu)
    • Karéta balik deui ka kota. (sélér)
2. Hubungan sarat: saupama, lamun, asal, jsb. Manéh pasti junun sakola lamun diajarna rajin.
3. Hubungan tujuan: sangkan, supaya, ambéh Ambéh teu ceurik deui, budak téh dipangku geura.
4. Hubungan babandingan: saperti, ibarat, kawas, tibatan
5. Hubungan sabab: sabab, lantaran, alatan
6. Hubungan akibat: nepi ka, akibatna, nu matak, ku kituna
7. Hubungan cara: kalawan, ku cara, bari
8. Hubungan kanyataan: padahal, ari, sedengkeun
9. Hubungan pangjéntré yén
10. Hubungan atributip: anu ..., nu ...-na
11. Hubungan konsésip: sanajan, sakumaha/kalah kumaha/naon/saha .. (baé) ogé


Fungsi Kalimah

[édit | édit sumber]

Kalimah Wawaran

[édit | édit sumber]

Dina conto-conto kalimah salancar jeung kalimah ngantét saacanna, kabéhanana mangrupa kalimah wawaran, nyaéta kalimah anu ngawawarkeun atawa ngabejaan ka batur ngeunaan hiji kajadian atawa kalakuan. sedengkeun ari kalimah wawaran dina basa sunda teh dibagi jadi dua rupa, nyaeta wawaran basajan jeung wawaran jembar.

Kalimah Pananya

[édit | édit sumber]

Kalimah pananya nyaéta kalimah anu mibanda fungsi pikeun nanyakeun hiji hal, bisa mangrupa jalma, kajadian, kalakuan, sabab, jsb.

Pikeun ngawangun kalimah pananya, aya sababaraha cara:

(1) Lentong (id:intonasi) dirobah jadi lentong kalimah pananya jeung dina tulisan ditungtungan ku tanda tanya.

  • Wawaran: Baheula Habibie téh présiden.
  • Pananya: Baheula Habibie téh présiden?

(2) Maké kecap naha enya di hareupeun kalimah wawaran.

  • Wawaran: Baheula Habibie téh présiden.
  • Pananya: Naha enya baheula Habibie téh présiden?

(3) Malikkeun susunan kalimah wawaran, anu asalna J C, jadi C J.

  • Wawaran: Habibie téh présiden.
  • Pananya: Présidén Habibie téh?

(4) Maké kecap pananya, gumantung kana anu rék ditanyakeunana.

Wawaran: Baheula Habibie téh présiden di Indonésia
Pananya jalma:
  • Saha présiden di Indonesia baheula téh?
  • Présiden di Indonesia baheula téh saha?
Pananya waktu:
  • Iraha Habibie téh présiden di Indonesia?
  • Habibie téh présiden di Indonesia iraha?
Pananya tempat:
  • Di mana Habibie téh présiden?
  • Habibie téh présiden di mana?
Atawa pananya séjénna, maké kecap: kumaha, naha, jsb.

(5) Maké kecap lain atawa sanés (ragam hormatna)

  • Baheula Habibie téh présidén di Indonesia, lain?
  • Baheula Habibie téh présidén di Indonesia, sanés?

pananya jalma:

saha mamah na aji?
saha nuteu milu upacara poe senen kamari?

Kalimah Paréntah

[édit | édit sumber]

Kalimah paréntah nyaéta kalimah anu eusina mah nitah ka nu lian sangkan migawe pagawéan. Kalimah parentah sok ditungtungan ku tanda panyeluk (!)

Kalimah parentah bisa dipasing-pasing jadi sababaraha bagian, saluyu jeung eusi atawa maksud nu dikandungna:

A. Kalimah Panitah

[édit | édit sumber]

Contona:

  • Tutupkeun pantona, Mang!
  • Pareuman televisi teh!
  • Cangcang domba teh!

B. Kalimah Pangajak

[édit | édit sumber]

Contona:

  • Jun, maen bal, yu!
  • Meuli tahu, yu ah!
  • Hayu urang diajar ngadongeng!

C. Kalimah Pangharepan

[édit | édit sumber]
  • Mugi anjeun enggal damang.
  • Muga-muga urang jadi juara kahiji.
  • Mugi-mugi sadaya siswa VIII tiasa naek kelas.

D. Kalimah Panyaram

[édit | édit sumber]
  • Ulah diuk di jalaneun, atuh!
  • Ulah kitu, atuh!
  • Teu kenging hitut di kelas, bau!

E. Kalimah Pangjurung

[édit | édit sumber]
  • Jung geura salin ari rek milu ka Bogor teh, meulikan oi
  • Sok geura diajar ti ayeuna!
  • Bakal dipasihan geura upami nyuhunkeun mah.

F. Kalimah Panggeuri

[édit | édit sumber]
  • Anu sabar we, lamun bapa anjeun keur teu damang.
  • Sing tabah, nya, urang mah jalma teu boga.
  • Sabar, nya, lamun nyanghareupan masalah teh.

Wanda Kalimah

[édit | édit sumber]

Kalimah Aktip jeung Pasip

[édit | édit sumber]

1. Kalimah aktif nyaéta kalimah anu jejerna migawé hiji pagawéan.

Contona: Titi meuli daging.

2. Kalimah pasif nyaéta kalimah anu jejerna kakeunaan hiji pagawéan.

Contona: Daging dibeuli ku Titi.

Kalimah Resiprokatif/Babalesan

[édit | édit sumber]

Kalimah resiprokatif nyaéta kalimah anu subyekna migawe pagawéan kalawan pabales-bales. titénan contona:

  • Dion jeung Doni mah silih toel.
  • Ulah silih ciwit baé bisi ceurik.
  • Saha éta nu keur patarik-tarik lumpat di lapang?

Kalimah-kalimah di handap téh nuduhkeun pagawéan anu pabales-bales. Rarangken anu digunakeun dina caritaan kalimah nyaéta silih- jeung pa- + dwilingga

Kalimah Langsung jeung Teu Langsung

[édit | édit sumber]
  1. Kalimah langsung nyaéta kalimah nu dikedalkeun langsung ku panyaturna. Kalimah langsung sok ditulis (dihapit) maké tanda kekenteng ("...")

Conto: Ceuk Icih, " Jang, pangmeserkeun patlot ka warung!"

  1. Kalimah teu langsung nyaéta kalimah anu heunteu dicaritakeun langsung ku panyaturna, sipatna naratip (nyaritakeun)

Conto:Icih nitah ka si Jajang yén manéhna hayang dipangmeserkeun patlot ka warung.

Kalimah Transitip jeung Intransitip

[édit | édit sumber]

Kalimah Transitip nyaéta kalimah anu caritaanna merlukeun Udagan (Objek) Conto : Nuni/S nuju maca/P buku/O

Kalimah Intransitip nyaéta kalimah anu caritaanna teu merlukeun ayana Udagan (Objek) Conto : Itoh/S nuju maca/P

Kalimah Sampurna jeung Teu sampurna

[édit | édit sumber]

Warna Kalimah

[édit | édit sumber]

Kalimah Barang

[édit | édit sumber]

Kalimah barang nyaéta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap barang.
Conto:

  1. Si Udin téh jadi panumbu catur dina acara paturay tineung.
  2. Singhoréng bapana téh dokter.
  3. Témbokna beton kabéh.

Kalimah Pagawéan

[édit | édit sumber]

Kalimah pagawéan nyaéta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap pagawéan.
Contona :

  1. Budak keur dahar.
  2. Nina ceurik.
  3. Barudak sakola keur dialajar.

Kalimah Sipat

[édit | édit sumber]

Kalimah sipat nyaéta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap sipat atawa kaayaan.
Contona:

  1. Buluna bodas.
  2. Budak téh bageur.
  3. Dudu gering.

Kalimah Bilangan

[édit | édit sumber]

Kalimah bilangan nyaéta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap bilangan.
Contona:

  1. Paingan anakna loba.
  2. Daharna téh ngan ukur sapiring leutik.
  3. Jerona kurang leuwih 1000 méter.

Kalimah Pangantét

[édit | édit sumber]

Kalimah Pangantet nyaéta kalimah anu caritaanana ngandung kecap pangantet.

Conto kecap pangantet:

• Ti ( dari )

• Pikeun ( untuk )

• Siga ( seperti )

-Jaketna *tina* kulit =

-Baju seragam téh aya *dina* lomari =

-mahmud *siga* bapana =