Sajarah basa Sunda

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Diamond-caution.png Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan katingali siga Wikipédia.
Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel.
Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah.
Topik basa Sunda
Kotak ieu: temposawalaédit
  • Mangsa I (saméméh abad ka-16 M)
   Nepi ka taun 1600 Maséhi, basa Sunda téh mangrupa basa nagara di karajaan Salakanagara,Galuh,Kawali,Sunda,jeung Pajajaran

Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan ku basa Sansakerta saperti anu katémbong dina prasasti titinggal Purnawarman, malah aksarana ogé maké aksara Pallawa.

   Basa sunda alam harita dipaké dina widang kanagaraan, kasenian, jeung kahirupan sapopoé, loba kitab ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun aksara Sunda kunao saperti Siksa Kanda ng Karesian, Carita Parahyangan, Amanat Galunggung, jeung Guru Talapakan. Geura titénan basa Sunda nu dipaké alam harita, boh nu aya dina prasasti
  • Mangsa II (sabada abad ka-16 M)

Mangsa III (1800-1900 M)[édit | sunting sumber]

Dina ieu mangsa, basa Sunda mimiti kaasupan ku basa Walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh geus aya dina genggeman pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara Latén téh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti éta basa Sunda ogé mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu minangka lingua franca-na (contona aya dina Wawacan Panji Wulung taun 1876).

Mangsa IV (1900-1945 M)[édit | sunting sumber]

Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki réa, basa Sunda terus digunakeun sarta diajarkeun di sakola-sakola. Para panalungtik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa urang Sundana sorangan, beuki témbong baé pangaruh basa Walanda kana basa Sunda téh, nepi ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipaké dina widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah maké aksara Latén. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa jeung kalawarta dina basa Sunda saperti Papaés Nonoman (1915), Pasoendan (1917), Poesaka Soenda (1923), jeung Sipatahoenan (1923).

Mangsa V (1945-kiwari)[édit | sunting sumber]

Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut ogé mangsa sabada perang, basa Sunda dipaké dina kahirupan sapopoé, pustakamangsa, sastra, kabudayaan, jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa Sunda loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Dina istilah-istilah basa kosta méméh asup kana basa Sunda téh umumna ngaliwatan heula basa Indonesia, utamana nu dipaké ku masarakat kota, nepi ka aya istilah "Sunda kamalayon" geuning, nyaéta basa Sunda anu reumbeuy kapangaruhan ku basa Malayu (Indonesia).