Tatakrama basa Sunda

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Topik basa Sunda
Kotak ieu: temposawalaédit

Tatakrama basa Sunda nyaéta ragam basa Sunda (diksi) anu dipaké atawa dipilihna dumasar kana kaayaan anu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana.

Istilah tatakrama basa Sunda numutkeun hasil Kongrés Basa Sunda taun 1988 di Cipayung, Bogor, dipaké pikeun ngagantikeun istilah undak-usuk basa Sunda. Alesanana nyaéta lantaran undak-usuk basa awalna dimaksudkeun salaku panta-panta basa pikeun ngabédakeun kaayaan sosial masarakatna. Sedengkeun tatakrama basa Sunda dimaksudkeun pikeun silihormat jeung silihajénan.

Basa hormat jeung basa loma[édit | sunting sumber]

Sahanteuna aya dua ragam dina tatakrama basa Sunda, nya éta basa hormat jeung basa loma. Basa hormat umumna dipaké dina suasana resmi, nyarita jeung nu dipihormat, ogé nyarita jeung nu can wanoh. Sedengkeun basa loma umumna dipaké dina suasana loma atawa jeung batur nyarita nu geus loma.

Basa kasar[édit | sunting sumber]

Sabenerna aya hiji deui ragam basa Sunda, nyaéta basa kasar atawa garihal. Ragam basa ieu sok dipakéna sawaktu keur ngambék, nyarékan, paséa, ngécé, atawa ka sato. Tangtuna lantaran kasar, ragam basa ieu teu kaasup kana tatakrama.

Kecap-kecap utama[édit | sunting sumber]

Gaganti ngaran[édit | sunting sumber]

loma hormat
ka sorangan
hormat
ka batur
akang akang engkang
kuring / déwék / urang abdi / sim kuring ...
kuring saréréa abdi sadayana ...
maneh / hidep ... anjeun
manehna ... anjeunna
pribadi pribados ku anjeun
sorangan sorangan nyalira

Pancakaki[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
adi pun adi tuang rai
aki pun aki tuang éyang
alo pun alo kapiputra
anak pun anak tuang putra
bapa pun bapa tuang rama
baraya / dulur réréhan / wargi wargi
bibi pun bibi tuang ibu
budak budak murangkalih
cikal anak cikal putra pangageungna
deungeun-deungeun nu sanés / sanés wargi nu sanés / sanés wargi
incu pun incu tuang putu
indung pun biang tuang ibu
kolot kolot sepuh
lanceuk pun lanceuk tuang raka
minantu minantu mantu
mitoha mertua mertua
nini pun nini tuang éyang
pamajikan pun bojo tuang rai / tuang istri / geureuha
paman pun paman tuang rama
salaki pun lanceuk carogé / tuang raka
téré téré kawalon

Babagian awak[édit | sunting sumber]

loma hormat
ka sorangan
hormat
ka batur
awak / badan awak / badan salira / sarira
beuheung beuheung tenggek
beungeut beungeut pameunteu / raray
beuteung beuteung / padaharan patuangan / lambut
birit / bujur birit / bujur imbit
bitis bitis wentis
biwir biwir lambey
bujal bujal / puseur udel
buuk buuk rambut
cangkéng cangkéng angkéng
ceuli ceuli cepil
diri diri salira
dubur dubur palawangan
gado gado angkeut
halis halis kening
haté haté manah
huntu huntu waos
irung irung pangambung
kasakit / kanyeri kasakit / kanyeri kasawat
kélék kélék ingkab / déhé
kuku kuku tanggay
kumis kumis rumbah
lého lého umbel
létah létah ilat
leungeun leungeun panangan
panon panon soca
pianakan pianakan wewetengan
pingping pingping paha
pipi pipi damis
ramo ramo réma
sirah sirah mastaka
sirit larangan larangan
sora sora soanten
suku suku sampéan
sungut sungut / cangkem baham
susu susu pinareup
taktak taktak taraju
tarang tarang taar
tonggong tonggong pungkur
tuur tuur deku

Pakéan[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
ali ali cingcin / lélépén
baju baju raksukan
bendo bendo udeng
beubeur / sabuk beubeur / sabuk beulitan
calana calana lancingan
carécét / saputangan carécét / saputangan salempay
gelung gelung sanggul
geulang geulang pinggel
iket iket / totopong totopong / udeng
iteuk iteuk teteken
karémbong karémbong / kekemben kekemben
keris keris duhung
kongkorong kongkorong / kangkalung kangkalung
panitih panitih sangkétan
payung payung pajeng
sabuk / beubeur beubeur beulitan
samping samping / sinjang sinjang
sisir sisir / pamérés pamérés
suweng suweng kurabu
topi topi tudung
wedak wedak pupur

Nu di imah[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
anggel anggel / bantal bantal
cacangkir / cangkir cacangkir / cangkir tangkepan
ciling / pacilingan kakus jamban
dapur dapur pawon
enggon / kamar pamondokan pangkuleman
gardéng / rérégan gardéng / rérégan lalangsé
guguling guguling pepedek
imah rorompok bumi
kéjo / sangu sangu sangu
pancuran / kamar mandi jamban jamban
samak amparan amparan
simbut simbut kampuh

Kaséhatan jeung nu karasa ku awak[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
balur balur lulur
batuk batuk gohgoy
begang / kuru begang langsip / langsit
bengék / mengi asma ampeg
bisul bisul gambuh
bolonan / kotoran / palangan / héd udur sasih / kareseban kareseban
cageur pangésto / pangéstu damang
cangkeul cangkeul pegel
capé capé palay
gering udur teu damang
kalenger / kapaéhan / kapiuhan kapaéhan / kapiuhan kapidara
kumbah / kukumbah kumbah / kukumbah wasuh / wawasuh
lapar lapar / hoyong neda palay tuang
mamayu mamayu mamajeng
muriang muriang nyenyepan
obat / ubar obat / ubar landong
parna répot wales
prihatin prihatin prihatos
rieut rieut puyeng
sakit / kasakit kasakit kasawat
salésma salésma pileg
seubeuh sesek / wareg wareg
tunduh tunduh palay kulem


Nu karasa ku haté[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
ambek ambek bendu / wera
atoh / bungah bingah bingah
bageur bageur saé manah
bangga sesah sesah
beuki beuki / seneng sedep
bingung bingung éwed
bungah / gumbira bingah bingah
daék daék / purun kersa
éra isin lingsem
genah / geunah raos raos
gimir gimir rentag manah
hawatir / watir / karunya watir hawatos
hélok héran hémeng
inggis / risi inggis / risi rémpan
ngeunah ngeunah raos
rasa / rumasa / karasa raos / rumaos / karaos raos / rumaos / karaos
resep / karesep karesep kalangenan
ripuh ripuh / répot répot
sadia / sayaga sayagi sayagi
salempang / hariwang salempang salempang / rejag manah
sedih sedih sedih / sungkawa
senang senang raos manah
sono sono honeng
wani wantun wantun

Kaluar tina awak[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
ciduh ciduh ludah
cikiih cikahampangan cikahampangan
cipanon cipanon cisoca
késang késang / karinget karinget
tai kokotor kokotor
utah utah luga

Nuduhkeun tempat[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
antara antara antawis
belah palih palih
deukeut deukeut caket
gigireun gigireun gédéngeun
hareup payun payun
jauh tebih tebih
jero lebet lebet
katuhu katuhu tengen
kédé kénca kiwa
lebah / palebah leresan leresan
pandeuri ti pengker ti pengker
tukang pengker / pungkur pengker / pungkur

Waktu[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
baréto / baheula kapungkur / kapengker kapungkur
beurang siang siang
bulan sasih sasih
burit sonten sonten
gancang / téréh énggal énggal
geuwat geuwat énggal
heubeul / lawas heubeul / lami lami
isuk / isukan énjing énjing
isuk-isuk énjing-énjing énjing-énjing
kakara / karék nembé nembé
kalan-kalan / sakapeung sawaktos-waktos sawaktos-waktos
lila lami lami
malem / peuting wengi wengi
mimiti / mimitina kawitna awitna / kawitna
poé dinten dinten
sakeudeung sakedap sakedap
soré sonten sonten
taun taun / warsih warsih
témpo sarantos sarantos

Pagawéan awak[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
ambeu / ngambeu ngambeu ngambung / ngangseu
angir / diangir dikuramas dikujamas
asa / rarasaan raraosan raraosan
aso / ngaso ngaso leleson
bireungeuh / mireungeuh mireungeuh ningali
buang / bubuang / ngising miceun kabeuratan
cabak / nyabak nyabak nyepeng
caneut / nyaneut nyaneut ngaleueut
carita / omong / nyarita / ngomong nyanggem nyarios
cécéwok obéh / ombéh obéh / ombéh
cekel / nyekel nyekel nyepeng
ceurik ceurik nangis
cium / nyium nyium ngambung
cokot / nyokot ngabantun nyandak
cukur / dicukur dicukur diparas
dahar neda tuang
dangdan dangdan dangdos
déngé / ngadéngé nguping / mireng ngadangu
diuk diuk calik / linggih
éndong / ngéndong ngéndong ngawengi
gégél gégél landep
geuing / ngageuing ngageuing ngémutan
heuay heuay angob
hitut hitut kabobosan
hudang hudang gugah
igel / ngigel igel / ngigel ibing / ngibing
ilik / ngilikan ningal / ningalian ningal / ningalian
impi impén impén
imut imut mésem
inum inum leueut
katara / kaciri katawis katawis
kedeng / ngedeng ngedeng ébog
kélék / ngélék ngélék ngadéhé
kiih kahampangan kahampangan
labuh labuh geubis
lahun / ngalahun ngalahun mangkon
lalajo nongton nongton
létak / dilétak dilétak diilat
malik malik mayun
mandi mandi siram
maot maot pupus / tilar dunya
ngais ngais ngemban
ngising kabeuratan kabeuratan
nguluwut / nguyung nguluwut / nguyung ngangluh
nyaring nyaring gugah / teu acan kulem
paké / maké nganggo nganggo
pangku / mangku mangku mangkon
pencét / mencétan meuseulan meuseulan
ranyéd / ngaranyéd ngaranyéd ngalambangsari
reureuh reureuh ngaso
roko / udud / ngaroko / ngudud roko / ngaroko sesepeun / nyesep
sampak / nyampak nyampak nyondong / kasondong
saré mondok kulem
sasarap sasarap / neda (énjing-énjing) tuang (énjing-énjing)
sebut sebat sebat
seupah / nyeupah nyeupah ngalemar
seuri seuri gumujeng
sibanyo sibanyo wawasuh
sisig / nyisig sisig / nyisig susur / nyusur
teleg / teureuy teleg / teureuy telen
tembang tembang mamaos
ténjo tingal tingali
teundeun / tunda simpen simpen
tincak nincak nincak
tunggu antos antos
ulin ulin ameng

Lalampahan[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
abus lebet lebet
amit / amitan permios permios
anteur / nganteur jajap / ngajajapkeun nyarengan
arep / diarep-arep / ngarep-ngarep ajeng / diajeng-ajeng / ngajeng-ngajeng ajeng / diajeng-ajeng / ngajeng-ngajeng
badarat badarat nyacat
balik / mulang wangsul mulih
cicing matuh calik / linggih
cunduk / datang dongkap sumping / rawuh
ilu / ngilu ngiring ngiring
indit / miang mios angkat
jugjug / ngajugjug bujeng / ngabujeng bujeng / ngabujeng
kabur / minggat minggat lolos
kari / tinggal kantun kantun
leumpang leumpang angkat
paju / maju majeng majeng
patuh / matuh matuh linggih
pegat / kapegat kapegat kaandeg
permisi permios permios
pindah pindah ngalih
saba / nyaba nyanyabaan angkat-angkatan
tumpak tumpak tunggang
turun turun lungsur

Atikan, gawé uteuk, jeung sasauran[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
baca aos aos
badami badanten badanten
béja / bébéja wawartos / popoyan wawartos / pupulih
bilang / milang ngétang ngétang
celuk / nyeluk / gero / ngageroan nyauran ngagentraan
cenah / cénah cenah / cénah saurna
didik / ngadidik ngatik miwuruk / mitutur / miwejang
éling / inget émut émut
harti harti hartos
iber / kabar / béja / warta wartos wartos
itung / ngitung itung / ngitung étang / ngetang
jawab walon waler
kira / sangka / ngira / nyangka nginten nginten
kocap / kocapkeun / kacaritakeun kacarioskeun kacarioskeun
maca maca maos
magahan / mapagahan mapagahan ngawurukan / miwejang
naséhat / papatah naséhat / papatah piwuruk / piwejang
ngajar ngajar ngawulang / ngawurukan
ngaku ngaku ngangken
nyaho terang uninga
nyana nginten nginten
nyoba / mecakan nyobi nyobi
paham paham / ngartos ngartos
paliré / maliré maliré merhatoskeun
parah / dipaparah dikinten-kinten dikinten-kinten
paribasa paripaos paripaos
pikir pikir manah
poho hilap lali
rujuk / rempug rempug rempag
sadu / sasadu tamada tamada
salin / disalin disalin gentos
tulis tulis serat

Mére jeung nyokot[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
bawa bantun candak
béré / méré maparin / masihan ngahaturanan / ngalélér
beuli / meuli mésér ngagaleuh
bikeun / mikeun maparinkeun / masihkeun ngahaturkeun / nyanggakeun
cumpon / nyumponan / nohonan / nedunan nyumponan / nyaosan nyaosan
dagang dagang icalan
duit artos artos
ganti ganti gentos
harga harga pangaos
hili / tukeur liron liron / gentos
hutang hutang sametan
injeum / nginjeum tambut / nambut tambut / nambut
jual ical ical
nohonan nyaosan / nyumponan nyaosan
pihapé / mihapé wiat ngaweweratan
séléh / nyéléhkeun masrahkeun nyanggakeun / ngahaturkeun
tarima tampi tampi

Agama / ibadah[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
aji / ngaji ngaji ngaos
buka (puasa) buka bobor
bulan puasa sasih siam sasih siam
lebaran boboran siam boboran siam
puasa puasa saum
salat / solat sambéang netepan
wulu / wudu wulu / wudu abdas

Laki rabi[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
candung candung wayuh
jima sapatemon sapatemon
jinah jinah ngalambangsari
juru / ngajuru ngalahirkeun babar
kawin nikah / jatukrami jatukrami / réndéngan
kuren / kurenan rimbitan rimbitan
nyolowédor nyolowédor midua manah
popotongan patilasan patilasan
rarabi rarabi garwaan
reuneuh kakandungan bobot / ngandeg
séléwér / nyéléwér midua haté midua manah
serah / nyerahkeun mirak mirak / ngésér

Citakan:Tatakrama manusa masarakat

Kecap pagawéan lainna[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
angkir / diangkir / diondang diondang / disaur diulem / disaur
anjang / nganjang ngadeuheus natamu
anti / nganti / dago / ngadagoan ngantosan ngantosan
bagéa bagéa haturan
bantu / babantu babantu babantos
caram / nyarék / nyaram nyarék / nyaram ngawagel
carék / nyarékan nyarékan nyeuseul / nyauran
cici / nyician nyician mairan
cik / cing / coba cobi cobi
dago / dagoan antosan antosan
éstu / ngéstukeun / nurut ngéstokeun ngéstokeun
eusi / ngeusian ngalebetan ngalebetan
gawé gawé damel
gilir / bagilir bagilir bagentos
gugu / ngagugu nurut tumut
gusar / digusar digusar dipeper
hadir / ngahadiran / nungkulan nungkulan ngaluuhan
hampura / maap hapunten hapunten / haksama / haksami
jaga jaga jagi
kubur / dikubur kaluat / dikaluat dikaluat / dikurebkeun
kumpul kempel kempel
mupakat / rempug mupakat / rempug rempag
ngadu ngadu ngaben
ngurus ngalereskeun ngalereskeun
ogan / ngogan ngondang ngulem
omé / ngoméan / menerkeun ngalereskeun ngalereskeun
palar / dipalar dipalar dipamrih / dipambrih
pandé / mandéan mandéan mapadani / nyamian
panggih / manggih mendak mendak
parak / marak marak munday
pariksa / mariksa mariksa marios
piligenti piligentos piligentos
pilih / kapilih kapilih kaselir / kapeto
raksa raksa tangtayungan
rampés mangga mangga
sanding / kasanding kasanding kasumpingan
siar / nyiar / néang milari milari
tepung tepang tepang
titah nitah ngajurung
turut turut tumut

Ukuran jeung kumpulan[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
béak séép séép
beurat abot abot
cukup / mahi cekap cekap
emét / saemét / saeutik saeutik / sakedik saeutik / sakedik
euweuh teu aya teu aya
gedé gedé ageung
kabéh / kabéhanana sadayana sadayana
kurang kirang kirang
leutik alit alit
leuwih langkung langkung
meujeuhna meujeuhna cekap
montok montok ageung
ngan mung mung
paro / saparo sapalih sapalih
réa / loba seueur seueur
sabangun sabangun sapertos
sagala sagala / saniskanten saniskanten
sakur sakur sugri
sarua sami sami

Nuduhkeun kaayaan[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
alus / hadé saé saé
anyar weuteuh weuteuh
ati-ati / kadé ati-ati atos-atos
babari / gampang gampil gampil
béda bénten bénten
bener / enya leres leres
berekah pangésto / pangéstu / aya hibar damang / wilujeng
buru bujeng bujeng
duga / kaduga kaduga kiat
éléh éléh kawon
gandéng gandéng baribin
getol getol kersaan
goréng / joré goréng awon
gura-giru gura-giru énggal-énggalan
haben haben teras-terasan
hayu hayu mangga
hésé / susah / pelik sesah sesah
hina laip laip
hirup hirup jumeneng
kacida / nataku / pantég kalintang kalintang
kapalang / kagok kapameng kapameng
kolot kolot sepuh
kop / pék mangga mangga
kuat kiat kiat
laku / payu / laris pajeng pajeng
laun / laun-laun lami-lami lami-lami
léngoh léngoh teu nyandak nanaon
leungit leungit ical
lulugu / utama utami utami
mahal mahal awis
malarat / miskin jalmi teu gaduh teu kagungan nanaon
marhum marhum / jenatna marhum / suargi
murah mirah mirah
ngora ngora anom
palangsiang / bisa jadi tiasa jadi tiasa jadi
pantar / sapantar sapantar sayuswa
parok / teu parok teu sami teu sami
pati / teu pati teu patos teu patos
percaya percanten percanten
perlu perlu peryogi
pirang-pirang pinten-pinten pinten-pinten
rikip / ririkipan ririkipan rerencepan
robah robah / robih robih
rupa / warna rupi rupi
rusuh / rurusuhan éngal-énggalan énggal-énggalan
salah lepat lepat
salamet salamet wilujeng
saniskara saniskanten saniskanten
saréréa sadayana sadayana
sarua sarupi / sami sarupi / sami
sésa / kari kantun kantun
urut tilas tilas

Kecap barang lainna[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
asal kawit kawit
astana pasaréan pajaratan / makam
bukti buktos buktos
gogoda / cocoba cocoba cocobi
hal / perkara perkawis perkawis
idin widi widi
kutu kutu puntang
minyak lisah lisah
récéh récéh artos alit
sawah sawah sérang

Kecap panambah modalitas[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
arang / langka awis-awis awis-awis
arék badé / seja badé / seja
beunang kénging kénging
bisa tiasa iasa
boa tiasa jadi tiasa jadi
butuh perlu peryogi
carang / langka awis / awis-awis awis / awis-awis
embung alim / narah (awéwé) teu kersa
hayang hayang / hoyong palay
kudu kedah kedah
kungsi kantos kantos
lain sanés sanés
mangka / sing / muga mugi mugi
meureun panginten panginten
mindeng / remen sering sering
muga mugi mugi
pasti / tangtu tangtos tangtos
pénta / ménta neda / nyuhungkeun mundut
puguh / tangtu tangtos tangtos / kantenan
purun purun kersa
sanggup sanggem sanggem
ulah / entong teu kénging teu kénging

Kecap panyambung[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
ambéh / supaya / sangkan supados supados
atawa atanapi atanapi
bisi bilih bilih
can / tacan teu acan teu acan
duméh / lantaran jalaran ku margi
eukeur / keur nuju nuju
geus / enggeus réngsé / parantos parantos
heug / seug mangga mangga
iwal anging anging
jaba / kajaba jaba / kajaba jabi / kajabi
kajeun / keun baé sawios sawios
kawantu kawantos kawantos
kawas / saperti / jiga jiga / sapertos sapertos / sakarupi
lamun / upama upami upami
lantaran / sabab / alatan jalaran / sabab margi
méméh / saméméh sateuacan sateuacan
mending / leuwih hade langkung saé langkung saé
minangka étang-étang étang-étang
najan / parandéné / sanajan sanaos sanaos
pangna / nu matak nu mawi nu mawi
pédah ku margi / jalaran ku margi / réhing
sabot / basa waktu / nalika / waktos nalika / waktos
sanggeus / sabada saparantos saparantos
sarta / jeung / bareng / reujeung bareng / sareng sareng
semet / serek / nepi ka wangkid / dugi ka wangkid / dugi ka
sugan / manawa manawi manawi
tapi nanging nanging
terus / tuluy teras / lajeng teras / lajeng
yén wiréh / réh wiréh / réh

Kecap pancén[édit | sunting sumber]

loma hormat
keur sorangan
hormat
keur batur
ajang / keur / pikeun kanggo haturan / kahatur
ari dupi / upami dupi / upami
baé / keun baé sawios sawios
bawarasa ku émutan / bawiraos ku émutan / bawiraos
boga gaduh kagungan
émboh / tambah tambih tambih
endeng / saendeng-endeng salamina sapapaosna
geura / pék / hég geura / mangga mangga
komo / sumawonna komo / sumawonna sumawonten
laju laju lajeng
larung / liwat / kalarung kalangkung kalangkung
maksud maksad maksad
mangkuk / teu mangkuk teu kantos teu kantos
mungguh menggah menggah(ing)
salah saurang salah sawios salah sawios
séjén séjén / sanés sanés
tayohna rupina rupina
tulus cios cios