Keris

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Keris

Keris nyaéta ngaran pakarang kabangsaan, paranti nubles, sok dialus-alus dijieun perhiasan.[1] Pakarang anu seukeut anu dijieun tina pamor atawa logam.[2] Baheula mah keris jadi pakarang keur perang atawa gelut ngalawan musuh, tapi ayeuna keris leuwih difungsikeun jadi benda pusaka anu dikoléksi lantaran hobi atawa dianggap jimat sabab dipercaya salaku benda karamat anu miboga kakuatan gaib.[2] Keris ogé mangrupa salah sahiji panglengkep busana pangantén lalaki jeung penari.[2][3]


Bahan keris[édit | édit sumber]

Bahan pikeun nyieun keris asalna tina pamor (benda padat anu asalna ti luar angkasa), aya tilu macem pamor di antarana; pamor météorit (anu ngandung beusi jeung nikel), siderit (ngandung besi), jeung aérolit (sarupa batu, disebut batu pamor).[2] Tilu macem pamor éta bisa dibédakeun sanggeus jadi keris.[2] Pamor météorit katempo tina kerisna anu warnana bodas atawa bodas kulawu; pamor sederit warnana kerisna hideung (pamor ireng), jeung pamor aérolit warna kerisna konéng kulawu.[2] Pamor anu warnana bodas bersih siga perak disebut pamor titipan, miboga kualitas anu pangalusna, pamor ieu henteu bisa dijieun ku empu tapi magrupa keris alamiah.[2] Ieu keris bakal ngajadikeun nu bogana jadi miboga wiwaha.[2] Pamor anu warnana bodas totol-totol (siga éwateun) dingaranan pamor katuncar.[2] Keris alamiah loba ditéangan ku jalma sabab leuwih ampuh jeung nambahan wiwaha.[2] Pamor emas (warna konéng) loba ngandung nikel, totol-totol konéng dina ujung keris.[2] Pamor-pamor anu warnana bodas, kulawu, jeung konéng téh keris anu dianggap pangalusna sabab dipercaya yén nu makéna bisa salamet tina sagala pakarang anu seukeut atawa senjata api.[2] Keris anu pamorna hideung dianggap goréng lantaran nu makéna sok hayang baé maéhan jelema.[2] Pamor-pamor saparti di luhur hésé pisan meunangkeunana.[2] Ayeuna mah bahan keris ngan tina beusi dicampur jeung logam. Éta nu ngalantarankeun keris-keris jieunan ayeuna ngan dijadikeun hiasan.[2]

Jenis keris[édit | édit sumber]

Keris mangrupa salah sahiji warisan budaya karuhun bangsa Indonesia.[4] Keris dijadikeun pakarang khas diunggal daérah di Indonésia.[4] Aya sababaraha keris anu aya di Indonésia.[4]Jenis Semenanjung atawa disebut ogé jenis kalér.[4] Jenis ieu mangrupa jenis keris anu kapanggih di tanah Malayu, minangka paninggalan ti karajaan-karajaan di tanah Malayu.[4] Bentuk keris ieu dingaranan keris Ulu Demam, ditempo tina bentukna anu siga jalma keur tatangkeupan lantaran demam.[4] Ukira keris ieu didominasi ukiran bentuk segi opat, khas ukuran jenis keris semenanjung.[4]Jenis Pekakak.[4] Ieu keris dingaranan pekakak lantaran uluna dijieun tina sirung atawa kai anu dibentuk siga manuk pekakak.[4] salah sahiji ciri khas tina jenis ieu nyaéta mata keris anu leuwih panjang ti batan mata keris dina umumna. Keris pekaka bisa miboga 31 luk dina mata kerisna.[4]Keris Sumatra[4] Keris jenis ieu miboga bentuk khas dina mata, ulu, jeung warngkana.[4] Keris modél ieu miboga mata bentuk tirus jeung manjang anu disebut keris panjang.[4] Aya ogé sabagian keris di Sumatra anu matana pondok anu disebut keris Pendek atawa Pandak.[4] Ulu keris ieu bentukna béngkok aya ornamnén kembang-kembang keur hiasan.[4]Keris Jawa.[4] Jenis ieu katempo tina cirri khas dina uluna anu bentukna melengkung siga péstol.[4] Biasana, keris modél ieu digunakeun keur keris pusaka di jaman karajaan-karajaan di Jawa baheula.[4] Kris-keris pusaka Jawa anu kasohor nyaéta keris di jaman karajaan Singasari jieunan Empu Gandrinng.[4] Dina keris Jawa, utamana keris pusaka dipasang cingcin dina bagian uluna anu disebut pendongkok.[4]Keris Madura jeung Bali babari dikenal tina bentuk ulu anu dijieun tina gading.[4]

Bagian keris[édit | édit sumber]

Bagian-bagian Keris

Keris miboga bagian-bagian anu ngawengku;landéan, duhung, warangka.[2] Landéan nyaéta hulu keris anu dijieun tina kai (aya anu maké emas atawa dihias ku batu-batuan), bisa diukir gumantung kahayang misalna diukir ngabentuk hulu naga, hulu oray, atawa hulu maung.[2] Duhung (awakna) berbentuk gépéng, dua sisina seukeut jeung tungtungna léncop keur nubles, dibagian dua ujungna aya béngkokan anu disebut eluk.[2] Carita Pajajaran miboga keris eluk sanga likur jeung mangrupa keris pusaka Pajajaran.[2] Di Ciamis aya keris pamor anu teu sarua jeung nu lian, tapi sakabéhna perlu ditalungtik kabenerana.[2] Warangka nyaéta sarung duhung anu dijieun tina dua lambar kai anu bagian luarna dilapisan bahan tina kuningan atawa diukir.[2] Di sababaraha tempat masih aya jelema anu ngagunakeun keris minangka wakil pangantén lalaki lamun teu bisa hadir, éta kawinan téh disebut kawin keris.[2]

Fungsi jeung peran keris di masarakat[édit | édit sumber]

Dina kamekaranana keris ngalaman parobahan fungsi dina kontéks sistem budaya anyar masarakat.[5] Peran sosial dina kontéks sistem budaya ahirna mah leuwih dominan dibandingkeun jeung fungsi téhnisna minangka pakarang keur nubles.[5] Kamekaran fungsi keris di antarana ngawengku; (1)Spiritual-Religius, keris asalna mah mangrupa hiji sarana sasajén.[5] Keris mangrupa lambang jeung miboga muatan-muatan religius anu bisa ditempo tina wangun dapur jeung pamorna.[5] (2)Psikologis, keris miboga kakuatan motivasi anu mangaruhan tingkah laku.[5] Hiji jalma jadi wanian sabab miboga keris pasopati, misalna dina Babad Tanah Jawi dicaritakeun Arya Panangsang wanian sabab boga keris setan kober.[5] (3)Politis, miboga peran dina percaturan pulitik karajaan-karajaan Nusantara.[5] Sumber-sumber sajarah réa anu nyaritakeun peranan keris dina pulitik karajaan di tanah Jawa.[5] (4)Status Sosial, keris jadi wakil kalungguhan jeung status hiji jalma dimasarakat.[5] Keris magrupa salah sahiji sarana dina nangtukeun strata sosial masarakat, ieu hal bisa katempo tina pamakéan atawa anu boga keris nu tangtu misalna dapur kebo lajer keur patani, dapur pasopati keur prajurit.[5] (5)Media Komunikasi, keris mampuh mawa talatah anu bisa kabaca eusina dina sistem budaya masarakat Jawa.[5] (6)Magis, kakuatan magis masih dipercaya ku sabagian masarakat.[5] (7)Estétis jeung Artistik, keris jadi médium éksprési kasenian.[5] (8)Komoditas ékonomi, keris diproduksi jeung dijual ti baheula kénéh nepi ka ayeuna.[5] (9)Panglengkep Busanan, keris jadi aksésoris busana tradisi.[5]

Istilah ngeunaan keris[édit | édit sumber]

Istilah Kris mangrupa singketan tina basa Jawa ti "Melungker-melungker kang bisa ngiris", di hartosna Sunda "(barang) pungkal tiasa motong / megatkeun (hiji hal)". Dina budaya perkerisan aya sajumlah istilah anu kadéngéna ahéng keur jalma umum.[6] Pamahaman kana istilah-istilah ieu aya mangpaatna dina prosés neuleuman pangaweruh ngeunaan keris.[6] Istilah-istilah dina dunya keris hususna di Pulo Jawa, di antarana;Angsar nyaéta kasaktén anu aya dina keris.[6] Kasaktén éta teu katempo tapi bisa dirasakeun ku jalma anu percaya.[6] Angsar bisa mangrupa pangaruh positif atawa sabalikna.[6] Dasarna mah, sakabéh keris miboga angsar hadé.[6] Tapi remenna angsar anu hadé can tangtu cocok keur nu bogana.[6]Dapur, nyaéta istilah anu digunakaeun keur nyebutkeun ngaran bentuk atawa tipe bilah keris.[6]Luk, nyaéta istilah keur bilah keris anu teu lempeng.[6]Mas Kawin.[6]Mendak, nyaéta sebutan keur cingcin keris.[6]Pamor, nyaéta bahan keur nyieun keris.[6]Pendok, fungsina keur pelindung atawa pelapis gandar, nyaéta bagian warangka keris anu dijieun tina kai.[6]Rincikan, nyaéta bagian-bagian atawa komponen bilah keris atawa tumbak.[6]Tangguh, nyaéta taksiran jaman dijieunna keris, tempat jeung gaya nyieunna.[6]Tanjeg, nyaéta taksiran mangpaat atawa tuah keris.[6]Tayuh, nyaéta taksiran ngeunaan cocok atawa henteuna angsar keris jeung (calon) nu rék miboga éta keris.[6]Ukiran/Hulu.[6]

Pamor keris jeung ngarana[édit | édit sumber]

Tangkis, Pangawak waja, Andha agung, Kul buntet, Dan riris, Reged banyu, Rojo suleman, Batu lapak, Sirat, Tunggul wulung, Lintang kemukus, Pancuran mas, Sada saler, Wengkon, Kudhung, Satriya pinayungan, Badaela, Sagara wedhi, Untu walang, Tundung, Endas baya, Dhadhung muntir, Rahtama, Pusar bumi, Lintas mas, Sodo saler, Nur, Sekar susun.[7]

Cara mikeun keris[édit | édit sumber]

Cara mikeun keris, anu mikeunna nyekel tungtungna, jeung anu narima kudu narima landéanna, lamun tibalik anu mikeun dianggap ngarempak.[2] Pangantén lalaki saméméh munjungan (sungkem) kudu neundeun heula kerisna.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Taufik Hidayat, Rachmat Spk.2007.Peperenian Urang Sunda.Bandung:Kiblat. Halaman 42
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x Rosidi,Ajip Spk. 2000.Ensiklopedi Sunda, Alam, Manusa, dan Budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta:Pustaka Jaya. Halaman 345
  3. Denny Djuhaeni, Dra. Rini Tanumulyana, Elly Sarimana S. Pd, Ine Novita S.Pd, Drs. (2001). Mustika Basa Sunda. Jakarta: Grasindo. p. 18. ISBN 9789796952557. Diakses tanggal (disungsi – 22 Mei 2020). 
  4. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u Jenis Keris Archived 2011-11-18 di Wayback Machine diakses tanggal 21 Oktober 2011
  5. a b c d e f g h i j k l m n o Fungsi dan Peran Keris Archived 2016-03-06 di Wayback Machine diakses tanggal 21 Oktober 2011
  6. a b c d e f g h i j k l m n o p q r Istilah Keris Archived 2011-11-18 di Wayback Machine diakses tanggal 21 Oktober 2011
  7. Pamor dan Namanya diakses tanggal 21 Oktober 2011