Kalimah (basa Sunda)
| Topik basa Sunda |
|---|
|
|
Daptar eusi |
[édit] Wangun Kalimah
[édit] Kalimah Salancar
Kalimah salancar diwangun ku hiji jejer (J) jeung hiji caritaan (C).
- Upama kalimah salancar diwuwuhan ku katerangan, hiji atawa leuwih (K+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Jembar.
- Upama jejer atawa caritaan wungkul, atawa diwuwuhan ku obyék, hiji atawa leuwih (O+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Basajan.
| Kalimah Salancar | Pola | Conto | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
| Basajan | J C (O+) |
|
||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| Jembar | (K+) J C (O+) (K+) |
|
Dina kalimah salancar jembar, rupa-rupa katerangan anu bisa diwuwuhkeun bisa dipasing jadi sababaraha rupa, nyaéta
- katerangan waktu, maké kecap-kecap panuduh waktu saperti kamari, ayeuna, isuk, wanci, jam, jsb.
- katerangan tempat:
- maké kecap-kecap pangantét: ti, di, ka, nepi ka, dina.
- maké kecap-kecap rundayan rarangkén tukang -eun: hareupeun, wétaneun, katuhueun, jsb.
- katerangan tujuan, maké kecap-kecap pangantét: pikeun, demi, enggoning.
- katerangan alat, maké kecap-kecap pangantét anu hartina maké: ku, kana.
- katerangan sabab, maké kecap-kecap pangantét: sabab, lantaran
- katerangan babandingan, maké kecap-kecap pangantét: jiga, kawas, saperti, cara
- katerangan panyarta, maké kecap-kecap jeung, babarengan jeung, dituturkeun ku barang anu boga nyawa atawa dianggap boga nyawa.
[édit] Kalimah Ngantét
Kalimah ngantét (id:kalimat majemuk) diwangun ku dua kalimah atawa leuwih anu dikantétkeun atawa diréndonkeun. Dumasar kana susunanana, aya dua rupa kalimah ngantét:
- Kalimah ngantét satata, nyaéta upama kalimah-kalimah panyusunna satata atawa sadarajat.
- Kalimah ngantét séler-suméler, nyaéta upama aya kalimah luluguna jeung aya kalimah sélérna.
Kalimah ngantét satata ngabogaan pola: p(K+) p(J+) C p(O+) p(K+)
Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
| Hubungan | Conto |
|---|---|
1. Hubungan nambah
|
|
2. Hubungan lalawanan
|
|
3. Hubungan pilihan
|
|
Dina kalimah ngantét sélér-sumélér, kalimah lulugu nyaéta anu ngabogaan pola samodél kalimah salancar. Sedengkeun kalimah sélérna ngabogaan fungsi pikeun ngajembaran salah sahiji élémén kalimah lulugu, bisa dina jejerna, obyekna, atawa kateranganana. Contona, (A) Awéwé téh maké baju batik. (B) Awéwé téh geulis kacida.
Gumantung kana kumaha nyélérkeunana, (A) atawa (B) bisa jadi kalimah lulugu.
- (A) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu geulis kacida téh maké baju batik."
- (B) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu maké baju batik téh geulis kacida."
Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
| Hubungan | Conto |
|---|---|
|
1. Hubungan waktu: saprak, ti mimiti, basa, nepi ka, saméméh, sanggeus, waktu, jsb. |
|
| 2. Hubungan sarat: saupama, lamun, asal, jsb. | Manéh pasti junun sakola lamun diajarna rajin. |
| 3. Hubungan tujuan: sangkan, supaya, ambéh | Ambéh teu ceurik deui, budak téh dipangku geura. |
| 4. Hubungan babandingan: saperti, ibarat, kawas, tibatan | |
| 5. Hubungan sabab: sabab, lantaran, alatan | |
| 6. Hubungan akibat: nepi ka, akibatna, nu matak, ku kituna | |
| 7. Hubungan cara: kalawan, ku cara, bari | |
| 8. Hubungan kanyataan: padahal, ari, sedengkeun | |
| 9. Hubungan pangjéntré yén | |
| 10. Hubungan atributip: anu ..., nu ...-na | |
| 11. Hubungan konsésip: sanajan, sakumaha/kalah kumaha/naon/saha .. (baé) ogé |
[édit] Fungsi Kalimah
[édit] Kalimah Wawaran
Dina conto-conto kalimah salancar jeung kalimah ngantét saacanna, kabéhanana mangrupa kalimah wawaran, nyaéta kalimah anu ngawawarkeun atawa méré nyaho ka batur ngeunaan hiji kajadian atawa kalakuan.
[édit] Kalimah Pananya
Kalimah pananya nyaéta kalimah anu ngabogaan fungsi pikeun nanyakeun hiji hal, bisa mangrupa jalma, kajadian, kalakuan, sabab, jsb.
Pikeun ngawangun kalimah pananya, aya sababaraha cara:
|
(1) Lentong (id:intonasi) dirobah jadi lentong kalimah pananya jeung dina tulisan ditungtungan ku tanda tanya.
|
|
(2) Maké kecap naha enya di hareupeun kalimah wawaran.
|
|
(3) Malikkeun susunan kalimah wawaran, anu asalna J C, jadi C J.
|
|
(5) Maké kecap lain atawa sanés (ragam hormatna)
|
pananya jalma:
- saha mamah na aji?
- saha nuteu milu upacara poe senen kamari?
[édit] Kalimah Paréntah
Kalimah paréntah nya éta kalimah anu eusina paréntah, nitah, paménta atawa pangajak.
Contona :
- Pangyokotkeun korék jang, dina meja!
- Kaluar!
- Mun bisa, wayahna Bibi ka ditu engké kira-kira jam 11.00!
- Urang lalajo yu!
[édit] Kalimah Panyeluk
[édit] Wanda Kalimah
[édit] Kalimah Aktip jeung Pasip
1. Kalimah aktif nya éta kalimah anu jejerna migawé hiji pagawéan.
- Contona: Linda meuli daging ucing .
2. Kalimah pasif nya éta kalimah anu jejerna kakeunaan hiji pagawéan.
- Contona: Daging ucing
dibeuli ku Linda.
[édit] Kalimah Balikan jeung Babalesan
[édit] Kalimah Langsung jeung Teu Langsung
kalimah teu langsung :ceuk dina kamari liza dangdutan kalimah langsung :kamari liza dangdutan
[édit] Kalimah Transitip jeung Intransitip
[édit] Kalimah Sampurna jeung Teu Sampurna
Copo abis
[édit] Warna Kalimah
[édit] Kalimah Barang
Kalimah barang nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap barang.
Conto:
- Si Intan téh jadi panumbu catur dina acara paturay tineung.
- Singhoréng bapana téh dokter.
- Témbokna beton kabéh.
[édit] Kalimah Pagawéan
Kalimah pagawéan nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap pagawéan.
Contona :
- Budak keur dahar.
- Linda ceurik di takol si Tety.
- Barudak sakola keur dialajar.
[édit] Kalimah Sipat
Kalimah sipat nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap sipat atawa kaayaan.
Contona:
- Buluna bodas.
- Budak téh bageur.
- Dudu gering.
[édit] Kalimah Bilangan
Kalimah bilangan nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap bilangan.
Contona:
- Paingan anakna loba.
- Daharna téh ngan ukur sapiring leutik.
- Jerona kurang leuwih 1000 méter.
[édit] Kalimah Pangantét
| Artikel ngeunaan Sunda ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |