Kloning

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Kloning (Ing. cloning) hartina prosés nyiptakeun salinan idéntik ti nu aslina. Klon (clone) dina jihat biologi, ngandung harti sél tunggal (kawas baktéri, limfosit, jsb.) atawa organisme multisélulér nu sacara genetik idéntik jeung organisme hirup lianna. Ieu kadang nujul ka klon alami nu kaciptakeun nalika hiji organisme baranahan sacara aséksual atawa nalika dua individu nu idéntik sacara genetik teu ngahaja dihasilkeun (kawas dina kembar idéntik), tapi umumna mah sok nujul ka hasil rékayasa. Baca ogé klon (genetika).

Istilah klon diturunkeun tina κλων, kecap basa Yunani pikeun "twig". Dina dunya hortikultura, éjahan clon kungsi dipaké nepi ka abad ka-20.

Kloning dina biologi[édit | sunting sumber]

Molekulér[édit | sunting sumber]

Kloning gén hartina ngékstrak gén ti hiji organisme (misalna ku PCR) sarta ngasupkeun hasilna ka organisme séjén (biasana maké véktor sahingga bisa diulik leuwih jero. Kloning gén bisa paké pikeun idéntifikasi gén nu patali jeung hiji fénotipe; misalna nalika para ahli biologi nyebutkeun yén gén panyakit X geus diklon, mangka nu dimaksud téh yén perenah jeung runtuyan DNA génna geus diidéntifikasi. Téhnik nu raket jeung ieu nyaéta subkloning, nu hartina mindahkeun gén ti hiji plasmid ka plasmid séjénna pikeun ulikan leuwih jero.

Sélulér[édit | sunting sumber]

Kloning sél hartina nurunkeun hiji populasi sél (populasi klonal) tina hiji sél tunggal.

Kloning organisme sacara umum ngandung harti nyiptakeun organisme anyar nu ngandung émbaran genetik nu sarua jeung sél tunggal indungna. Dina kontéks modérn, ieu bisa ngawengku transfer inti sél somatik, nyaéta ngaluarkeun inti tina hiji sél endog lajeng diganti ku inti nu diékstraksi ti sél organisme nu rék diklon (kiwari, boh sél endog atawa inti nu dicangkokkeunana kudu kénéh ti nu saspésiés). Kusabab intina ngandung ampir sakabéh émbaran genetik hiji bentuk kahirupan, sél endogna bakal mekar jadi organisme nu sacara genetik idéntik jeung "donor" inti. Disebut ampir, sabab organisme multisélulér mah boga mitokondria nu mawa émbaran gentikna sorangan, DNA mitokondria.

Hortikultur[édit | sunting sumber]

Istilah klon dipaké dina widang hortikultur nujul ka sakabéh turunan hiji tutuwuhan nu dihasilkeun tina réproduksi vegetatif.

Klon alami[édit | sunting sumber]

Kloning nu aya di alam (alami) dina sababaraha spésiés dsebut partenogenesis. Contona nyaéta Wasmannia auropunctata ("Sireum Seuneu", cocoanana karasa panas)), nu asli ti Amérika Tengah jeung Kidul, tapi geus sumebar ka wewengkon tropis. Hiji populasi spésiés ieu di Suriname, boh nu jalu atawa nu bikangna, bisa baranahan sacara klonal.

Aspék kaséhatan[édit | sunting sumber]

Usaha kloning nu hasil mah ukur saeutik: domba Dolly téh mangrupakeun hiji hasil ti 276 usaha nu gagal; aya borojol 70 énéng (ti salapan rébu uji coba), sapertiluna teu lana hirup.

Hal lian nu kapanggih tina ieu ékspérimén nyaéta patali jeung prosés ngolotan; domba Dolly ngolotan leuwih gancang batan normal.

Kloning spésiés lastari[édit | sunting sumber]

Kloning, atawa pasna mah rékonstruksi DNA fungsional ti spésiés nu geus lastari mangrupakeun salahsahiji angen-angen para élmuwan. Angen-angen ieu didramatisir dina novel karya Michael Crichton katut filmna nu kawentar: "Jurassic Park". Dina prakna, nu kungsi dicobaan téh nyaéta kloning Woolly mammoth, ngan hanjakal DNA-na gagal diékstrak ti awakna nu beku téa.

Domba Dolly[édit | sunting sumber]

Dolly (5 Juli 1996 – 14 Pébruari 2003), mangrupakeun mamalia munggaran nu dihasilkeun tina kloning sél sawawa. Diklon di Roslin Institute di Scotlandia.

Tumbu kaluar jeung rujukan[édit | sunting sumber]