Lompat ke isi

Lélé

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Lele)


Lélé
Temporal range: Pliosen Bawah - Kini
Lélé kampung, Clarias batrachus
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Spesies

Seeur, tembong dina teks.

Sinonim
  • Chlarias Scopoli, 1777
  • Macropteronotus La Cepéde, 1803
  • Clarias Cuvier, 1816
  • Cossyphus M’Clelland, 1844
  • Phagorus M’Clelland, 1844
  • Dinotopteroides Fowler, 1930
  • Prophagorus Smith, 1939
  • Anguilloclarias Teugels, 1982
  • Brevicephaloides Teugels, 1982
  • Clarioides Teugels, 1982
  • Platycephaloides Teugels, 1982

Lélé nyaéta jenis lauk cai anu awakna panjang tur kulitna leueur, euweuh sisitan.[1][2] Anak Lélé dina basa Sunda disebut "nanahaon". Lélé teu bisa hirup dina cai asin atawa payau, biasana hirup di walungan anu caina laun, ranca, talaga, sérang anu kakeueum ku cai.[2] Lauk lélé ngabogaan sipat noctural, nyaéta aktip usik néangan kadaharan dina waktu peuting.[2] Ari beurang mah cicing tur nyumput dinu poék.[2] Di alam lauk, lélé kawin dina usum ngijih.[2]

Di Indonésia aya 6 (genep) rupa lauk lélé anu bisa dimekarkeun nyaéta Clarias batrachus, dipikawanoh minangka lauk lélé (Jawa), lauk kalang (Sumatera Barat), lauk maut (Sumatera Utara), sarta lauk pintet (Kalimantan Timur).[2] Clarias teysmani, dipikawanoh minangka lélé Kembang (Jawa Barat), Kalang bodas(Padang).[2] Clarias melanoderma, anu dipikawanoh minangka lauk cucuk (Sumatera Selatan), wais (Jawa Tengah), wiru (Jawa Barat).[2] Clarias nieuhofi, anu dipikawanoh minangka lauk lindi (Jawa), limbat (Sumatera Barat), kaleh (Kalimantan Selatan). '[2] 'Clarias loiacanthus, anu dipikawanoh minangka lauk keli (Sumatera Barat), lauk penang (Kalimantan Timur).[2] Clarias gariepinus, anu dipikawanoh minangka lélé dumbo (Lélé Domba), King catfish, asalna ti Afrika.[2]

Kandungan

[édit | édit sumber]
  1. Daging lele ngandung:
  2. Kadar air (%) 78,5 47,1 [3]
  3. Sumber energy (cal.) 90 54 [3]
  4. Protein (gr) 18,7 11,2 [3]
  5. Lemak (gr) 1,1 0,7 [3]
  6. Kalsium (Ca) (mgr) 15 9 [3]
  7. Phosphor (P) (mgr) 260 156 [3]
  8. Zat besi (Fe) (mgr) 2 1,2 [3]
  9. Natrium (mgr) 150 90 [3]
  10. Thiamine (vit B1) (mgr) 0,10 0,06 [3]
  11. Riboflavin (vit B2) (mgr) 0,05 0,03[3]
  12. Niacin (mgr) 2,0 1,2 [3]

Mangpaat

[édit | édit sumber]

Salian ti mangpaat pikeun sumber kadaharan, lélé ti jenis C. batrachus ogé bisa dimangpaatkeun minangka lauk pajangan atawa lauk hias.[2] Saupama melak léle di sérang bisa méré mangpaat pikeun numpes hama paré, sato gegemetan, alatan mangrupa salah sahiji kadaharan alami lauk lélé. Lauk lélé ogé bisa diramu jeung sagala rupa bahan ubar séjén pikeun ubar mengi, kasakit awewe anu teu teratur, mimiseun, kiih getih jeung réa-réa deui.[2]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. Luthfiyani, Lulu (2016). BUDIDAYA IKAN GABUSLuthfiyani. Jakarta: Frasa Lingua. p. 48. ISBN 9786026475275.  Disungsi16 Mei 2024
  2. a b c d e f g h i j k l m Ikan Lelel Archived 2011-11-11 di Wayback Machine (id) (Diakses ping 17 Oktober 2011)
  3. a b c d e f g h i j k Manfaat Lele (id) (Diakses ping 17 Oktober 2011)