Riyadh
- Keur guna lian ti Riyadh, tempo Riyadh (disambiguasi).
| Riyadh الرياض |
|||
|---|---|---|---|
| Ar Riyāḍ | |||
|
|||
| Nagara | |||
| Propinsi | Propinsi Riyadh | ||
| Pamaréntahan | |||
| - Walikota | Abdul Aziz ibn 'Ayyaf Al Muqrin | ||
| - Émir Propinsi | Pangéran Sattam bin Abdul Aziz | ||
| Aréa | |||
| - Kota | 1.000 km2 | ||
| - Métro | 1.815 km2 | ||
| Kaluhuran | 612 m (2.008 ft) | ||
| Populasi (2010)[rujukan?] | |||
| - Kota | 5.254.560 | ||
| - Kapadetan | 3.024/km² | ||
| - Métro | 6.800.000 | ||
| Perkiraan Otoritas Pamekaran Riyadh | |||
| Zona wanci | EAT (UTC+3) | ||
| - Musim panas (DST) | EAT (UTC+3) | ||
| Kode pos | (5 digit) | ||
| Kode aréa telepon | +966-1 | ||
| Situs web | www.arriyadh.com | ||
Riyadh (Basa Arab: الرياض dialihaksarakeun Ar Riyāḍ dilapalkeun [ʔɑrːiˈjɑːdˤ]) nyaéta ibu kota jeung kota panggedéna di Saudi Arabia. Riyadh ogé nyaéta ibu kota ti Propinsi Riyadh, sarta kaasup kana wewengkon baheula Najd jeung Al-Yamama. Kota ieu aya di bagian tengah Semenanjung Arab dina hiji plato nu gedé, sarta miboga populasi kira-kira 5.254.560 jiwa. Kota ieu dibagi kana 15 distrik kota (~kacamatan), di handapeun Kotamadya Riyadh nu diluluguan ku Walikota Riyadh, sarta Otoritas Pamekaran Riyadh, nu diluluguan ku Gubernur Propinsi Riyadh. Riyadh miboga universitas putri nu panggedéna sadunya, Universitas Putri Nora binti Abdurrahman.[1].
Daptar eusi |
Angkutan [édit]
Bandar Udara [édit]
Bandar Udara Internasional Raja Khalid (IATA: RUH), mangrupa bandar udara utama Riyadh, aya kirang langkung 35 kilométer kaléreun puseur kota.
Jalan [édit]
Riyadh miboga sistem jalan modéren. Jalan Lingkar Wétan ngahubungkeun bagian kidul jeung kalér Riyadh, samentawis Jalan Lingkar Kalér ngahubungkeun bagian wétan jeung kulon. Jalan Raja Fahd ngaliwatan puseur kota ti kalér ka kidul, sajajar jeung Jalan Lingkar Wétan. Jalan Makkah, ngaliwatan puseur kota ti wétan ka kulon.
Karéta [édit]
Badan Karéta Api Saudi Arabia ngoperasikeun 2 rupa jalur nu béda pikeun karéta panumpang jeung karéta barang antara Riyadh jeung Dammam liwat Hofuf, jeung Haradh.
Angkutan umum [édit]
PT Saudi Arabian Public Transport (SAPTCO), jaringan beus nasional, ngoperasikeun angkutan panumpang ka sababaraha kota jeung nagara tatangga.
Hiji rancangan jaringan métro kalawan 6 jalur enggeus disatujuan.[2]
Tingali ogé [édit]
Catetan jeung rujukan [édit]
- ↑ MILLER, DAVID. "Saudi Arabia opens world's largest women's university". Diakses pada 17 Januari 2012.
- ↑ "Four consortia prequalify for Riyadh metro contract", Railway Gazette International, 3 August 2012.
Tumbu kaluar [édit]
Tingali ogé Riyadh di Wikivoyage
- Arriyadh.com, loka resmi. Warta, sajarah, poto
- Riyadh Map, peta resmi Riyadh (Basa Arab)
| Artikel ngeunaan géografi ti hiji nagara atawa wewengkon ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |