Siamang
| Siamang | |
|---|---|
| Status konservasi | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Animalia |
| Phylum: | Chordata |
| Class: | Mammalia |
| Order: | Primates |
| Family: | Hylobatidae |
| Genus: | Symphalangus Gloger, 1841 |
| Species: | S. syndactylus |
| Ngaran binomial | |
| Symphalangus syndactylus (Raffles, 1821) |
|
Siamang nya éta kera hideung anu lenganna panjang, sarta hirup dina tangkal-tangkal.[1] Umumna, siamang pohara tangkas waktu usik di luhur tangkal, ku kituna euweuh prédator anu bisa néwak maranéhanana.[1] Siamang mangrupa spesiés kaancam, alatan deforestasi habitatna gancang.[1] Siamang henteu miboga buntut sarta ngabogaan postur awak anu kurang ajeg.[1] Siamang ogé ngabogaan perkembangan otak anu luhur.[1] Siamang boga warna hideung rada cokelat kabeureum-beureuman.[1] Kera ieu ngabogaan anyaman antara ramo kadua sarta katilu.[1]
ciri has kera ieu miboga beungeut kawas lélépén sarta boga warna bodas.[2] Awakna ditutupan buuk leubeut, iwal dibagian beungeut, telapak leungeun, suku sarta kélék.[2] siamang miboga kelir hideung legam berlengan panjang sarta hirup dina tatangkalan. Maranéhanana hirup dina jumplukan leutik, panglobana tiluan] sarta henteu ngabogaan tempat saré husus kawas kera séjénna.[2] siamang kaasup jenis sato anu sieun kana cai kawas ucing.[2] sorana pohara tarik pisan sarta bisa kadéngé nepi ka jarak 6,5 méter.[2] kera jenis ieu pohara tangkas dina hal ngagalantung ti tangkal ka tangkal.[2] ieu sebabna manéhna miboga anyaman antara ramo kadua sarta katiluna.[2] sanajan ngabogaan lima ramo, sabot gulawing di tangkal , manéhna ngan ngagunakeun opat ramo leungeunna.[2] Manéhna ogé ngabogaan tingkat kacerdasan luhur dibandingkeun jenis sato séjénna.[2] Maranéhanana nyapih anakna nepi ka umurna sataun. Kera jenis ieu kaasup sato omnivora anu ngadahar tutuwuhan atawa serangga.[2]