Abah Falak

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search

Kiai Haji Tubagus Muhammad Falak (1258 H/1842-1392 H/1972) nyaéta nu ngadegkeun Pasantrėn Pagentongan, Dėsa Gunung Batu, Kacamatan Ciomas, Kabupatėn Bogor.[1] Dibabarkeun di Dėsa Sabi, Pandėglang, ku nigaran Bungsu, putra Kiai Tubagus Abbas jeung incu Kiai Tubagus Mu'min Abbas Abdul Hamid.[1] Aranjeunna téh nyaéta ulama kasohor di Banten.[1] Sanggeus réngsé dicangkem dasar-dasar agama Islam ti bapa jeung akina, dina umur 15 taun (1857), Bungsu dikirim pikeun diajar ka Mekkah.[1] Salila 21 taun di Mekkah jeung Madinah, diajar ka ulama-ulama asal Indonésia anu élmu luhurna diaku di Tanah Suci, nyaéta Syékh Nawawi Al-Bantani, Syékh Mansyur Madani, Kiai Abdul Halim Tanara, jeung Kiai Ahmad Baarum, dua ulama asal Abessinia (Ethiopia), Syékh Umar Bejened, asal Mekah.[1] Pangabisa Bungsu di widang élmu-élmu agama kalintang matak pikareueuseun guru-guruna.[1] Dina umur 36 taun, Bungsu bener-bener geus ngawasaan élmu-elmu tafsir Al-Qur'an, Hadits, Fiqih, Saraf, Nahwu (gramatika), Balaghah (susastera), Hikmah, Tashawuf, jsb.[1] Tapi anu leuwih punjul kaparigelanna di widang élmu astronomi (Falak). Ku kituna, gelar "Falaky" (ahli Falak) geus napel ngagantikeun ngaran Bungsu.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h Rosidi, Ajip (2000). Ensiklopedia Sunda. Indonesia: Pustaka Jaya. p. 4. ISBN 9794192597.