Lompat ke isi

Aoh K. Hadimaja

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Aoh Karta Hadimadja)
Aoh Karta Hadimadja
Gambar:Aoh Kartahadimadja, Pekan Buku Indonésia 1954, p224.jpg
Aoh Karta Hadimadja dina taun 1954
Gumelar15 Septémber 1911
Walanda Bandung, Jawa Barat, Hindia-Walanda
Tilar dunya17 Maret 1973 (yuswa 61)
Indonésia Jakarta
PagawéanPanulis, panyair
KulawargaRamadhan Karta Hadimadja
AnugrahAnugerah Seni (1972), Hadiah Sastra Balai Pustaka (1947)

Aoh Karta Hadimadja (gumelar di Bandung, Jawa Kulon, 15 September 1911  tilar dunya di Jakarta, 17 Maret 1973 dina umur 61 taun) nyaéta panyair sarta pangarang anu karyana ngagunakeun basa Indonésia. Anjeunna mangrupa salah sahiji panulis sajak dina Pujangga Baru. Hadimadja kungsi jadi panarjamah di Keimin Bunka Shidosho (Basa Sunda: Kantor Puseur Kabudayaan) jeung Sticusa (Stichting voor Culturule Samenwerking, Basa Sunda: Yayasan Kerja Sama Kabudayaan), rédaktur di Mimbar Umum jeung Badan Penerbit Pustaka Jaya, panyiar radio Hilversum jeung BBC London, sarta wartawan di Starweekly jeung PIA. Puisi nu dijieun Hadimadja di antawisna Pecahan Ratna jeung Di Bawah Kaki Kebesaran-Mu (1952, dipedalkeun di majalah Panca Raya). Anjeunna ogé nulis carita pondok nu dipedalkeun dina Manusia dan Tanahnya jeung Beberapa Paham Angkatan'45 (1952). Karya-karyana nu kasohor di antawisna Seni Mengarang, Aliran Klasik, Romantik dan Realisme Kesusasteraan (1972), Poligami (1975), Terhamparlah Darat yang Kuning dan Laut yang Biru, sarta Manusia Terasing (1977).[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Édisi Cet. 1). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)