Lompat ke isi

Apem

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Apem

Apem kukus bodas anu teksturna empuk
Nami sanés Kue Apem
Asal Indonésia (Sunda & Jawa)
Jinis Kué baseuh
Bahan utama Tipung béas, santen, ragi, gula
Cara ngolah Dikukus atanapi dipanggang

Apem nyaéta ngaran kadaharan tradisional asli Indonésia anu dijieun tina tipung béas dicampur tipung sagu jeung cipati.[1] Ari bahan biangna tina ragi instan, cai jeung tipung béas, bahan siropna tina gula bodas jeung cai kalapa ngora.[1] Sok disebut ogé kuéh mangkok sabab dicitakna dina cacangkir nu teu cangklékan.[2] Méh sarua jeung bolu kukus.[2] Kuéh apem biasana diasakan ku cara diseupan dina langseng nu caina geus ngaggoolak.[3] Pikeun ngajieun kuéh apem ngabutuhkeun waktu nu teu sakeudeeung, ku sabab sanggeus ngadonan, adonan kudu disimpen heula nepi beukah.[3][4][5]


Bahan-Bahan Kuéh Apem

[édit | édit sumber]

Bahan - bahan keur nyieun apem di antarana nyaéta tipung béas, aci, cipati kalapa, gula bodas, uyah, ragi, jeung gincu.[3]

Cara Nyieun Kuéh Apem

[édit | édit sumber]

Cara pikeun nyieun kuéh apem téh mimitina leyurkeun ragi jeung 5 séndok cai haneut, golakkeun gula bodas jeung santen nepi ka nyampur, antepkeun nepi ka tiis, tuluy campurkeun tipung béas, aci, ragi nu geus di leyurkeun ku cai haneut di wadah, galey bahan nu geus dicampur nepikeun ka kalis kira-kira 10-15 menit, tuluy cicikeun santen kana adonan nu geus kalis sabari digalo nepi ka rata, antepkeun adonan kira-kira sajam, sanggeus éta tuluy pisahkeun adonan jadi sababaraha bagéan, béré gincu, aduk nepi ka rata. tuluy cicikeun adonan ka jero citakan, seupan dina langseng kira-kira salila 25 menit atawa nepi ka asak.[3] Jait kuéh apem nu geus asak, tuluy kaluarkeun tina citakan.[3]

Sajarah sarta Étimologi

[édit | édit sumber]

Ngaran "Apem" dipercaya asalna tina basa Arab, afum atanapi affan, anu hartosna "hampura" atanapi "panyuwun pangampura". Dina tradisi Islam di Nusantara, utamana di Jawa sarta Sunda, apem mindeng disuguhkeun dina acara ritual kaagamaan salaku simbol panyuwun pangampura ka Gusti Nu Maha Suci sarta simbol silaturahmi.[6]

Jonathan Rigg dina kamusna (1862) parantos nyatet yén apem téh: > *"A small cake made of rice flour and cocoanut milk, and fermented."* (Kué leutik anu dijieun tina tipung béas sarta santen kalapa, sarta parantos diférméntasi.)[5]

Peran dina Budaya Sunda

[édit | édit sumber]

Di tatar Sunda, apem henteu ngan saukur jajanan pasar, tapi miboga harti filosofis dina acara-acara adat, saperti:

  • Tahlilan/Sidekah: Disuguhkeun salaku simbol rasa syukur sarta du'a pikeun karuhun.
  • Ngaliwet: Sakapeung jadi opieun pangjangkep dina acara kumpul ngariung.
  • Upacara Adat: Mindeng kapanggih dina sasajén atawa tumpeng dina rupa-rupa ritual lokal salaku simbol kasalametan.

Variasi

[édit | édit sumber]

Salian ti apem tradisional, ayeuna aya rupa-rupa variasi apem dumasar wewengkonna:

  • Apem Cukit: Has wewengkon basisir, anu dicukit nalika dipanggang.
  • Apem Putu: Varian anu dikukus sarta ditambahan parudan kalapa di luhurna.
  • Apem Selong: Apem anu miboga "jangjang" atawa pingpingan ipis di sakurilingna.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 "Peperenian Urang Sunda", kaca 50. Bandung: PT Kiblat Buku Utama, 2005
  2. 1 2 Danadibrata, R.A: "Kamus Basa Sunda" kaca 31. Bandung: PT Kiblat Buku Utama, 2009
  3. 1 2 3 4 5 Resep Nasional. Cara Membuat Kue Apem Kukus Empuk dan Lembut Diaksés ping 2 Oktober 2017.
  4. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. hlm. 20. Diaksés tanggal (disungsi) 11 April 2020. Salah ngutip: Parameter "”" tidak sah pada tanda <<ref>. Parameter yang didukung adalah: dir, follow, group, name.
  5. 1 2 Rigg, Jonathan. (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Lange & Co. Kaca 18.
  6. Gardjito, M., dkk. (2018). Kuliner Jawa: Komponen Jejaring Makanan Kasual di Daerah Istimewa Yogyakarta. Yogyakarta: UGM Press.