Lompat ke isi

Badak sunda

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Badak Sunda)
Badak sunda
Tukang Moro Sato ti Éropa jeung badak sunda anu paéh taun 1895
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
R. sondaicus
Ngaran binomial
Rhinoceros sondaicus
Subspésiés

Rhinoceros sondaicus annamiticus
Rhinoceros sondaicus inermis (musnah)
Rhinoceros sondaicus sondaicus

Sebaran Badak sunda[3]

Badak sunda (Rhinoceros sondaicus) téh nyaéta anggota kulawarga ''Rhinocerotidae'' nu kaasup salah sahiji tina rupa-rupa badak nu hirup kénéh nepi ka kiwari. Ieu badak sagénus jeung Badak India, dedeganana ogé sarupa, tapi tina ukuran leuwih leutik (panjang 3,1–3,2 m, jangkung 1,4–1,7 m) sarta leuwih deukeut ka Badak Hideung. Culana tara leuwih ti 25 cm, leuwih leutik batan badak séjénna.

Mangsa baheula mah, badak Sunda mangrupa badak Asia nu paling lega jajahanana, ti kapuloan Indonésia, Asia Tenggara, nepi ka India jeung Cina, tapi kiwari ieu spésiés kaayaanana kritis. Populasina di alam liar anu masih kanyahoan ukur aya di dua tempat, turug-turug di taman satwa euweuh nu ngingu deuih[4]. Di Taman Nasional Ujung Kulon, populasi badak Sunda sahenteuna aya 40–50, sedengkeun di Taman Nasional Cat Tien, Viétnam, populasina teu leuwih ti dalapan. Nyirorotna populasi badak Sunda kiwari téh alatan loba diboro pikeun diala culana, anu di pasar gelap dihargaan $30,000[4]. Lian ti éta, masalah anu utama nyaéta beuki heureutna habitat[5].

Dina alamna, Badak Sunda bisa hirup nepi ka umur 30–45 taun. Hirupna di lebak leuweung hujan, tegalan baseuh jeung ranca. Ieu sato hirupna nyorangan, iwal mangsa kawin jeung miara anakna, tapi aya ogé mangsana ngagorombol. Lian ti manusa, sacara alami Badak Sunda anu sawawa taya pamangsana. Di lingkungan nu deukeut jeung manusa, ieu badak biasana nyingkah, tapi bisa malik narajang mun ngarasa kaancam. Para élmuwan jarang nu ngulik ieu sato, utamana ku sabab hésé manggihanana, sarta dianggap bahya saupama ngaganggu kahirupan spésiés langka kawas kieu. Panalungtikan biasana ukur ngandelkeun kaméra jeung analisis taina.

Taksonomi jeung ngaran

[édit | édit sumber]

Badak Jawa mimiti ditalungtik ku para naturalis taun 1787, nalika dua sato paéh diboro di pulo Jawa. Tangkorékna dikirim ka naturalis Walanda Petrus Camper nu maot taun 1789 saméméh ngumumkeun pamanggihna nu nyindekkeun yén éta badak téh spésiés nu béda. Badak Sunda lianna ditémbak di Sumatra ku Alfred Duvaucel nu ngirimkeun spésiménna ka bapa téréna Georges Cuvier, élmuwan Prancis. Cuvier boga kacindekan yén ieu sato téh spésiés nu dilaporkeun musna taun 1822, tapi ku Anselme Gaëtan Desmarest disebut Rhinoceros sondaicus, spésiés badak anu panungtung dipikawanoh[6]. Mimitina mah Desmarest nyebutkeun asalna ti Sumatra, tapi terus diralat ku nyebutkeun asalna ti Jawa[2].

Ngaran genus Rhinoceros, nu ogé ngawengku Badak India, diturunkeun tina basa Yunani Kuna: rhino nu hartina irung, jeung ceros nu hartina cula; sondaicus dicokot tina sunda, wilayah biogeografis nu ngawengku Sumatra, Jawa, Kalimantan, daratan Asia Tenggara, jeung pulo-pulo leutik di sabudeureunana.

Aya tilu subspésiés Badak sunda, dua di antarana dianggap masih aya:

  • Rhinoceros sondaicus sondaicus, katelah Badak Sunda Indonésia, kungsi sumebar di Jawa jeung Sumatra. Populasina kiwari kira ukur 40–50 di Taman Nasional Ujung Kulon, tungtung kulon Banten. Aya nu ngusulkeun yén Badak Sunda di Sumatra dipisahkeun sakalu subspésiés béda, R.s. floweri, tapi ku nu séjénna teu ditarima[7][8].
  • Rhinoceros sondaicus annamiticus, katelah Badak Sunda Viétnam atawa Badak Viétnam, kungsi sumebar di Viétnam, Kamboja, Laos, jeung Muangtai sarta Malaysia. Annamiticus diturunkeun tina Runtuyan Gunung Annamit di Asia Tenggara, tempat sumebarna ieu subspésiés. Hiji populasi leutik, ukur kira 12-an badak, hirup di leuweung landeuh di Taman Nasional Cat Tien. Analisis génétik nuduhkeun yén subspésiés Indonésia jeung Viétnam boga karuhun nu sarua antara 300.000 nepi ka 2 juta taun ka tukang[8][9].
  • Rhinoceros sondaicus inermis, katelah Badak Sunda India, kungsi hirup sumebar di Bengal nepi ka Burma, tapi sigana geus musnah awal abad ka-19. Inermis hartina tanpa cula, dumasar kana ciri ieu subspésiés anu culana leutik pisan. Spésimén asli ieu subspésiés gé ukur bikangna anu teu culaan. Kaayaan pulitik di Burma hésé pikeun ngayakeun panalungtikan ieu badak, tapi sigana mémang geus musnah[10][11]

Evolusi

[édit | édit sumber]
The Indian Rhinoceros pictured here is closely related to the Javan Rhinoceros; they are the two members of the type genus Rhinoceros.
 Artikel utama: Rhinoceros#Evolution.

Ancestral rhinoceroses first diverged from other Perissodactyls in the Early Eocene. Mitochondrial DNA comparison suggests that the ancestors of modérn rhinos split from the ancestors of Equidae around 50 million yéars ago.[12] The extant family, the Rhinocerotidae, first appéared in the Late éocene in Eurasia, and the ancestors of the extant rhino species dispersed from Asia beginning in the Miocene.[13]

The Indian and Javan Rhinoceros, the only members of the genus Rhinoceros, first appéar in the fossil record in Asia around 1.6 million–3.3 million yéars ago. Molecular estimates, however, suggest the species may have diverged much éarlier, around 11.7 million yéars ago.[12][14] Although belonging to the type genus, the Indian and Javan Rhinoceros are not believed to be closely related to other rhino species. Different studies have hypothesized that they may be closely related to the extinct Gaindetherium or Punjabitherium. A detailed cladistic analysis of the Rhinocerotidae placed Rhinoceros and the extinct Punjabitherium in a clade with Dicerorhinus, the Sumatran Rhino. Other studies have suggested the Sumatran Rhinoceros is more closely related to the two African species.[15] The Sumatran Rhino may have diverged from the other Asian rhinos as far back as 15 million yéars ago.[4][13] -->

Pedaran

[édit | édit sumber]

Badak Sunda ukuranana leuwih leutik batan dulurna, Badak India, sarta leuwih deukeut ka Badak Hideung. Panjang awakna (katut hulu) bisa nepi ka 3,1–3,2 m, sedengkeun jangkungna 1,4–1,7 m. Beuratna, anu kungsi dilaporkeun nyaéta antara 900 jeung 2.300 kg, najan can kungsi aya studi anu daria ngukuran beurat awak badak sunda[4]. Nu jalu jeung nu bikang ampir taya bédana, tapi biasana mah nu bikangna rada leuwih gedé. Dumasar data poto jeung tapak suku, Badak Sunda di Viétnam ukuranana rada leuwih leutik ti dulurna nu di Jawa[16].

Sarupa jeung dulurna nu di India, Badak Sunda culana ukur hiji (spésiés séjén nu aya kénéh culana dua), leutik deuih (kurang ti 20 cm, nu kacatet paling panjang ukur 27 cm). Ieu cula lolobana dipaké pikeun ngali leutak jeung muka jalan di leuweung nu rembet, tara dipaké pikeun tarung. Sungut bagian luhurna rada monyong pikeun ngarabut kadaharan, sihungna panjang jeung seukeut. Sakumaha ilaharna badak, Badak Sunda seukeut pangambeu jeung pangdéngéna, tapi panonna kurang awas. Umurna bisa nepi ka 30-45 taun[16].

Dina kurungan

[édit | édit sumber]

Taun 1800-an, sahanteuna aya opat badak Sunda dipamérkeun di Adelaide, Kalkuta, jeung London. Nu kacatet, sakabéhna paling heneuweuh 22 Badak Sunda kungsi dikurungan. Kanyataanana bisa leuwih ti éta, sabab ieu badak sok salah nyebut jadi Badak India[17]. Badak Sunda teu kungsi bisa hirup waluya dina kurungan, paling kolot ukur nepi ka 20 taun (ukur satengahna ti umur nu di alam liar). Nu pamungkas di kandangan paéh di Taman Satwa Adelaide, Australia taun 1907, kitu ogé disebutna Badak India[16]. Gagalna program ngawinkeun Badak Sumatra di taman satwa taun 1980-an jeung 1990-an ngayakinkeun teu mungkinna miara badak[4].

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Asian Rhino Specialist Group (1996). Rhinoceros sondaicus. 2007 IUCN Red List of Threatened Species. IUCN 2007. Salinan 13 Januari 2008. Listed as Critically Endangered (CR C2a v2.3).
  2. a b Rookmaaker, L.C. (1982). "The type locality of the Javan Rhinoceros (Rhinoceros sondaicus Desmarest, 1822)". Zeitschrift fur Saugetierkunde 47 (6): 381–382. 
  3. Peta dumasar kana peta sebaran dina Foose & Van Strien (1997). Ieu peta teu ngawengku kamungkinan populasi di Kalimantan nu dipedar ku Cranbook & Piper (2007).
  4. a b c d e Dinerstein, Eric (2003). The Return of the Unicorns; The Natural History and Conservation of the Greater One-Horned Rhinoceros. New York: Columbia University Press. ISBN 0-231-08450-1. 
  5. Santiapillai, C. (1992). "Javan rhinoceros in Vietnam". Pachyderm 15: 25–27. 
  6. Rookmaaker, Kees (2005). "First sightings of Asian rhinos". Di Fulconis, R. Save the rhinos: EAZA Rhino Campaign 2005/6. London: European Association of Zoos and Aquaria. p. 52. 
  7. Asian Rhino Specialist Group (1996). Rhinoceros sondaicus ssp. sondaicus. 2007 IUCN Red List of Threatened Species. IUCN 2007. Salinan 13 Januari 2008.
  8. a b Fernando, Prithiviraj; Gert Polet, Nazir Foead, Linda S. Ng, Jennifer Pastorini, and Don J. Melnick (June 2006). "Genetic diversity, phylogeny and conservation of the Javan hinoceros (Rhinoceros sondaicus)". Conservation Genetics 7 (3): 439–448. doi:10.1007/s10592-006-9139-4. 
  9. Asian Rhino Specialist Group (1996). Rhinoceros sondaicus ssp. annamiticus. 2007 IUCN Red List of Threatened Species. IUCN 2007. Retrieved on January 13, 2008.
  10. Foose, Thomas J.; Nico van Strien (1997), Asian Rhinos – Status Survey and Conservation Action Plan, IUCN, Gland, Switzerland, and Cambridge, UK, ISBN 2-8317-0336-0 
  11. Rookmaaker, Kees (1997). "Records of the sundarbans Rhinoceros (Rhinoceros sondaicus inermis) in India and Bangladesh". Pachyderm 24: 37–45. 
  12. a b Xu, Xiufeng; Axel Janke, and Ulfur Arnason. "The Complete Mitochondrial DNA Sequence of the Greater Indian Rhinoceros, Rhinoceros unicornis, and the Phylogenetic Relationship Among Carnivora, Perissodactyla, and Artiodactyla (+ Cetacea)". Molecular Biology and Evolution 13 (9): 1167–1173. http://mbe.oxfordjournals.org/cgi/reprint/13/9/1167. Diakses pada 2007-11-04. 
  13. a b Lacombat, Frédéric (2005). "The evolution of the rhinoceros". Di Fulconis, R. Save the rhinos: EAZA Rhino Campaign 2005/6. London: European Association of Zoos and Aquaria. pp. 46–49. 
  14. Tougard, C.; T. Delefosse, C. Hoenni, and C. Montgelard (2001). "Phylogenetic relationships of the five extant rhinoceros species (Rhinocerotidae, Perissodactyla) based on mitochondrial cytochrome b and 12s rRNA genes". Molecular Phylogenetics and Evolution 19 (1): 34–44. doi:10.1006/mpev.2000.0903. 
  15. Cerdeño, Esperanza (1995). "Cladistic Analysis of the Family Rhinocerotidae (Perissodactyla)". Novitates (American Museum of Natural History) (3143). ISSN 0003-0082. http://digitallibrary.amnh.org/dspace/bitstream/2246/3566/1/N3143.pdf. Diakses pada 2007-11-04. 
  16. a b c van Strien, Nico (2005). "Javan Rhinoceros". Di Fulconis, R. Save the rhinos: EAZA Rhino Campaign 2005/6. London: European Association of Zoos and Aquaria. pp. 75–79. 
  17. Rookmaaker, L.C. (2005). "A Javan rhinoceros, Rhinoceros sondaicus, in Bali in 1839". Zoologische Garten 75 (2): 129–131. 

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]