Bakicot

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bakicot
Achatina fulica di Bali
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Superfamili:
(unranked):
clade Heterobranchia informal group Pulmonata
clade Eupulmonata
clade Stylommatophora
informal group Sigmurethra
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Subgénus:
Spésiés:
A. fulica
Ngaran binomial
Achatina fulica
(Férussac, 1821)

Bakicot disebut ogé balakicot, blekecot, téngék atawa kéong racun; Achatina fulicia Bowdich.[1] Kéong gedé nu hirup di darat.[1] Wangun cangkangna kerucut tur buleud di handapna, panjangna kurang leuwih 13 cm kalawan garis tengah 5 cm.[1] Warnana coklat kabodas-bodasan atawa kakonéng-konéngan.[1] Kaasup kana sato mollusca ti kelas Gastropoda nu hartina leumpang maké beuteung.[2] Bakicot mangrupa sato nu asalna ti Afrika Timur.[2] ku lantaran gampang anakanana, bakicot sumebar ka sakabéh sakuliah dunya, kaasup ka Indonésia.[2] Di Indonésia mimiti aya di Bogor taun 1922.[1]

Kadaharanana sabangsaning tutuwuhan leutik jeung sésa bahan organik.[1] Bakicot resep cicing di tempat nu miboga hawa tiis ogé lembab.[3] ku lantaran kitu, nalika usum ngijih datang, loba bakicot nu bisa ditingali ku urang naplok di sawatara tempat kayaning dina tangkal cau, paré, tangkal tomat, jeung tangkal-tangkal lianna.[3] Cara hirupna nu némpél dina tatangkalan ngabalukarkeun tangkal nu ditempatanna bakal rusak.[3] Alatan hal éta, bakicot dianggap salah sahiji hama nu ngaruksak tatangkalan.[3] Salian ti éta bisa ogé ngabalukarkeun radang otak nu dibalukarkeun ku ayana cacing mata nematode parasit.[1]

Mangpaat Bakicot[édit | édit sumber]

Protein nu aya dina bakicot kurang leuwih 12% per 100 gr dagingna.[3] Zat lainna nu aya dina bakicot di antarana waé lemak, hidrat arang, kalsium, phosphor, sarta vitamin B2.[3] ku lantaran éta salian ti bisa jadi kadaharan pikeun sato inguan kayaning lélé dumbo, ogé mangrupa sumber protein hewani nu miboga kualitas luhung lantaran miboga jumlah asam amino esensial nu lengkep.[2] Loba masarakat nu resep kana kadaharan nu diolahna tina bakicot kayaning saté bakicot, baso bakicot, rémpéyék bakicot jeung kiripik bakicot.[2] Kiwari bakicot loba dikumpulkeun pikeun dijadikeun komoditas ekspor.[3] Lantaran di nagara batur mah bakicot téh kaasup kana kadaharan élit.[2] Loba nagara nu mikahayang bakicot kayaning Prancis, Jerman, sarta Jepang pikeun dijadikeun olahan kadaharan.[2] Di Perancis, kadaharan olahan bakicot miboga ngaran escargots de bourguignonne nu hartina bakicot nu dibeuleum maké anggur jeung mantega bumbu (herb butter).[3] Di Indonésia geus aya sababaraha daérah nu ngamangpaatkeun bakicot jadi komoditi usaha, kayaning sawatara daérah di Jawa Timur, Jawa Barat, Sumatera, jeung Bali.[3] Salian ti éta, bakicot ogé bisa dijadikeun ubar tradisional, lantaran ekstra daging bakicot sarta lendirna nu guna pikeun ngubaran rupa-rupa panyakit, di antarana waé abortus, radang selaput mata, sumilangeun, nyeri huntu, ararateul jeung sajabana.[2]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g Tim Redaksi.2000.Ensiklopedi Sunda Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta:Pustaka Jaya dan Yayasan Kebudayaan Rancage (id)
  2. a b c d e f g h Bekicot Juga Bisa Dibudidaya (Diaksés tanggal 17 Oktober 2011)(id)
  3. a b c d e f g h i Bekicot Archived 2011-10-13 di Wayback Machine (Diaksés tanggal 17 Oktober 2011)(id)