Lompat ke isi

Basa Betawi Parung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Betawi Parung
Basa Betawi Parung
Dipaké di Bandéra Indonésia Indonesia Indonésia
Wewengkon
Jumlah panyatur
Rungkun basa Austronésia
Aksara Alfabét Latin
Status resmi
Basa resmi di
Diatur ku Badan Pengembangan dan Pembinaan Bahasa
Kode-kode basa
ISO 639-1
ISO 639-2
ISO 639-3

Basa Betawi Parung mangrupakeun dialék ti basa Betawi. Dialék ieu kaasup kana cabang basa Betawi Pinggiran. Basa Betawi Parung loba kasaruaan kecap jeung cara nuturkeun ti basa Sunda Bogor.[1] Malah basa Betawi Parung kacatet dina karya tulis, "Bukan Jakarta. Tapi Parung, Madam. Orang Parung tidak persis Betawi, tapi seperti campuran antara Betawi dan Sunda, karena memang Parung terletak di tengah-tengah." (Fira Basuki (2004) dina novel Rojak halaman 44).[2]

Kekecapan

[édit | édit sumber]

Kekecapan dina basa Betawi Parung dipangaruhan pisan ku basa Sunda Bogor lantaran ayana padeukeut tempat panuturan, dihandap ieu conto kekecapan basa Betawi Parung;

Basa Betawi Parung Basa Indonésia Basa Sunda Bogor
bagén biarkan anteupan
kaga/ora/moal/embung tidak moal/embung
madang/mindo makan dahar
ngéndong menginap ngéndong
ngobak/ngojay berenang ngojay
gua saya aing/urang
lu kamu sia/manéh
bapét/medit pelit korét/pedit
déwékan sendirian sorangan
bangor/badung nakal bangor
ngarét terlambat telat
awak badan awak
pentér siang sonten
ontong/ulah jangan tong/ulah
puguh tentu puguh
molor tidur saré
nyangcang mengikat bengkeut
congor mulut congor
jasa/pisan banget jasa/pisan
kepincét memencet kapencét
mérad pergi indur/mangkat
ajer senyum seuri
képét tahi podol
kudu harus kudu
ngempéd bersandar nyarandé
ngagul sombong songong
ngangon mengembala ngangon
nyeri sakit nyeri
kapiran percuma kapiran
menjilanan/jember menjijikan geleuh
lanang laki-laki lalaki/ujang
wadon perempuan awéwé/enéng
menggerib maghrib magrib
wara-wiri mondar-mandir bolak-balik
kepapagan berpapasan kapanggih
tai babal nangka muda nangka ngora
kebo kerbau kebo
cebong berudu cebong
embé/bandot kambing embé
ula ular oray
ongkoh santai rereuh
ngacay ngiler ngacay
ngorok mendengkur ngorok
gedig/takol pukul takol
ilok masa ilok
belet/bloon bodoh polongo
bangkot tua kolot
cucurakan makan bersama cucurakan
mendek/nyumput bersembunyi nyumput
gawéan pekerjaan pagawéan
nyekel memegang cekel
angot kambuh angot
kukuban berselimut
péngkor/péncot pincang
mengkel matang
bendo golok bedog
lénjéh ganjen
beleguran meriam bambu lodong
ngibrit lari kencang
lémbo lemas/lambat
entong anak laki-laki ujang/entong
enéng anak perempuan enéng
andénya habisnya
mérad pergi indit/mangkat
ngedumel cemberut
géték/érétan rakit géték
lipen/gincu lipstik lipen
gableg punya boga
ngetug berjalan kaki
wayahnya waktunya wayahna
ngucur mengalir ngocor

Wewengkon panuturan

[édit | édit sumber]
Peta basa di Kacamatan Gunungsindur.

Basa Parung Betawi dipaké di wewengkon Kabupatén Bogor beulah kalér, umumna di wewengkon Parung jeung sabudeureunana. Di Kacamatan Parung, bahasa Betawi Parung dituturkeun ku mayoritas pendudukna kajaba dibeberapa desa anu dibatesan langsung ku Kacamatan Kemang jeung Kacamatan Ciseeng. Di Kacamatan Ciseeng, basa Betawi Parung umumna dituturkan di wilayah Désa Ciseeng jeung Désa Parigi Mekar sedengkeun di desa-desa sejen mayoritas pendudukna nyarita basa Sunda. Di Kacamatan Gunungsindur, basa Betawi Parung téh dipaké di sakumna désa, iwal di Désa Gunungsindur jeung Désa Jampang nu mayoritas pendudukna nyarita basa Sunda. Sedengkeun di Kacamatan Kemang, Basa Betawi Parung umumna ngan ukur diucapkeun di sababaraha désa nu wates jeung Kacamatan Parung sedengkeun désa lainna lolobana nyarita basa Sunda[3]

Rujukan

[édit | édit sumber]

Pranala luar

[édit | édit sumber]