Cai Susu Indung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Cai Susu Indung atawa dina basa Indonésia mah Air Susu Ibu (ASI) nyaéta cairan kahirupan pangalusna anu pohara diperlukeun ku orok.[1] ASI ngandung sagala rupa zat anu penting pikeun tumuwuh kembangna orok sarta luyu kalayan kaperluanana.[1] Cacak kitu, henteu kabéh indung daék nyusuan budakna alatan sagala rupa alesan.[1] Contona sieun gendut, riweuh, susuna kendor sarta sajabana.[1] Di pihak séjén, aya ogé indung anu hayang nyusuan anakna tapi ngalaman hahalang.[1] Biasana ASI henteu daék kaluar atawa produksina kurang lancar.[1]

Loba hal anu bisa mangaruhan produksi ASI. Produksi sarta kaluarna ASI dipangaruhan ku dua hormon, nyaéta prolaktin sarta oksitosin.[1] Prolaktin mangaruhan jumlah produksi ASI, sedengkeun oksitosin mangaruhan prosés kaluarna ASI. Prolaktin patali jeung nutrisi ibu, beuki asupan nutrisinya alus mangka produksi anu dihasilkeun ogé loba.

Tapi, pikeun ngaluarkeun ASI diperlukeun hormon oksitosin anu gawéna dipangaruhan ku prosés kenyotan orokna.[1] Beuki mindeng puting susu dikenyot ku orok mangka beuki loba ogé kaluarna ASI.[1] Hormon oksitosin mindeng disebut minangka hormon kanyaah.[1] Sabab, kadarna pohara dipangaruhan ku kaayaan haté, rasa bagja, rasa dicinta, rasa aman, katenangan, relaks.[1]

Hal-hal anu mangaruhan produksi ASI:[édit | édit sumber]

Dina sababaraha faktor anu mangaruhan produksi ASI di antarana nyaéta kadaharan,[1] ketenangan jiwa sarta pikiran, pamakéan pakakas kontrasepsi, anatomis susu awewe, faktor fisiologi, pola istirahat, jeung faktor kenyotan budak atawa frekuensi panyusuan. Beuki mindeng orok ngenyot dina susu indungna, mangka produksi sarta pengeluaran ASI baris beuki loba. Tapi, frekuensi nyusu dina orok prématur sarta orok nu umurna cukup bulan mah béda. Studi netelakeun yén dina produksi ASI orok prématur baris optimal kalayan mompa ASI leuwih ti 5 kali pér poé salila bulan kahiji sanggeus ngalahirkeun. Mompa ASI dipigawé alatan orok prematur can bisa nyusu. Sedengkeun dina orok nu geus cukup bulan frekuensi nyusuna kurang leuwih bisa sapuluh kali perhari salila 2 minggu nu mimiti sanggeus ngalahirkeun jadi nyambung kalayan produksi ASI anu cukup. Ku kituna disarankeun nyusuan téh paling saeutik 8 kali sapoéna dina période mimiti sanggeus ngalahirkeun. Frekuensi nyusuan ieu patali jeung pangabisa stimulasi hormon dina kelenjar susu indung.

Selain éta, aya ogé faktor nu laina, misal faktor ubar, umur kandungan sabot ngalahirkeun, konsumsi roko sarta alkohol, beurat orok pas lahir, jeung pamakéan pakakas kontrasepsi dina indung nu nyusuan. Kudu diperhatikeun sangkan henteu ngurangan produksi ASI. Conto pakakas kontrasepsi anu bisa dipaké nyaéta kondom, IUD, pil husus nyusuan atawa suntik hormonal 3 bulanan.

Ku berkembangna cai susu formula pikeun orok anu dijieun tina susu bubuk, produsen mulai ngiklankeun susu formula pikeun orok yen eta teh ngajadikeun produk susu formula leuwih modern jeung leuwih sehat pikeun budak leutik. Husus di nagara-nagara berkembang keneh, anu kualitas cai pikeun campuran susu formula bubukna goreng pisan, pemberian susu formula bisa ngakibatkeun panyakit serius pikeun orok.[2]

Cara nunda ASI anu alus sarta bener[édit | édit sumber]

  • ASI anu geus dikaluarkeun baris kapisah dina sawatara lapisan.[3] ASI anu ngimpel kudu dihaneutkeun buru-buru, tapi henteu dina cai nu ngagolak, alatan ASI bakal jadi kentel sarta ulah diingkeun dina suhu kamar.[3] Mula-mula simpen botol ASI dina cai tiis, saterusna sacara lalaunan bikeun cai haneut nepi ka ASI jadi cair, atawa simpen botol ASI beku dina kulkas salila 12 jam saméméh ASI diinumkeun (nepi ka ASI cair sorangan).[3] Sanggeus éta, haneutkeun botol ASI kasebut ku cara ngeueumna dina cai haneut 600 C, sakeudeung waé, sangkan ASI ngahontal suhu awak anu normal.
  • Hal-hal anu perlu diingkahan: Ulah ngahaneutkeun ASI dina microwave/oven, alatan bakal méré panas anu pohara luhur.[3] Digigireun / sabeulah éta ogé baris ngancurkeun nutrisi sarta bahan-bahan kekebalan anu kaeusi dina ASI.[3] Henteu perlu ngulub ASI lamun baris dibikeun ka orok.[3]
Botol cai susu pompa

Panyimpanan[édit | édit sumber]

Cai susu bisa disimpan di tempat husus. Kandungan lipase dina susu bisa ngakibatkeun rasana jadi robah kusabab pamecahan lemak susu. Tapina kondisi ieu bisa keneh diinum ku orok asal samemehna dipanaskeun heula.[4] Panyimpanan cai susu indung aya nu tahan nepika 72 jam atawa nepika 12 bulan lamun ditunda dina kulkas. Sababaraha rekomendasi tempat panyimpanan cai susu indung di antarana nyaéta:[5]

Tempat panyimpanan Suhu Maksimal lilana panyimpa
Dina jero ruangan 25 °C 77 °F genep nepika dalapan jam
tas termal pake kantong es nepika 24 jam
Dina jero kulkas 4 °C 39 °F nepika 5 poé
Kotak freezer dina jero refigerator −15 °C 5 °F dua minggu
Freezer jeung refigerator gabungan anu pantona misah −18 °C 0 °F tilu nepika genep bulan
Freezer pencair es husus −20 °C −4 °F genep nepika dua belas bulan

Kandungan[édit | édit sumber]

Cai susu indung ngandungan lemak, protein, karbohidrat (termasuk laktosa jeung oligosakarida), jeung variasi kandungan mineral jeung vitamin.[6][7]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l (id) [1] (Dicutat tanggal 02 Oktober 2011)
  2. "Tötet Nestlé Babies?". archive.today. Diakses tanggal 2023-07-10. 
  3. a b c d e f (id) [2] Archived 2011-10-15 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 02 Oktober 2011)
  4. "What are the LLLI guidelines for storing my pumped milk?". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2014-07-01. Diakses tanggal 2014-07-16. 
  5. Protocol #8: Human milk storage information for home use for healthy full-term infants. Archived 2020-10-29 di Wayback Machine Academy of Breastfeeding Medicine Protocol.
  6. Kim, Su Yeong; Yi, Dae Yong (2020-08-15). "Components of human breast milk: from macronutrient to microbiome and microRNA" (dalam bahasa en). Clinical and Experimental Pediatrics 63 (8): 301–309. doi:10.3345/cep.2020.00059. ISSN 2713-4148. PMC 7402982. PMID 32252145. http://e-cep.org/journal/view.php?doi=10.3345/cep.2020.00059. 
  7. "Biomolecules II: Biologically Important Molecules Other than Carbohydrates, Lipids, Proteins, and Nucleic Acids", Plant Cell Biology (CRC Press), 2010-03-09: 89–118, ISBN 9780429080340, doi:10.1201/9781482294491-7, diakses tanggal 2022-04-28 

Tutumbu luar[édit | édit sumber]