Lompat ke isi

Cau abaka

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Cau abaka
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
M. textilis
Ngaran binomial
Musa textilis

Cau abaka; abaca (Manila Hemp); (Musa textilis) nyaéta hiji spesiés tangkal cau anu tempat asalna ti Pilipina.[1] Ieu tutuwuhan dimangpaatkeun haramayna/rambatna anu diarah tina salumpit/palapah daun, ilahar katelah tangkalna.[1][2]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Cau abaka geus dimangpaatkeun ti munggaran abad ka-19, mibanda haramay anu kualitas leuwih hadé, kuat kakeueum ku cai laut tibatan haramay tina bahan séjéna ku kituna sok dimangpaatkeun pikeun tali heurap paranti ngala lauk laut.[3] Taun 1920-1930 mimiti dipiwanoh mesin geusan panén haramay, saméméhna ngagunakeun cara hand stripping taya lian mesék gebog tangkal cau ku cara manual.[4] Nagara Pilipina mangrupa nagara anu ngahasilkeun olahan tangkal cau abaka panglobana, sahenteuna 60.000 ton geus dihasilkeun tina unggal tauna.[5]

Mangpaat jeung kagunaan

[édit | édit sumber]

Sagigireun dimangpaatkeun pikeun nyieun sabangsaning tali, haramay abaka ogé teu saetik dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun baju, sajadah, wadah entéh, duit kertas, bungkus roko jeung sajabana.[5] [6]"[4]"


Tempat hirup

[édit | édit sumber]

Cau abaka hirup dina taneuh anu jemlék, sarta daérah anu mibanda usum hujanna cukup loba dina sataun.[4] Lantara ieu cau gampang paéh mun kahalodoan tur tangkalna babari peunggas katebak angin gedé.[4] Tangkal cau abaka jangkungna kurang leuwih 3 méter mun diukur jeung palapah daunna bisa nepi ka 6-10 méter.[5] Timimiti dipelak nepi ka mangsana diala perlu waktu 3 – 8 bulan, sedengkeun umur tangkal cau abaka ieu bisa nepi ka 18-25 taun alatan beutina tuluy sirungan/anakan.[5] Tina sataun haramay cau abaka dihasilkeun 82.000 ton, 67.000 ton dihasilkeun ku nagara Pilipina nu ngahasilkeun haramay panglobana sahenteuna ti 40 taun katukang, Ekuador kiwari ngahasilkeun kurang leuwih 14.000 ton.[5]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 G. Tortora, Ingrid Johnson, Phyllis (2013). The Fairchild Books Dictionary of Textiles. A&C Black: Penebar Swadaya Grup. hlm. 1. ISBN 9781609015350. Diaksés tanggal (disungsi – 13 Des 2020).
  2. Danadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. hlm. 1. ISBN 9793631937. Diaksés tanggal (disungsi) 13 Des 2020.
  3. Penyusun Kamus PS, Tim (2013). KAMUS PERTANIAN UMUM. Maccarese, Rome, Italy: Penebar Swadaya Grup. hlm. 401. ISBN 9789790025936. Diaksés tanggal (disungsi – 13 Des 2020).
  4. 1 2 3 4 Gin Ooi, Keat (2004). Southeast Asia: A Historical Encyclopedia, from Angkor Wat to East Timor. California: ABC-CLIO. hlm. 111. ISBN 9781576077702. Diaksés tanggal (disungsi – 13 Des 2020).
  5. 1 2 3 4 5 Underutylized, GFU (2004). Abaca - Musa textilis. Maccarese, Rome, Italy: Crops for the Future. hlm. 111. Diaksés tanggal (disungsi – 13 Des 2020).
  6. J.P Sanger, Gen (1905). Census of the Philippines islands. Washington: united states bureau of the census. hlm. 173–174. Diaksés tanggal (disungsi – 13 Des 2020).