Cebreng
| Cebreng | |
|---|---|
| Daun-daun cebreng. Darmaga, Bogor. | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Subfamili: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | G. sepium
|
| Ngaran binomial | |
| Gliricidia sepium | |
Cebreng; Gliricidia sepium nyaéta hiji tutuwuhan rungkun anu asalna tina kulawarga polong -polongan Fabaceae alias Leguminosae. Remen dimangpaatkeun salaku pager hirup sareng pangihunan, rungkun atanapi tangkal leutik ieu mangrupi salah sahiji jenis legumosa anu mibanda kagunaan anu réa sagigireun tina lamtoro (Leucaena leucocephala).[1]
Ngaran séjén
[édit | édit sumber]Tangkal cebreng sok disebut ogé : kerside, gliriside (kolokial), sliridia, liriksidia, sirida (Jw.); cebreng (Su.); kh’é: no:yz, kh’é: fàlangx (Laos (Sino-Tibetan)); bunga Jepun (Mly.); kakawate (Filipina); madre de cacao (Portugis); mata raton (Honduras); jeung gliricidia, Nicaraguan coffee shade (Ingg.).[1][2][3][4]
Sajarah Cebreng di Indonésia
[édit | édit sumber]Cebreng téh tutuwuhan pituin ti daérah Amerika Tengah jeung Brazil. Di daérah asalna ieu tutuwuhan dimangpaatkeun pikeun ngiuhan tangkal kakao/coklat sarta dipiwanoh ngarana madre cacao. Ku bangsa Éropa ieu tutuwuhan dibawa ka benua Asia dipelak di India jeung Sri langka pikeun ngiuhan tutuwuhan téh ti saprak taun 1870-an.[5] Cebreng dibawa ka Indonésia ngaliwatan perkebunan urang Belanda ogé dimangpaatekun pikeun ngiuhan perkebunan téh di Medan dina taun 1900-an.
Nincak taun 1958 cebreng kapanggih ku Bapak R. Soetarjo Martoatmodjo. Nya ku anjeuna ieu tutuwuhan dingaranan Gamal, anu dicandak tina ngaran putuna kawas présidén Mesir Gamal Abdul Nasser.
Galeri
[édit | édit sumber]Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b Rani Batish, Daizy (2007). Ecological Basis of Agroforestry. CRC Press. hlm. 44. ISBN 1420043277. Diaksés tanggal 2008-09-26.
- ↑ Salah ngutip: Tag
<ref>tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernamanfta_98-04 - ↑ Hidayat, Syamsul (2005). Ramuan Tradisional ala 12 Etnis Indonesia. hal.98 & 320. Jakarta:Penebar Swadaya. ISBN 979-489-944-5.
- ↑ Prosea - Prohati. "Gliricidia sepium[tumbu nonaktif][tutumbu nonaktip permanén] Diakses pada 26 Juni 2013.
- ↑ R. Soetarjo Martoatmodjo, Ismail Hamid, Soemartono (1973) Gamal Pohon Serba Guna, Penerbit Balai Pustaka, Jakarta
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Tutumbu ka luar
[édit | édit sumber]- Halaman dengan kesalahan referensi
- Kaca kalawan tutumbu kaluar nonaktip
- Kaca kalawan tutumbu kaluar nonaktip permanén
- Kaca ngagunakeun tutumbu magis ISBN.
- Artikel anu maké mikropormat 'spésiés'
- Artikel taxobox leungit taxonbar
- Pranala kategori Commons dari nama halaman
- Tutuwuhan tropis
- Tutuwuhan industri
- Faboideae
- Tutuwuhan