Cekcek koréd
| Cekcek koréd | |
|---|---|
| Status konservasi | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | M. palustris |
| Ngaran binomial | |
| Megalurus palustris Horsfield, 1821 | |
Cekcek koréd ;basa Indonesia; Cica-koreng jawa (bahasa Latin: Megalurus palustris)nyaéta spesies manuk nu asalna tina kulawarga Sylviidae genus Megalurus.[2] Loba kapanggih hirup di kebon ntéh, rawa-rawa, rungkun, tegalan, jeung sisi leuweung nu kaayaan daérahna aya dina 2.000 m dpl.[2] Biasana eunteup dina dahan nu lénglang, sakapeung ogé eunteup luhureun taneuh jeung jujukutan.[3] Manuk ieu kapanggih hirup ogé di nagara Jepang, Papua Newgini, Australia, New zealand, jeung Rusia beulah kalér.[2] Kahakanan ieu mauk kayaning: gegeremet, kukupu, jangkrik, simeut, jeung sajabana.[2]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Panjang awakna kurang leuwih 26 cm, kelir buluna coklat paselang jeung kelir hideung sok disebut ogé borontok.[2] Bulu palebah matana konéng kolot, buntutna kawilang panjang sarta méncos ka tungtungnakeun.[2] Bulu palebah tonggongna semu beureum, ari palebah beuteung jeung hariguna hawuk semu bodas.[2] Panonna coklat, pamatuk luhur hideung ari pamatuk semu beureum, cékérna na ogé semu beureum.[2] Nyayang dina régang atawa dahan tatangkalan, wanguna buleud kawas mangkok.[3] Dina usumna ngendog ieu manuk ngan ngahasilkeun 2-3 siki, kelir endogna semu beureum aya totol beureum jeung gandaria.[2] Usum begér ampir sapanjang taun, kajaba dina bula Nopémber.
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ BirdLife International (2012). "Megalurus palustris". IUCN Red List of Threatened Species. Version 2012.1. International Union for Conservation of Nature. Diaksés tanggal 16 July 2012.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 M. Beehler, Thane K. Pratt, Bruce. Birds of New Guinea: Distribution, Taxonomy, and SystematicsInsect World Series. Universitas Michigan2016: Princeton University Press. hlm. 490. ISBN 9780691164243. Diaksés tanggal 16 Nopember 2019. Pemeliharaan CS1: Lokasi (link)
- 1 2 Nurani Kartikasari, Andrew J. Marshall, Bruce Beehler, Sri. Ekologi PapuaInsect World Series. Universitas Michigan2012: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. ISBN 9789794617960. Diaksés tanggal 16 Nopember 2019. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Lokasi (link)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |