Lompat ke isi

Cimol

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Cimol

Cimol anu parantos dibumbuan.
Jinis katuangan Jajanan (Snack)
Bahan utama Tipung aci (tapioka), cai panas
Cara masak Digoréng (Deep frying)
Asal Jawa Kulon, Indonésia
Sunda akronim Aci digemol

Cimol nyaéta jajanan has sunda nu dijieunna tina tipung aci dicampur jeung tarigu. [1]Jajanan ieu asalna ti Tasikmalaya, kira-kira taun 2000-an mimiti ayana téh.[1] Tuluy sumebar ka Bandung.[1] Biasana nu sok jajan cimol téh barudak, tapi jaman kiwari mah geus jadi kadaharan balaréa.[1] Bentukna buleud, laleutik, umumna disajikeun haneut-haneut.[1] Kiwari tukang cimol geus sumebar di sakuliah Jawa Kulon, biasana mah jualanana téh maké roda nu didorong.[1] Biasana cimol didahar maké bungbu palengkep, saperti bungbu keju jeung balado.[1]

Cara nyieun

[édit | édit sumber]

Bahan-bahan nu diperlukeun pikeun nyieun cimol téh daintarana saperti aci, tarigu, bawang bodas (nu geus dilemeskeun), jeung uyah, jsb.[2] Pikeun nyieunna, golakeun cai panas dina panci, tuluy campurkeun kabéh bahan saeutik saeutik nepi ka adonan rata.[2] Sanggeus kitu, golakeun deui nepi ka adonan kawas lém, pareuman kompor, jait, antepkeun nepi ka tiis.[2] Tuluy tambahan ku tarigu saeutik supaya adonan teu cepel pas di citak, citak buleud-buleud leutik kawas baso, tuluy tinggal di goréng.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 6 7 Travel, John (2014-01-12). "Cemilan Populer dari Sunda : Cilok, Ciréng & Cimol | Katalog Tempat Wisata & Liburan". Katalog Tempat Wisata & Liburan (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2017-10-10. Archived 2017-10-21 di Wayback Machine
  2. 1 2 3 4 Cookpad. Cimol Diaksés ping 2 November 2017