Lompat ke isi

Cuhcur

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Cucur)
Cuhcur
Cuhcur hideung nu maké gula kawung
Cuhcur hideung nu maké gula kawung
Cuhcur hideung nu maké gula kawung
Nami séjén Cucur (Indonésia, Malaysia), khanom fak bua (Thailand)
Jinis Kuéh
Asal Asia Kidul Wétan
Bahan utama Tipung béas, gula, cipati
Penyajian Panas, haneut, atawa tiis

Cuhcur atawa kuéh cuhcur  (basa Indonésia: cucur, basa Thailand: khanom fak bua, ขนมฝักบัว, diéjah [kʰā.nǒm fàk būa̯] atawa khanom chuchun (ขนมจู้จุน atawa จูจุ่น)) nyaéta kadaharan has Sunda nu dijieun tina campuran tipung béas, gula jeung cipati.[1] Ieu kuéh ogé dipikawanoh di sakuliah Indonésia, Malaysia, Thailand jeung Viétnam.[2] Di wewengkon Sunda, kuéh cuhcur sok dijual di pasar sarta geus teu bireuk deui.[3] Ari di Brunéi jeung Malaysia, istilah cucur téh dipaké pikeun nyebutkeun goréngan.[4] Jenis cuhcur nu populér di Brunéi jeung Malaysia mah aya Jemput-jemput (Cokodok) jeung Pinjaram (Kuih cucur gula merah/melaka).[4] Di Thailand Kidul, kuéh cuhcur sok disuguhkeun dina acara hajatan nikahkeun.[5]

Ieu caneuteun, dijieun tina tipung béas dicampurkeun jeung gula kawung, sisina ipis tengahna kandel, nyongclo buleud kawas endog ceplok.[6] Urang Thailand mibanda kayakinan yén cuhcur téh sarupa kawas taraté ni tumuwuh dina kaayaan kumabaé.[5] Jadi, ieu téh kawas katrésna papasangan nu anyar nikah, bakal tumuwuh kalawan lancar jeung suksés dina hirup rumah tanggana.[5] Urang Thailand sok nyuguhkeun cuhcur dina acara hajatan.[5] Sakapeung mah sok dijadikeun hadiah.[5] Biasana, urang Thailand sok langsung didahar saprak nyat anyar ngagoréng lantaran hipu jeung haneut kénéh.[5] Mun diengkeun lila teuing mah sok jadi cepet jeung tengal, loba minyakan deuih.[6]

Cara Ngadamel

[édit | édit sumber]

Nyieun cuhcur merlukeun téhnik ngagoréng anu husus:

  1. Ngocok Adonan: Campuran tipung jeung gula kudu dikocok lila supados seratna muncul nalika digoréng.
  2. Ngagoréng: Adonan dicicikeun kana kancah (wajan) leutik anu minyakna parantos panas. Tengahna kudu dikocék-kocék sakedik nganggo lidi supados asakna rata sarta mekar.[7]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Redaksi (2024-05-12). "Legitnya Kue Cucur, Jajanan Pasar yang Tak Lekang oleh Waktu". Kompas.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Pébruari 2026.
  2. Kustiani, Rini (2021-04-20). "Asal-usul Kue Cucur, Jajanan yang Muncul di Upacara Adat dan Pernikahan". Tempo.co (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Pébruari 2026.
  3. "Kue Cucur Spesial". Indonesia Food Corner.
  4. 1 2 Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama :0
  5. 1 2 3 4 5 6 (มหาชน), บริษัท ข่าวสด จำกัด, ในเครือบริษัท มติชน จำกัด. "จู้จุน (ฝักบัว) ขนมไทยโบราณ". khaosod Online. Diaksés tanggal 2017-11-05. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
  6. 1 2 "Cookie of My Youth - Amsterdam Bites To Die For". Amsterdam Bites To Die For (Dina basa Inggris Amerika). 2017-05-10. Diaksés tanggal 2017-11-05. Archived 2019-07-03 di Wayback Machine
  7. Resep Nusantara. "Teknik Ngagoréng Cuhcur". Diaksés tanggal 18 Pébruari 2026.

Tutumbu luar

[édit | édit sumber]