Lompat ke isi

Cut Nyak Dhien

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Cut Nyak Dhien

Cut Nyak Dhien
Babar1848
Lampadang, Kesultanan Aceh
Pupus6 November 1908 (yuswa 59–60)
Sumedang, Hindia Belanda
Katelah kuPahlawan Nasional Indonesia
AgemanIslam
PasanganIbrahim Lamnga, Teuku Umar
AnakCut Gambang

Cut Nyak Dhien (éjahan heubeul: Tjoet Nja' Dhien, Lampadang, Karajaan Acéh, 1848Sumedang, Jawa Kulon, 6 Nopémber 1908; dikurebkeun di Gunung Puyuh, Sumedang) nyaéta salah saurang Pahlawan Nasional Indonésia ti Acéh anu bajoang ngalawan Walanda dina mangsa Perang Acéh. Sanggeus wewengkon VI Mukim diserang, manéhna ngungsi sedengkeun salakina, Ibrahim Lamnga tempur ngalawan Walanda. Ibrahim Lamnga tiwas di Gle Tarum dina tanggal 29 Juni 1878 anu ngabalukarkeun Cut Nyak Dhien pohara ambekna sarta kedal sumpah rék ngancurkeun Walanda.

Teuku Umar, salah sahiji inohong anu ngalawan Walanda, ngalamar Cut Nyak Dhien. Awalna Cut Nyak Dhien nampik, tapi alatan Teuku Umar ngidinan manéhna milu dina medan perang, Cut Nyak Dhien narima lamaranana tuluy nikah jeung Teuku Umar dina taun1880. Maranéhanana boga anak anu dingaranan Cut Gambang. Cut Nyak Dhien babarengan jeung Teuku Umar tempur ngalawan Walanda. Tapi, Teuku Umar gugur waktu nyerang Meulaboh dina tanggal 11 Pebruari 1899. Ku kituna, Cut Nyak Dhien bajoang sorangan di Meulaboh jero babarengan jeung pasukan leutikna. Cut Nyak Dien waktu éta geus kolot sarta kaserang panyakit éncok jeung lamur. Lantaran hal éta, salah sahiji pasukanana anu ngaranna Pang Laot ngalaporkeun di mana posisi Cut Nyak Dien alatan karunyaeun.

Pamustunganana mah manéhna ditéwak sarta dibawa ka Banda Acéh. Di ditu manéhna diurus nepi ka panyakitna mimiti cageur. Tapi, ku lantaran Cut Nyak Dien masih kénéh nyumangetan para pajoang sarta sok komunikasi kénéh jeung para pajoang lainna nu can katéwak, Cut Nyak Dhien ahirna dipiceun ka Sumedang. Tjoet Nyak Dhien maot dina tanggal 6 Nopémber 1908 sarta dikuburkeun di Gunung Puyuh, Sumedang.

Kahirupan mimiti

[édit | édit sumber]

Cut Nyak Dhien dilahirkan ti kulawarga bangsawan anu taat ngagem agama di Acéh Besar, wewengkon VI Mukim dina taun1848. Bapana ngaranna Teuku Nanta Satia, saurang uleebalang VI Mukim, anu ogé mangrupa turunan Machmoed Sati, perantau ti Sumatera Kulon. Machmoed Sati kawasna datang ka Acéh dina abad ka 18 sabot kesultanan Acéh diparéntah ku Sultan Jamalul Badrul Munir. Ku sabab éta, Bapana Cut Nyak Dhien mangrupa turunan Minangkabau. Ibu Cut Nyak Dhien nyaéta putri uleebalang Lampagar.

Dina mangsa leutikna, Cut Nyak Dhien kawilang budak anu geulis. Manéhna nampa atikan dina widang ageman (anu dididik ku kolot atawa guru ageman) sarta laki-rabi (masak, ngaladénan salaki, sarta anu ngait kahirupan sapopoé anu dididik alus ku kolotna). Loba lalaki anu resep ka Cut Nyak Dhien sarta usaha satékah polah hayang ngalamar manéhanana. Dina umur 12 taun 1862, manéhna dinikahkeun ku kolotna ka Teuku Cék Ibrahim Lamnga, putra ti uleebalang Lamnga XIII.

Lalawanan waktu Perang Acéh

[édit | édit sumber]

Dina tanggal 26 Maret 1873, Walanda nyatakeun perang ka Acéh, sarta mimitian nyerang ka daratan Acéh tina kapal perang Citadel van Antwerpen. Dina perang kahiji (1873-1874), Acéh anu dipingpin ku Panglima Polim sarta Sultan Machmud Syah tarung ngalawan Walanda anu dipingpin Johan Harmen Rudolf Köhler. Waktu éta, Walanda ngirim 3.198 soldadu. Tuluy, dina tanggal 8 April 1873, Walanda badarat di Basisir Ceureumen di handapeun lulugu Köhler, sarta langsung bisa ngawasa Masjid Raya Baiturrahman tuluy ngaduruk éta masjid. Cut Nyak Dhien anu nempo hal ieu ceuceuleuweungan: “Tingalikeun ieuh jalma-jalma Acéh!! Tempat ibadah urang digarah!! Maranéhanana geus ngotoran ngaran Alloh! Nepi ka iraha urang kieu? Nepi ka iraha urang baris jadi budak Walanda?”

Ibrahim Lamnga anu bertarung di gurat hareup balik kalayan sorak kameunang, samentara Köhler tiwas katémbak dina April 1873, nepi ka ngabalukarkeun Aceh meunang dina perang kahiji.
Dina taun 1874-1880, di handapeun lulugu Jenderal Jan van Swieten, wewengkon VI Mukim bisa dikawasa ku Walanda dina taun 1873, sedengkeun Karaton Sultan éléh dina taun 1874. Cut Nyak Dhien sarta anakna ngungsi babarengan jeung ibu-ibu sarta rombongan séjénna dina tanggal 24 Désémber 1875. Salakina mah terus tarung pikeun ngarebut balik wewengkon VI Mukim.

Sabot Ibrahim Lamnga tarung di Gle Tarum, manéhna tiwas dina tanggal 29 Juni 1878. Hal ieu nyieun Cut Nyak Dhien pohara ambekna sarta kedal sumpah baris ngancurkeun Walanda.
Teuku Umar, inohong pajoang Acéh, nanyaan Cut Nyak Dhien. Dina awalna Cut Nyak Dhien nampik. Tapi, alatan Teuku Umar ngawidian Cut Nyak Dhien pikeun milu tarung di medan perang, Cut Nyak Dien ahirna mah narima sarta tuluy nikah jeung Teuku Umar dina taun 1880. Hal ieu ngabalukarkeun ngaronjatna moral sumanget perjuangan Acéh ngalawan Kaphe Ulanda (Walanda Kafir). Engkéna, Cut Nyak Dhien sarta Teuku Umar mibanda anak anu dibéré ngaran Cut Gambang.

Perang dituluykeun sacara gerilya sarta dikobarkan perang fi'sabilillah. Kira-kira taun 1875, Teuku Umar ngadeukeutan Walanda sarta hubunganana jeung urang Walanda beuki raket. Dina tanggal 30 Séptember 1893, Teuku Umar sarta pasukanana anu jumlahna 250 jalma indit ka Kutaraja sarta "masrahkeun dirina" ka Walanda. Walanda pohara gumbirana alatan Teuku Umar daék mantuan maranéhanana. Ku kituna, maranéhanana méré jujuluk ka Teuku Umar salaku Johan Pahlawan sarta ngajadikeun Teuku Umar salaku komandan unit pasukan Walanda. Teuku Umar boga pikir rangkepan keur linyok ka Walanda, sanajan manéhna dituduh salaku tukang hianat ku urang Acéh. Komo, Cut Nyak Meutia datang nepungan Cut Nyak Dhien bari nyarékan. Cut Nyak Dien mapatahan Teuku Umar sangkan ngalawan deui Walanda. Tapi, Teuku Umar masih terus nyambung jeung Walanda. Umar tuluy mecakan pikeun diajar taktik Walanda, anca-anca ngaganti saloba-lobana urang Walanda di unit anu dikawasa ku manéhna. Sanggeus jumlah urang Acéh dina pasukan cukup, Teuku Umar ngalaksanakeun rencana palsu sarta ngaku ka Walanda yén manéhna hayang narajang basis Acéh.

Teuku Umar sarta Cut Nyak Dhien indit jeung sakabéh pasukan sarta pakarang jeung amunisi Walanda nepi ka henteu kungsi balik. Penghianatan ieu disebut Het verraad van Teukoe Oemar (pengkhianatan Teuku Umar). Teuku Umar anu hianat ka Walanda ngabalukarkeun Walanda ambek sarta ngayakeun operasi gegedéan pikeun néwak Cut Nyak Dhien sarta Teuku Umar. Tapi, gerilyawan anu dilengkepan perlengkapan ti Walanda geus mimiti narajang Walanda sedengkeun Jend. Van Swieten diganti ku Jend. Jakobus Ludovicius Hubertus Pel, nu ahirna tiwas. Ti dinya, Walanda tuluy nyabut gelar Teuku Umar sarta ngaduruk imahna, sarta ogé ngudag di mana ayana.

Teuku Umar jeung Cut Nyak Dhien tuluy narajang Banda Acéh (Kutaraja) sarta Meulaboh (urut basis Teuku Umar), ku kituna Walanda terus-terusan ngaganti jéndral anu mancén tugas. Unit "Maréchaussée" tuluy dikirim ka Acéh. Maranéhanana dianggap biadab sarta pohara hésé ditaklukan ku urang Acéh. Sajaba ti éta, lolobana pasukan "De Marsose" mangrupa urang Tionghoa- Ambon anu ngancurkeun kabéh anu aya di jalanana. Alatan ti hal ieu, pasukan Walanda ngarasa simpati ka urang Acéh, tuluy Van der Heyden ngabubarkeun unit "De Marsose".

Jéndral Joannes Benedictus van Heutsz nyéwa urang Acéh pikeun memata-matai pasukan pemberontak minangka informan. Ku kituna Walanda manggihan rencana Teuku Umar pikeun narajang Meulaboh dina tanggal 11 Pebruari 1899. Pamustunganana, Teuku Umar gugur katémbak pélor.

Cut Nyak Dien tuluy mingpin lalawanan ngalawan Walanda di wewengkon pedalaman Meulaboh babarengan pasukan leutikna bari tuluy usaha mopohokeun salakina. Pasukan ieu tuluy tarung nepi ka ancurna dina taun 1901 alatan soldadu Walanda geus biasa perang di wewengkon Acéh. Sajaba ti éta, Cut Nyak Dien geus beuki kolot. Panonna geus mimiti lamur, sarta kakeunaan ogé ku panyakit éncok. Salian ti éta, jumlah pasukanana terus ngurangan . Hal ieu ngabalukarkeun para pasukanana ngarasa karunyaeun ka Cut Nyak Dhien.
Anak buah Cut Nyak Dhien anu ngaranna Pang Laot ngalaporkeun lokasi markasna ka Walanda alatan karunya téa. Balukarna, Walanda narajang markas Cut Nyak Dien di Beutong Le Sageu. Maranéhanana reuwaseun pisan tuluy tarung bébéakan. Cut Nyak Dhien ditéwak sarta dibawa ka Banda Acéh. Dhien dipindahkeun ka Sumedang. Cut Gambang junun kabur ka leuweung sarta neruskeun lalawanan anu geus dipigawé ku ayah sarta indungna.

Mangsa Kolot tepi ka Tilar Dunya

[édit | édit sumber]
Makam Cut Nyak Dien

Sanggeus ditéwak, Cut Nyak Dhien dibawa ka Banda Acéh tuluy diurus di dinya. Panyakitna kawas lamur jeung éncok lila kalilaan mah cageur. Tapi, ahirna mah Cut Nyak Dien dipiceun ka Sumedang, Jawa Kulon, alatan kasieun Walanda yén ku ayana Cut Nyak Dhien bakal ngagedurkeun sumanget juang pasukan Acéh. Salian ti éta, Cut Nyak Dhien ogé masih osok komunikasi jeung pajoang anu tacan tunduk.

Manéhna dibawa ka Sumedang bareng jeung tahanan pulitik Acéh séjénna nepi ka ngirut panitén bupati Suriaatmaja, tapi soldadu Walanda dilarang ngébréhkeun idéntitas tahanan. Manéhna ditahan babarengan jeung ajengan nu ngaranna Ilyas anu nyadar pisan yén Cut Nyak Dhien téh mangrupa ahli dina ageman Islam, ku kituna Cut Nyak Dhien meunang jujuluk "Ibu Perbu".

Dina tanggal 6 Nopémber 1908, Cut Nyak Dhien maot alatan umurna anu geus kolot. Astana "Ibu Perbu" kakara kapanggih dina taun 1959 dumasar paménta Gubernur Acéh waktu harita, Ali Hasan."Ibu Perbu" diaku ku Présidén Soekarno salaku Pahlawan Nasional Indonésia ngaliwatan SK Présidén RI No.106 taun1964 dina tanggal 2 Méi 1964.

Numutkeun kuncén astana, makam Cut Nyak Dhien kakara kapanggih dina taun 1959 dumasar paménta Gubernur Acéh, Ali Hasan. Panéangan dipigawé dumasar data anu kapanggih di Walanda. Masarakat Acéh di Sumedang mindeng ngayakeun acara sarasehan. Dina éta acara, pamilon jarah ka makam Cut Nyak Dhien kalawan jarak kurang leuwih dua kilométer. Numutkeun kuncén astana, kumpulan masarakat Acéh di Bandung mindeng ngayakeun acara taunan sarta ngayakeun jarah sanggeus poé kahiji Lebaran. Sajaba ti éta, urang Acéh ti Jakarta ngalakonan acara Haul saban bulan Nopémber.

Astana Cut Nyak Dhien mimiti dipugar dina taun 1987 sarta bisa katingali ngaliwatan monumen peringatan di deukeut panto asup anu ditulis waktu peresmian astana anu ditandatanganan ku Gubernur Acéh Ibrahim Hasan dina tanggal 7 Désémber 1987. MAkam Cut Nyak Dhien dikurilingan ku pager beusi kalayan lega 1.500 m2. Di tukangeun makam aya musholla sarta di palebah kénca makam aya loba batu nissan anu disebutkeun minangka astana kulawarga ajengan H. Sanusi. Dina batu nissan Cut Nyak Dhien, ditulis riwayat hirupna maké tulisan jeung aksara Arab, Surah At-taubah sarta Al-fajr, sarta hikayat carita Acéh.

Jumlah peziarah ka astana Cut Nyak Dhien ngurangan alatan Gerakan Acéh Merdika ngalakonan lalawanan di Acéh pikeun merdika ti Républik Indonésia. Sajaba ti éta, wewengkon astana ieu sepi alatan mindeng diawasi ku aparat. Kiwari, astana ieu meunang waragad perawatan ti kotak amal di wewengkon astana alatan pamaréntah Sumedang henteu méré dana.

Pranala luar

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan
Wikiquote logo
Wikiquote logo
Wikicutatan mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca
[[:su:q:{{{1}}}|{{{1}}}]]