Gékbreng

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Gékbreng nyaéta kasenian wangun tater nu asalna tina téater rahayat longsér di Jawa Barat. Gekbreng ogé mangrupa kasenian khas nu aya di Sukabumi jeung drama tari nu sipatna banyol.

Harti[édit | édit sumber]

Asal kecap gekbreng nyaéta tina “gék” jeung “breng” nu hartina diuk pas keur éta. Jadi, gekbreng téh hartina mun hiji jalma keur diuk, bareng jeung sora gamelan tuluy dipintonkeun.

Sajarah[édit | édit sumber]

Kasenian gekbreng diciptakeun ku Abah Ba’i taun 1918, sanggeus guguru ka hiji palaku seni longsér nu ngaranna Abah Emod alias Abah Soang di Kampung Situ Gentang Ranji, Sukabumi. Kasenian ieu mucunghul minangka balukar tina réaksi masarakat ka pangawsa nu sikepna henteu adil. Ku kamonésanana, Abah Ba’i nampung keluhan masarakat tuluy nyieun drama tari nu sipatna banyol. Jadi baheula, sindiran lemes ditepikeun dina gaya banyol. Gekbreng baheula ngaamanatkeun jeung ngingetan para pangawasa ngarah tong sangeunahna maké kakawasaanna. Ieu cara tuluy diadopsi ku sababaraha acara tipi nu boga tujuan ngritik kaom nu ngawasa ngaliwatan banyol.

Waditra, Tempat katut Anggoan[édit | édit sumber]

Waditra musik nu digunakeun pikeun mirig pintonan gekbreng nyaéta saparangkat gamelan laras saléndro nu eusina: (1) kendang; (2) tarompét; (3) ketuk tilu; (4) rebab; (5) rincik; jeung (6) goong Tongtonan gekbreng biasana diayakeun di tempat nu lega, saperti pandopo atawa buruan hareupeun imah. Panongtonna diuk nguriling ngawangun hurup U atawa tapal kuda. Dékorasi panggungna gé saayana malah mibanda sipat abstrak imajinér. Gekbreng bisa dilakukeun dina wanci beurang atawa peuting. Mun peuting mah cahayana meunang tina obor tradisional nu sumbuna tilu, disebutna oncor. Anggoan nu dipaké palaku gekbreng dibagi dua, nyaéta anggoan panari keplok céndol jeung anggoan panari ketuk tilu. Panari keplok céndol nganggo anggoan kabaya leungeun pondok, kaén batik, jeung saléndang. Sedengkeun panari ketuk tilu nganggo anggoan kabaya leungeun pondok, kaén batik, calana pangsi, jeung saléndang nu kadang dibeulitkeun dina cangkéng. Teras, anggoan nu dipaké palaku gekbreng lianna nyaéta kaos oblong jeung calana panjang.

Susunan Acara Gekbreng[édit | édit sumber]

Tongtonan gekbreng dibuka ku tatalu (overtur tradisional) tuluy ditema ku wawayangan, nyaéta pintonan tari kahiji nu dilakukeun ku sakabéh pamaén awéwé (ronggéng). Tuluy, disusul deui ku pintonan ibing keplok céndol nu biasana dibawakeun ku primadona panggung. Dina ahir keplok céndol, mucunghul sababaraha urang palawak nu ngalucu sakaligus maénkeun ibing ketuk tilu atawa ibing lianna nu asalna tina gerakan penca silat. Teras dimulai bagéan lalakon pondok nu selang-seling jeung adegan lawak. Pas di tengah lalakon, aya hiji babak husus nu mintonkeun panari-panari awéwé nu asup kana kempelan panongton, panongton ngilu nari bari jeung nyawér. Mun keur nari ieu, biasana dipirig ku kawih nu sok aya dina kasenian longsér, nyaéta: gonjing, kidung, buah kawung, goréng, serendet, macan ucul, jiro, bendrong petiti, katut sapu nyéré pegat simpay. Sanggeus nyawér, diteruskeun ku babak lalakon nepi ka réngséna. Conto tempat nu kungsi mintonkeun téater gekbreng ieu nyaéta Désa Ubrug, Kabupaten Sukabumi. Masarakat nu nongton pada diharudung ku sarung jeung nganggo baju haneut bari asik nyaksénan tongtonan gekbreng. Kulub boléd jeung kulub suuk mangrupa dahareun nu ngabaturan seuri masarakat mun keur ningali kalucuan para palaku gekbreng. [1][2] [3] [4] [5]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. [http://www.tempo.co/read/news/2012/12/01/111445259/Gekbreng-dan-Wayang-Garing-Warnai-Pasar-Tontonan) (id)
  2. {http://uun-halimah.blogspot.com/2008/06/gekbreng-teater-tradisional-jawa-barat.html] (Diakses kaping 12 November 2014) (id)
  3. [1] (Diakses kaping 12 November 2014) (id)
  4. "/ (Diakses kaping 12 November 2014) (id)
  5. "/ (Diakses kaping 12 November 2014) (id)