Pangsi
Urang Baduy nganggo pangsi. | |
| Jenis | Raksukan Tradisional |
|---|---|
| Asal | Tatar Sunda (Jawa Barat & Banten) |
| Séké sélér | Sunda, Betawi |
| Warna | Hideung, Biru Kolot, Bodas |
Pangsi mangrupa salasahiji raksukan tradisional ti Jawa Barat sarta Banten, Indonésia. Ieu raksukan umumna dipaké ku urang Sunda sarta urang Betawi.[1]
Pangsi téh mangrupa sasetél baju atasan (biasana disebut salontré) sarta calana komprang polos anu panjangna teu ngaleuwihan indung suku. Ieu raksukan ilaharna dipaké ku pameget, jawara, pamaén Maén Po, nepi ka pamuka masarakat. Raksukan pangsi geus dipaké ku karuhun jaman baheula sarta jadi warisan budaya anu turun-tumurun nepi ka ayeuna.[2]
Filosofi
[édit | édit sumber]Pangsi téh ngaran raksukan anu miboga singketanna, nya éta " Pangeusi numpang ka sisi" anu hartina raksukan anu nutupan awak, makéna ku cara dibeulitkeun siga maké sarung.[3]
Raksukan pangsi teu sagayawah dipaké, pangsi ogé miboga filosofi atawa ma'na, nya éta " Tangtung, Nangtung, Samping"
Tangtung
Tangtung mangrupa singketan tina " Tangtungan Ki Sunda Nyuwu kana Suja" anu hartina miboga jati diri anu kuat tur alus pamadegan.[3]
Nangtung
Nangtung mangrupa singketan tina "Nangtung, Jejeg, Ajeg, dina Galur" anu hartina kuat dina kayakinan ogé miboga sumanget anu luhur jeung teu babari nyerah.[3]
Samping
Samping ngandung harti " Depe-Depe Handap Asor" nya éta alus haté tur teu adigung.[3]
Raksukan pangsi miboga kancing anu jumlahna aya genep kancing anu ngalambangkeun Rukun Iman atawa lima kancing anu ngalambangkeun Rukun Islam.[3]
Kagunaan
[édit | édit sumber]Warna raksukan pangsi lolobana warna hideung, teu nutup kamungkinan aya warna-warna séjén nalika aya kagiatan éta ngaluyukeun acara jeung kagunaan pangsi éta sorangan. [1]
Kagunaan Raksukan pangsi salian keur jadi panutup oge jadi panyalindung awak, Pangsi mangrupa raksukan geblus lalaki ogé bisa dipaké salaku raksukan keur latihan silat tradisional anu aya di Banten. Bisa ogé ngajadikeun keur ngamumule budaya urang Sunda, bisa nambahan kaéndahan kaayaan, ngawanohkeun idéntitas urang Sunda, nunjukkeun kareueus jeung ngaronjatkeun kasadaran kana wewengkon urang.[4]
Runtuyan Maké Pangsi
[édit | édit sumber]Dina maké raksukan Pangsi tangtu kudu saluyu jeung runtuyan maké na sangkan katingali merenah tur alus nalika maké na, aya sasabaraha runtuyan dina maké Pangsi, nya éta:
- Dimimitian ti calana heula, tuluy pageuhan ku meulitkeun tali kana calana,
- Paké Salontréng saperti kaméja biasa,
- Gunakeun ikét sirah tina kaén sacara ngalintang nepi ka jadi segitiga, tuluy tileup kaén lalaunan tina bagéan anu ngalintang panjang,tileup na cukup tilu nepi ka lima séntiméter. [5]
Kaonjoyan jeung kahéngkéran
[édit | édit sumber]Dilitik leuwih jero, raksukan Pangsi ogé miboga kaonjoyan jeung kahéngkéranna sorangan, saperti:
Kaonjoyan:
- Miboga kabudayaan dina wewengkon saperti dina warna jeung désain anu alus tur unik anu bisa melongkeun kaéndahan di hiiji wewengkon.
- Némbongkeun idéntitas wewengkon anu penting sabab bisa némbongkeun idéntitas jeung kareueus hiji jalma ka wewengkonna.
- Bisa dimekarkeun, najan raksukan pangsi téh mangrupa raksukan adat anu aya ti baheula, teu satuluyna teu bisa dimekarkeun. Loba ogé anu nyieun baju maké modél baju anu modéren kana baju pangsi nepikeun bisa katempo stylish jeung bisa dipaké di sababaraha kasempetan kagiatan atawa acara.
- Ngamumulé Budaya. Ku urang ngajaga jeung ngamumulé pakéan salaku warisan karuhun, éta geus némbongkeun yén kabengharan budaya wewengkon téh kajaga.
- Bisa dipaké salau baju pangantén, anu bakal katempo leuwih elegan.[4]
Kahéngkéran:
- Harga na aya anu mahal. Raksukan anu geus di jieun modéren bisa waé mangaruhan kana harga anu bisa leuwih mahal sabab sok ditempelan ku emas jeung permata anu ngajadikeun harga pangsi luhur.
- Pilihan warna anu kawatesanan. Sanajan loba pilihan warna, anu leuwih bisa dipaké dina acara formal atawa resmi mah sok maké warna anu sérab sabab katingali leuwih alus jeung cocok nalika aya acara-acara resmi.
- Bangbaluh dina ngajaga raksukan. Nalika aya raksukan anu geus di modéren keun tangtu dina ngarawat raksukanna leuwih hariwang sabab kudu ditunda sacara taliti.
- Hésé ditéang. Hésé néang raksukan pangsi anu bahanna alus pisan. Aya sababaraha wewengkon anu nyieun raksukan Pangsi maké bahan anu alus jeung seuseug.[6]
Référénsi:
[édit | édit sumber]- 1 2 Media, Kompas Cyber. "Baju Pangsi, Pakaian Tradisional Banten". KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2024-03-30.
- ↑ Halojabar.com, Tim. "Makna dan Filosofi Pakaian Pangsi, Busana Tradisional dari Sunda". Halojabar.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2024-03-31.
- 1 2 3 4 5 Sopamena, Cornelis Jonathan. "Pangsi, Pakaian Adat Jawa Barat yang Kaya Filosofi". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2024-03-30. Archived 2024-03-30 di Wayback Machine
- 1 2 "Baju Pangsi, Pakaian Adat dari Daerah yang Memiliki Keunikan Tersendiri - Rinidesu.com" (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2024-03-31. Archived 2024-03-30 di Wayback Machine
- ↑ Sopamena, Cornelis Jonathan. "Pangsi, Pakaian Adat Jawa Barat yang Kaya Filosofi". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2024-03-31. Archived 2024-03-30 di Wayback Machine
- ↑ "Baju Adat Pangsi - Memperkenalkan Kebudayaan Indonesia yang Elegan - Rinidesu.com" (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2024-03-31.[tumbu nonaktif]