Gatot Mangkoepradja

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Gatot Mangkoepradja
Babar25 Désémber 1898
Walanda Sumedang, Jawa Barat, Hindia Belanda
Pupus4 Oktober 1968 (yuswa 69)
Indonésia Bandung, Jawa Barat, Indonesia
Katelah kuIndonesia Menggugat
PagawéanPolitikus, Wartawan, Aktivis
Partéy pulitik* Partai Nasional Indonesia
Kolotdr. Saleh Mangkoepradja

Gatot Mangkoepradja nyaéta saurang inohong sarta Pahlawan Indonésia mangsa kolonial Walanda.[1][2] (gumelar di Sumedang, Jawa Barat, 25 Désémber 1898 – tilar dunya di Bandung, Jawa Barat, 4 Oktober 1968 dina umur 69 taun).[2] Ramana tayalian dr. Saleh Mangkoepradja, dokter munggaran nu asalna ti daérah Sumedang.[3][1][2]

Organisasi sarta Pulitik[édit | édit sumber]

Mimiti tina ngadegkeun Paguyuban Pasundan dina taun 1913 kalayan aub dina Algemene Studie Club, nya didieu pisan tepung jeung Ir. Soekarno.[2] Ancrubna Gatot Mangkoepradja dina pergerakan nasional dimimitian nalika anjeuna milu aub jeung ‘’Perhimpunan Indonesia’’ (PI).[2] Nalika Partéy Nasional Indonésia (PNI) diadegkeun di Bandung dina kaping 4 Juli 1927, Gatot Mangkoepradja geuwat ngagabung jeung ieu organisasi nu harita dipupuhuan ku Ir. Soekarno.[2] Balukar tina lalampahanna nanjeurkeun konsép revolusi Indonésia, ku kituna dina kaping 24 Desember 1929 pamaréntah kolonial Hindia Walanda ngaluarkeun paréntah pikeun nyerek Gatot Mangkoepradja katut sakumna pamingpin PNI nuliana.[2]Gatot Mangkoepradja antukna ka cerek dina kaping 29 Desember 1929 di Yogyakarta. Gatot dicerek bareng jeung Ir. Soekarno.[2] Aranjeuna tulus digiring ka Bandung sarta diasupkeun ka pangbérokan diBanceuy.[2]

Dina kaping 18 Agustus 1930, Gatot Mangkoepradja mimiti di singhareupkeun kana Landraad Bandung atawa pengadilan babarengan jeung Ir. Soekarno, Maskoen Soemadiredja, sarta Soepriadinata.[3] Aranjeuna dituduh ngeunaan Pasal 169 bis sarta 153 bis Wetboek van Strafrecht (KUHP-na zaman kolonial).[3] Aranjeuna diadili ku Hakim Ketua: Mr. Siegenbeek van Heukelom jeung Jaksa Penuntut: R. Soemadisoerja.[3] Ieu kajadian katelah kungaran Indonesia Menggugat.[3]

Ping 25 April 1931 alatan ayana pacengkadan, PNI robah ngajadi Partindo jeung ‘’PNI-Baru’’.[3] Gatot Mangkoepradja ngahiji jeung Partindo lantaran anjeuna ngarasa mun ieu partéy mibanda ideologi nu sarua jeung PNI.[3] Ngan henteu lila kituna téh, anjeuna kaluar deui tina Partindo alatan ngarasa kuciwa ka Soekarno tuluy ngahiji jeung ‘’PNI-Baru’’ nu harita dipupuhuan ku Hatta.[3]

Jaman Jepang[édit | édit sumber]

Mangsa jajahan Jepang, Gatot Mangkoepradja nu geus dipiwanoh ku Jepang saméméhna meunang kapercayaan pikeun ngajalankeun Gerakan 3 A tayalian Nippon Pelindung Asia, Nippon Cahaya Asia, Nippon Pemimpin Asia.[1] Ngan hanjakal ieu tarékah Jepang henteu tinekanan kulantaran dina kanyataan Gatot Mangkoepradja téh henteu bisa diajak gawé bareng.[1] Kulantaran kitu anjeuna ngarandapan di penjarakeun ku Kempeitei.[1]

Sabada kaluar ti pangbérokan, anjuna ngusulkeun kaJepang pikeun ngadegkeun Tentara Pembela Tanah Air (PETA).[1] Antukna dina kaping 3 Oktober 1943 diadegkeun kalawan resmi Pasukan Sukarela Pembela Tanah Air (PETA) ngaliwatan Osamu Seirei No. 44 Tahun 1943.[1]

Kamerdékaan[édit | édit sumber]

Sabada kemerdékaan Gatot Mangkoepradja balik deui ngahiji jeung PNI dina taun 1948.[4] Sataun ti harita anjeuna kapeto jadi Sekretaris Jenderal PNI ngaganti Sabillal Rasjad nu dipindahkeun ka KNIP.[4] Anjeuna ninggalkeun PNI dina taun 1955 lantara kuciwa kulantaran anggota PNI teu bisa ilubiung dina organisasi kadaérahan.[4]

Tuluy aya Gerakan Pembela Panca Sila (GPPS) nu diadegkeun pikeun lumangsungna Pemilu 1955 ku urut pupuhu ‘’Partéy Nasional Indonésia’’ di Jawa Kulon.[5] Ku PNI partey ieu dianggap sejenis organisasi front. Calon-calon GPPS loba asalna ti pejabat pamarentahan anu oge anggota PNI.[5] Réngsé kajadian Pemberontakan G30S/Gestapu taun 1965, Gatot Mangkoepradja nyebutkeun dirinna asup ka IPKI tayalian Partai Ikatan Pendukung Kemerdekaan Indonesia kulantaran partéy ieu bajuang pikeun nyalametkeun Pancasila tina ancaman komunisme.

Gatot Mangkoepradja tilar dunya ping 4 Oktober 1968 kalayan dikurebkeun di pajaratan Sirnaraga, Bandung.[2]

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g Oktorino, Nino (2013). Konflik Bersejarah - Ensiklopedi Pendudukan Jepang di Indonesia. Jakarta: Elex Media Komputindo. pp. 32–34. ISBN 9786020228723. Diakses tanggal (disungsi – 16 Mei 2020). 
  2. a b c d e f g h i j Anshoriy,Ch, HM. Nasruddin (2008). Rekam Jejak ; Dokter Pejuang & Pelopor Kebangkitan Nasional. Jakarta: Lkis Pelangi Aksara. pp. 167–170. ISBN 9789791283618. Diakses tanggal (disungsi – 16 Mei 2020). 
  3. a b c d e f g h Mansur Suryanagara, Ahman (2017). Api Sejarah 2. Jakarta: Surya Dinasti. pp. 80–81. ISBN 9786027123724. Diakses tanggal (disungsi – 16 Mei 2020). 
  4. a b c Anwar, H. Rosihan (2013). Mengenang Sjahrir. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. p. 62. ISBN 9786020360324. Diakses tanggal (disungsi – 16 Mei 2020). 
  5. a b Kepustakaan-presiden.perpusnas.go.id. "Gerakan Pembela Panca Sila 1955". Perpusnas.go.id. Diakses tanggal 8 Agustus 2015. 
Nulis.jpg