Lompat ke isi

Genderewo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Genderewo nyaéta sabangsaning jin atawa mahluk halus anu rupana jiga monyét awakna jangkung gedé, ieu mahluk resep cicing dina tangkal saperti tangkal caringin jeung tangkal-tangkal gedé lianna sabab wujudna anu saperti monyét raksasa.[1] Awak genderewo hideung jeung loba buluan dina sakabéh awakna, genderewo utamana kasohor di masarakat daérah Jawa, tempat anu paling dipikaresep ku manéhna nyaéta dina batu nu aya caian, wangunan anu geus kolot jeung hieum samodél gedung anu geus lila tara dipaké atawa tara kasambat ku jalma, tangkal gedé nu iuh jeung juru-juru anu lembab, tiiseun jeung poék.[2]

Tempat Ayana

[édit | édit sumber]

Pusat ayana ieu mahluk dipercaya ku masarakat aya di leuweung jati Donoloyo kacamatan Sloghimo kira-kira 10 km wétaneun Wonogiri jeung di wilayah Lemah Putih, Purwosari, Girimulyo, Kulon Progo kira-kira 60 km kuloneun Yogyakarta.[1] Nurutkeun urang Jawa genderewo nyaéta sarupaning jurig nu awakna jangkung gedé sok ngaganggu manusa jeung sakapeung sok mawa atawa nyulik budak leutik anu keur ulin sanggeus waktu magrib sarua jeung Wéwé Gombél ngan bédana genderewo mah tara malikeun deui budak anu geus dibawana.Genderewo ngayakeun atawa nampakeun dirina ngan saukur méré nyaho yén manéhna aya disabudeureun urang, ciri ayana ieu mahluk téh kaambeu bau mirip embé atawa domba jaluna urang Jawa mah nyebutna téh berok sakapeung ogé bau kadaharan (polo nu kabungkem), nyaéta saperti beuleum sampeu jeung kulub hui (kentang).[1] Genderewo ogé bisa ngarobah awakna jadi manusa jeung sakapeung ogé sok jail ngaheureuyan manusa, contona nalika aya hiji jalma keur ngaliwat ka tempat anu dicicingan ku manéhna biasana sok dibabét ku batu keusik, sakapeung ogé aya sora-sora jalma nu keur batuk mindeng ogé aya nu dikiihan ti luhur tangkal.Pernah ogé aya carita yén genderewo sok hayang ngagaulan awéwé manusa pikeun meunangkeun budak turunanana.[1]

Carita Nyata

[édit | édit sumber]

Baheula di daérah Kalimantan pernah aya hiji awéwé anu digaulan ku salakina, padahal salakina euweuh indit ka laut jeung moal waka balik dina waktu nu lila, anu jadi salakina nyaéta genderewo anu mangrupa jadi salaki éta awéwé, ahirna mah kanyahoan ku masarakat yén budak awéwé anu lahir téh nyaéta budakna genderewo sabab waktu lahir éta budak sakabéh awakna pinuh ku bulu hideung jeung panjang, nalika budakna geus gedé saumuran balita sakapeung bapana nyaéta genderewo sok ngadatangan ka imah éta budak jeung ngalongokan indungna.[1]



Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e Wikanjati, Argo.2010.Kumpulan Kisah Nyata Hantu di 13 Kota.Yogyakarta:Penerbit Narasi
  2. Lee R. The Almost Complete Collection of True Singapore Ghost Stories. edisi 2. Singapura: Flame of the Forest, 1989.