Golodog

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Budak keur diuk dina golodog lalajo anu maraén angklung

Golodog nyaéta bagéan tina imah anu perenahna aya di hareupeun panto ka rohangan tepas jeung tengah imah.[1] Golodog ilaharna dijieun tina tangkal awi (beunang meulah atawa awi golondongan) bisa ogé tina papan kai.[2]

Pedaran[édit | édit sumber]

Golodog wangunna kawas bangku, aya ogé golodog anu maké undakan (panécéan) lobana undakan henteu leuwih ti tilu undak.[2] Utamana imah-imah anu mibanda kolong jangkung.[3] Golodog méh sarupa jeung panécéan imah étnik urang Batawi.[4]Di Batawi mah disebutna balak suji bahana dijieun tina papan kai.[4] Balak hartina cilaka sedengkeun suji hartina pangiuhan jadi balak suji téh bisa di hartikeun tempat ngiuhan jeung nolak bala (cilaka).[4] Dina wangun imah adat Sunda, umpama ditempo ku cara horisontal tina lantéy imah, bagéan imah bisa disebutkeun: tepas, sosoro tuluy pang hareupna golodog.[5]

Kagunaan[édit | édit sumber]

  1. Kagunaan golodog téh utamana pikeun meresihkeun suku saméméh nincak ka jero imah.[2]
  2. Golodog téh pikeun panécéan naék ka imah ku lantaran imah baheula mah wanguna panggung anu di handana disebut kolong atawa paranjé paranti neundeun pakakas jeung ingon-ingon.[2]
  3. Golodog ogé mangrupa tempat pikeun ngawangkong jeung tatangga mangsa geus rinéh, bisa ogé tempat ulin budak, panundaan hasil tatanén (samentara), malahan dipaké tempat ngadaweung, jeung réa-réa deui.[6]
  4. Bisa ogé tempat migawé pagawéan anu henteu pati penting (nyiaran kutu, milihan sérah, mereskeun paré, jeung sajabana).[7]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Antropologi, Jurusan (1995). Antropologi Indonesia, Volume 18. Jakarta: Jurusan Antropologi, Fakultas Ilmu Social dan Ilmu Politik, Universitas Indonesia. p. 69. 
  2. a b c d Rachmadiena, Nadia Siti (1995). Suku Bangsa Dunia dan Kebudayaannya. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 69. ISBN 978-979-788-379-9. 
  3. Suhamihardja, A. Suhandi; Sri Saadah Herutomo, Proyek Inventarisasi dan Pembinaan Nilai-Nilai Budaya (Indonesia) (1991). Pengendalian sosial tradisional di daerah Jawa Barat. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Direktorat Jenderal Kebudayaan, Direktorat Sejarah dan Nilai Tradisional, Proyek Inventarisasi dan Pembinaan Nilai-Nilai Budaya. p. 42. 
  4. a b c Swadarma PENGARANG, Doni (2013). Rumah Etnik Betawi. Jakarta: GRIYA KREASI. ISBN 978-979-661-212-3. 
  5. Permana, Permana (2006). Tata ruang masyarakat Baduy. Jakarta: Wedatama Widya Sastra. p. 68. 
  6. Padma, Adry (2001). Kampung Naga: permukiman warisan karuhun. Jakarta: Architecture & Communication. p. 22. 
  7. Padma, Adry (2001). The Naga Village: A Heritage from the Ancestors. Jakarta: Foris by Architecture & Communication. p. 22. 

Daftar Pustaka[édit | édit sumber]


Nulis.jpg