Hafnium

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Hafnium

Hafnium nyaéta hiji unsur kimia dina tabél périodik anu miboga lambang Hf jeung nomor atom 72.[1] Hafnium kapanggih ku Dirk Coster, saurang ahli kimia Dénmark, jeung Charles de Hevesy, saurang ahli kimia Hungaria, dina taun 1923.[2] Maranéhanana ngagunakeun métode anu dipikawanoh minangka spéktroskopi sinar X pikeun nalungtik susunan éléktron pangluarna tina atom dina sampel bijih zirkonium.[2] Struktur éléktron tina hafnium geus diprediksi ku Niels Bohr sarta Coster jeung Hevesy manggihan pola anu cocog.[2] Hafnium banga pikeun dipisahkeun tina zirkonium sarta aya di sakabéh bijihna.[2] Perkara ieu dibeunangkeun ku métode anu sarua jeung anu dipaké pikeun ngaékstrak zirkonium.[2]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Hafnium mangrupa panyerep anu alus neutron sarta dipaké dina batang kendali réaktor nuklir.[2] Hafnium ogé dipaké dina tabung vakum minangka panyokot, bahan anu ngagabungkeun jeung ngahapus tapak gas tina tabung vakum.[2] Hafnium geus dipaké minangka agén paduan zat beusi, titanium, niobium, jeung logam lianna.[2] Lééh dina suhu 3890° C, hafnium karbida (HfC) miboga titik lééh pangluhurna tina unggal sanyawa dua unsur anu dipiwanoh.[2] Hafnium nitrida (HfN) ogé miboga titik lebur pangluhurna, kurang leuwih 3305° C.[2] Sanyawa hafnium lianna kaasup: klorida hafnium (HfCl4), hafnium fluorida (HfF4) jeung hafnium oksida (HfO2).[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Tabel Periodik (Indonesian Periodic Table)". PTable. Diakses tanggal 3/11/2016. 
  2. a b c d e f g h i j k "Kegunaan Unsur Hafnium dan Sejarah Hafnium". TatangSMA. Diakses tanggal 3/11/2016.  Archived 2015-08-13 di Wayback Machine