Honda RC211V
| Pabrik | Honda Racing Corporation |
|---|---|
| Produksi | 2002–2006 |
| Nu miheulaan | Honda NSR500 |
| Gantina | Honda RC212V |
| Mesin | 990 cc (60.4 cu in) 4-léngkah V5 |
| Pakait jeung | Honda CBR600RR Honda CBR1000RR |
Honda RC211V nyaéta motor balap opat-léngkah ti HRC (Honda Racing Corporation) nu dimekarkeun dina taun 2001 pikeun ngaganti Honda NSR500 mesin dua-léngkah ku sabab tetekon pikeun balap motor Kajuaraan Dunya kelas 500 cc (30,5 cu in) dirobah pikeun usum 2002.[1]
Tetekon balap robah nyaéta mesin dua-léngkah nepi ka 500 cc (30,5 cu in) sarta 4 séher, tapi mesin opat-léngkah diidinan mekar nepi ka 990 cc (60 cu in) sarta lobana séher ti 3 nepikeun ka 6.[1] Ngaran kelas dirobah jadi MotoGP, sarta diwates ngan ukur prototip wungkul.[1]
Pikeun taun mimiti MotoGP, Honda ngamimitian kalayan RC211V mesin 4-léngkah, 990cc V-5.[2]Kalayan konfigurasi tilu séher di hareup sarta dua séher di tukang, kalayan sudut 75,5 darajat, ngurangan geteran sarta ngaleungitkeun pangabutuh panyaimbang sakunder nu ngalantarankeun mesin karasa hampang.[2] Konfigurasi V-5 mangrupa konfigurasi mimiti dina sajarah balapan.[2] Dina usum ieu, motor anyar nu leuwih badag bisa mapakan mesin 2-léngkah 500cc, RC211V bener-bener pinunjul di lapangan, ngahontal 14 tina 16 balapan pikeun meunang gelar purah balap sarta konstruktor pikeun Honda.[2]
Ngaran modél dumasar kana :[3]
2002
[édit | édit sumber]Dina taun 2002, taun debut RC211V, Honda sarta Valentino Rossi jadi pinunjul sarta juara konstruktor kalayan peunteun leuwih ti 100 kalayan lawanna. [4] Motor ngalaman saeutik modifikasi sapanjang usum, tapi acan mibanda kontrol traksi nu badag minangka sistem manajemén tanaga kalayan 3 pangaturan pikeun kabutuhan nu béda nalika balapan.[5]
- Purah balap pabrikan: Valentino Rossi, Tohru Ukawa[6]
- Purah balap satelit (Di panuntungan usum): Alex Barros, Daijiro Kato[7]
2003
[édit | édit sumber]Modifikasi taun 2003 sacara éféktif ngaleugitkeun sabagéan badag faktor négatif nu pakait jeung mesin 4-tak, nu ngalantarankeun RC211V leuwih gampang dikadalikeun, sarta saméméhna di bagéan tukang katempo ngépot nalika rék asup péngkolan ayeuna mah geus jarang katémpo ngépot.[2] Diantara parobahan séjénna taun 2003, tanaga dironjatkeun ti kira-kira 200 ka 240 bhp, kontrol traksi ogé ditambahan.[8]
- Purah balap pabrikan: Valentino Rossi, Nicky Hayden, Daijiro Kato, Sete Gibernau[9]
- Purah balap satelit: Max Biaggi, Tohru Ukawa, Makoto Tamada, Ryuichi Kiyonari[9]
2004
[édit | édit sumber]Pikeun taun 2004, suspénsi tukang dipasang tibalik, sarta knalpot anyar diwanohkeun di rintakan Sachsenring.[10] Suspénsi tukang dirévisi tujuanna nyaéta pikeun mastikeun traksi jeung stabilitas ngaronjat nalika akselerasi.[2] Taun 2004 ogé diwanohkeun HITCS (Honda Intelligent Throttle Control System).[2]
- Purah balap pabrikan: Alex Barros, Nicky Hayden, Sete Gibernau[11]
- Purah balap satelit: Max Biaggi, Colin Edwards, Makoto Tamada[11]
2005
[édit | édit sumber]Sababaraha parobahan dilakukeun dina rangka jeung mesin supaya leuwih panceg mangsa asup kana péngkolan sarta ngaronjatkeun akselerasi nalika méngkol.[2] Mangrupa taun mimiti saprak diwanohkeun motor RC211V teu meunang gelar nanaon, tapi boh motor atawa purah balap mintonkeun harepan nu badag pikeun mangsa ka hareup.[2] Sasis RC211V mindeng dirévisi kalayan parobahan desain taun 2003.[12] Sanggeus balapan di Brno, Honda nguji motor anyarna nu ceuk Hayden jeung Biaggi mangrupa pamekaran, sarta dipikawanoh minangka "motor Brno".[13]
- Purah balap pabrikan: Max Biaggi, Nicky Hayden, Sete Gibernau[14]
- Purah balap satelit: Alex Barros, Makoto Tamada, Marco Melandri, Troy Bayliss[14]
2006
[édit | édit sumber]Dina taun 2006, RC211V dipedalkeun tilu rupa karakteristik nu béda: "Motor Brno" dipaké ku Hayden, motor kalayan sasis husus pikeun Pedrosa, sarta motor nu dipaké ku Melandri, Elías, Stoner sarta Tamada; Melandri jeung Stoner pamustunganna maké motor sasis husus Pedrosa.[15] Motor RC211V Hayden dimodifikasi kalayan masang poros éngkol nu leuwih luhur, kupling jeung gearbox leuwih handap, sarta manjangan leungeun ayun (swing arm); tujuanna nyaéta pikeun museurkeun beurat sarta ngaronjatkeun stabilitas.[16] Sanggeus rintakan Jerez, Hayden nyaéta purah balap Honda pangtarikna dina uji coba.[16] Antukna Hayden meunang kajuaraan sarta Honda meunang juara konstruksi.[17]
- Purah balap pabrikan: Nicky Hayden, Dani Pedrosa[18]
- Purah balap satelit: Makoto Tamada, Marco Melandri, Toni Elías, Casey Stoner[18]
Dina taun 2007, tetekon kelas MotoGP dirobah pikeun ngurangan tarikna tanaga motor nu kaleuleuwihi, kapasitas mesin 4-tak dikurangan ti 990cc jadi 800cc.[19] Honda ngeureunkeun RC211V sarta diganti ku RC212V pikeun taun 2007.[19]
Kasuksésan
[édit | édit sumber]Dina 5 usum balap MotoGP Honda RC211V meunang 48 kali balapan tina 82 (58.5%) balapan.[20] Ogé ngalantarankeun 3 kali juara dunya purah balap (Rossi 2002, 2003 sarta Hayden 2006) sarta 4 kali ngahontal gelar juara konstruksi (2002, 2003, 2004, 2006).[21]
Spésifikasi
[édit | édit sumber]
Spésifikasi sakumaha ceuk produsén:[22]
| 2003 | 2004 | 2005 | 2006 | |
|---|---|---|---|---|
| Panjang | 2,050 mm (80.7 in)[23][24][25][26] | |||
| Rubak | 600 mm (23.6 in)[23][24] | 645 mm (25.4 in)[25][26] | ||
| Jangkung | 1,130 mm (44.5 in)[23][24][25][26] | |||
| Jarak gilinding | 1,440 mm (56.7 in)[23][24][25][26] | |||
| Jarak jalan | 130 mm (5.1 in)[23][24][25][26] | |||
| Beurat | 145 kg (320 lb)[23] | kurang-leuwih 148 kg (326 lb)[24][25][26] | ||
| Tipeu mesin | paniis-cai, 4-tak, DOHC 4 Kelép, V-5[23][24][25][26] | |||
| Kapasitas | 990 cc (60 cu in)[23][24][25][26] | |||
| Tanaga Maksimal | Leuwih ti 200 tk [23] | Leuwih ti 240 tk [24][25][26] | ||
| Tipeu sasis | Twin-spar [23][24][25][26] | |||
| Gilinding hareup | 17 in (43 cm)[23] | 16.5 in (42 cm)[24][25][26][27][28] | ||
| Gilinding tukang | 16.5 in (42 cm)[23][24][25][26] | |||
| Suspénsi
hareup |
Telescopik [23][24][25][26] | |||
| Suspénsi tukang | Unit Pro-Link[23] | Unit Pro-Link anyar [24][25][26] | ||
| Kapasitas bahan beuleum | 24 L (5.3 imp gal; 6.3 US gal)[23][24] | 22 L (4.8 imp gal; 5.8 US gal)[25][26] | ||
Hasil kumplit MotoGP
[édit | édit sumber](katerangan) (hasil nu ditulis kandel nandakeun posisi pole; hasil nu déngdék nandakeun lap panggancangna) (Tim anu ditulis kandel nandakeun Tim Pabrikan; purah balap nu ditulis kandel nandakeun purah balap Tim Satelit maké motor Tim Pabrikan)
| Taun | Gilinding | Tim | No. | Purah balap | 1 | 2 | 3 | 4 | 5 | 6 | 7 | 8 | 9 | 10 | 11 | 12 | 13 | 14 | 15 | 16 | 17 | Peunteun | Juara |
|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
| 2002 | M | JPN | RSA | ESP | FRA | ITA | CAT | NED | GBR | GER | CZE | POR | BRA | PAC | MAL | AUS | VAL | ||||||
| Repsol Honda Team | 11 | Tohru Ukawa | Ret | 1 | 3 | 2 | 3 | 2 | 5 | WD | 3 | 3 | 3 | Ret | 4 | 4 | 3 | 5 | 209 | Ka 3 | |||
| 46 | Valentino Rossi | 1 | 2 | 1 | 1 | 1 | 1 | 1 | 1 | 1 | Ret | 1 | 1 | 2 | 2 | 1 | 2 | 355 | Ka 1 | ||||
| West Honda Pons | 4 | Alex Barros | 1 | 3 | 2 | 1 | 86 (204) | Ka 4 | |||||||||||||||
| Fortuna Honda Gresini | 74 | Daijiro Kato | 2 | Ret | Ret | Ret | 5 | 4 | 4 | 55 (117) | Ka 7 | ||||||||||||
| 2003 | M | JPN | RSA | ESP | FRA | ITA | CAT | NED | GBR | GER | CZE | POR | BRA | PAC | MAL | AUS | VAL | ||||||
| Repsol Honda | 46 | Valentino Rossi | 1 | 2 | 1 | 2 | 1 | 2 | 3 | 3 | 2 | 1 | 1 | 1 | 2 | 1 | 1 | 1 | 357 | Ka 1 | |||
| 69 | Nicky Hayden | 7 | 7 | Ret | 12 | 12 | 9 | 11 | 8 | 5 | 6 | 9 | 5 | 3 | 4 | 3 | 16 | 130 | Ka 5 | ||||
| Telefónica Movistar Honda | 15 | Sete Gibernau | 4 | 1 | Ret | 1 | 7 | 3 | 1 | 2 | 1 | 2 | 4 | 2 | 4 | 2 | 4 | 2 | 277 | Ka 2 | |||
| 74 | Daijiro Kato | Ret | 0 | NC | |||||||||||||||||||
| 23 | Ryuichi Kiyonari | 13 | 13 | 11 | 17 | 14 | 18 | 15 | 16 | 15 | 11 | 21 | 19 | 14 | 22 | Ka 20 | |||||||
| Camel Honda Pons | 3 | Max Biaggi | 2 | 3 | 2 | 5 | 3 | 14 | 2 | 1 | Ret | 5 | 2 | 4 | 1 | 3 | 17 | 4 | 228 | Ka 3 | |||
| 11 | Tohru Ukawa | 20 | 6 | 4 | 7 | 6 | 6 | 12 | Ret | 6 | 8 | 5 | 7 | 7 | 7 | 5 | Ret | 123 | Ka 8 | ||||
| B | Pramac Honda | 6 | Makoto Tamada | Ret | 14 | 6 | Ret | 4 | 7 | 16 | 13 | 13 | 9 | 10 | 3 | DSQ | 10 | 10 | 10 | 87 | Ka 11 | ||
| 2004 | M | RSA | ESP | FRA | ITA | CAT | NED | BRA | GER | GBR | CZE | POR | JPN | QAT | MAL | AUS | VAL | ||||||
| Repsol Honda | 4 | Alex Barros | 4 | 3 | 7 | 6 | Ret | Ret | 5 | 2 | 9 | Ret | 3 | 4 | 4 | 3 | 5 | 6 | 165 | Ka 4 | |||
| 69 | Nicky Hayden | 5 | 5 | 11 | Ret | Ret | 5 | 3 | 3 | 4 | Ret | Ret | 5 | 4 | 6 | Ret | 117 | Ka 8 | |||||
| HRC | 72 | Tohru Ukawa | Ret | 0 | NC | ||||||||||||||||||
| Telefónica Movistar Honda MotoGP | 15 | Sete Gibernau | 3 | 1 | 1 | 2 | 2 | 2 | Ret | Ret | 3 | 1 | 4 | 6 | 1 | 7 | 2 | 4 | 257 | Ka 2 | |||
| 45 | Colin Edwards | 7 | 7 | 5 | 12 | 5 | 6 | 6 | 5 | 2 | 7 | 9 | Ret | 2 | 11 | 4 | 8 | 157 | Ka 5 | ||||
| Camel Honda | 3 | Max Biaggi | 2 | 2 | 3 | 3 | 8 | 4 | 2 | 1 | 12 | 3 | Ret | Ret | 6 | 2 | 7 | 2 | 217 | Ka 3 | |||
| B | 6 | Makoto Tamada | 8 | Ret | 9 | Ret | Ret | 12 | 1 | 6 | 14 | 4 | 2 | 1 | 10 | 5 | 8 | 5 | 150 | Ka 6 | |||
| 2005 | M | ESP | POR | CHN | FRA | ITA | CAT | NED | USA | GBR | GER | CZE | JPN | MAL | QAT | AUS | TUR | VAL | |||||
| Repsol Honda Team | 3 | Max Biaggi | 7 | 3 | 5 | 5 | 2 | 6 | 6 | 4 | Ret | 4 | 3 | 2 | 6 | Ret | Ret | 12 | 6 | 173 | Ka 5 | ||
| 69 | Nicky Hayden | Ret | 7 | 9 | 6 | 6 | 5 | 4 | 1 | Ret | 3 | 5 | 7 | 4 | 3 | 2 | 3 | 2 | 206 | Ka 3 | |||
| Movistar Honda MotoGP | 15 | Sete Gibernau | 2 | Ret | 4 | 2 | Ret | 2 | 5 | 5 | Ret | 2 | Ret | Ret | Ret | 5 | 5 | 4 | Ret | 150 | Ka 7 | ||
| 33 | Marco Melandri | 3 | 4 | 3 | 4 | 4 | 3 | 2 | Ret | Ret | 7 | 6 | Ret | 5 | 2 | 4 | 1 | 1 | 220 | Ka 2 | |||
| Camel Honda[N 1] | 4 | Alex Barros | 4 | 1 | 11 | Ret | 7 | 4 | 7 | Ret | 3 | 5 | 4 | Ret | 8 | 9 | Ret | 9 | 5 | 147 | Ka 8 | ||
| 12 | Troy Bayliss | 6 | 11 | Ret | 10 | 13 | 8 | 11 | 6 | Ret | Ret | 9 | 54 | Ka 15 | |||||||||
| 72 | Tohru Ukawa | Ret | 0 (1) | Ka 27 | |||||||||||||||||||
| 67 | Shane Byrne | 14 | 13 | 5 (6) | Ka 24 | ||||||||||||||||||
| 17 | Chris Vermeulen | 11 | 11 | 10 | Ka 21 | ||||||||||||||||||
| 54 | Ryuichi Kiyonari | 12 | 4 | Ka 25 | |||||||||||||||||||
| Konica Minolta Honda | 6 | Makoto Tamada | 8 | DNS | 8 | Ret | 14 | 7 | 7 | 10 | 10 | 3 | 12 | Ret | 8 | 8 | 9 | 91 | Ka 11 | ||||
| 16 | Jurgen van den Goorbergh | 6 | 14 | 12 | Ka 20 | ||||||||||||||||||
| 2006 | M | ESP | QAT | TUR | CHN | FRA | ITA | CAT | NED | GBR | GER | USA | CZE | MAL | AUS | JPN | POR | VAL | |||||
| Repsol Honda Team | 26 | Dani Pedrosa | 2 | 6 | 14 | 1 | 3 | 4 | Ret | 3 | 1 | 4 | 2 | 3 | 3 | 15 | 7 | Ret | 4 | 215 | Ka 5 | ||
| 69 | Nicky Hayden | 3 | 2 | 3 | 2 | 5 | 3 | 2 | 1 | 7 | 3 | 1 | 9 | 4 | 5 | 5 | Ret | 3 | 254 | Ka 1 | |||
| Konica Minolta Honda | 6 | Makoto Tamada | 10 | 14 | 10 | 6 | 7 | 9 | 7 | 11 | 11 | Ret | 11 | 13 | 14 | 10 | 10 | 5 | 12 | 96 | Ka 12 | ||
| Fortuna Honda | 24 | Toni Elías | 4 | 8 | 5 | 11 | 9 | 7 | Ret | DNS | 11 | 15 | 11 | Ret | 9 | 6 | 1 | 6 | 116 | Ka 9 | |||
| 33 | Marco Melandri | 5 | 7 | 1 | 7 | 1 | 6 | Ret | 7 | 3 | 2 | 3 | 5 | 9 | 1 | 3 | 8 | 5 | 228 | Ka 4 | |||
| 84 | Michel Fabrizio | DNS | 0 | NC | |||||||||||||||||||
| Honda LCR | 27 | Casey Stoner | 6 | 5 | 2 | 5 | 4 | Ret | Ret | 4 | 4 | DNS | Ret | 6 | 8 | 6 | Ret | Ret | Ret | 119 | Ka 8 |
- ↑ Alatan iklan udud, tim ieu dipikawanoh minangka Honda Pons di Grand Prix Red Bull Amérika Serikat .
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- 1 2 3 "Honda RC211V". motorcyclespecs.co.za. Diaksés tanggal 13 Juni 2017. Archived 2017-03-30 di Wayback Machine
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 "RC211V Evolution". world.honda.com. Diaksés tanggal 13 Juni 2017.
- 1 2 3 4 "We Ride Honda's RC211V GP bike!". Motorcyclist. Diaksés tanggal 2007-02-01.
- ↑ "2002 MotoGP Result" (PDF). resources.motogp.com. Diaksés tanggal 13 Juni 2017.
- ↑ Scott, M. "Different Strokes," page 26. Motocourse 2002-2003. Richmond, Hazleton Publishing Ltd., 2002.
- ↑ "HRC Announce Team Name for 2002". crash.net. Diaksés tanggal 14 Juni 2017.
- ↑ "The West Honda Pons team gets into gear for 2002". motogp.com. Diaksés tanggal 14 Juni 2017.
- ↑ Spalding, N. "Better By Design," page 24. Motocourse 2003-2004. Richmond, Hazleton Publishing Ltd., 2003.
- 1 2 "2003 MotoGP Line-up". motorsportsetc.com. Diaksés tanggal 13 Juni 2017.
- ↑ Honda Worldwide | WGP 2004 German Grand Prix, Sachsenring World.honda.com, 2004-07-18.
- 1 2 "2004 Motogp Teams". gpupdate.net. Diaksés tanggal 13 Juni 2017.
- ↑ Ryder, J.: MotoGP Season Review 2005. Page 37. Sparkford, Haynes Publishing, 2005.
- ↑ Honda Racing Corporation Brno Test Speedtv.com, 2005-09-02.
- 1 2 "2005 Motogp Teams". gpupdate.net. Diaksés tanggal 13 Juni 2017.
- ↑ Ryder, J.: MotoGP Season Review 2006. Page 35. Sparkford, Haynes Publishing, 2006.
- 1 2 Hayden Leads Jerez Test Archived 2007-04-24 di Wayback Machine Cyclenews.com, 2006-03-28.
- ↑ Spalding, N.: "The Ghost Bike". MotoGP Season Review 2006. Pages 26-29. Sparkford, Haynes Publishing, 2006.
- 1 2 "2006 Motogp Teams". gpupdate.net. Diaksés tanggal 13 Juni 2017.
- 1 2 "RC212V". world.honda.com. Diaksés tanggal 16 Juni 2017.
- ↑ "RC211V 48 Victories". world.honda.com. Diaksés tanggal 16 Juni 2017.
- ↑ "Inside the Honda RC211V". crash.net. Diaksés tanggal 16 Juni 2017.
- ↑ "Honda RC211V specifications". Honda Racing. Diaksés tanggal 2007-03-03.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 "Spec 2003". world.honda.com. Diaksés tanggal 17 juni 2017.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 "Spec 2004". world.honda.com. Diaksés tanggal 17 juni 2017.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 "Spec 2005". world.honda.com. Diaksés tanggal 17 juni 2017.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 "Spec 2006". world.honda.com. Diaksés tanggal 17 juni 2017.
- ↑ "King Nicky wins another World title for Michelin". Michelin. 2006-10-30. Diaksés tanggal 2007-03-03. Archived 2007-09-28 di Wayback Machine
- ↑ "Michelin: It's all about the front now". Crash.net. 2007-02-27. hlm. 2. Diaksés tanggal 2007-03-03.
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- Honda Worldwide | MotoGP - Ramatloka resmi Honda MotoGP
Balap motor Grand Prix, 2000–2009 | |||||||||||
|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
| Seri | Pabrik | 2000s | |||||||||
| 0 | 1 | 2 | 3 | 4 | 5 | 6 | 7 | 8 | 9 | ||
| MotoGP 500 cc 990 cc 800 cc |
Aprilia | RSW 500 | RS Cube | ||||||||
| Ducati | Desmosedici GP3/GP4/GP5/GP6 | GP7/GP8/GP9 | |||||||||
| Honda | NSR500 | RC211V | RC212V | ||||||||
| Ilmor | X3 | ||||||||||
| Kawasaki | ZX-RR | ZX-RR | |||||||||
| Suzuki | RGV500 | GSV-R | GSV-R | ||||||||
| Team Roberts | Proton KR3 | Proton KR5 | KR211V | KR212V | |||||||
| Yamaha | YZR500 | YZR-M1 | YZR-M1 | ||||||||
| 250 cc | Aprilia | RSW 250 | RSA 250 | ||||||||
| Gilera | RSW 250 | RSA 250 | |||||||||
| Honda | NSR250 | RS250RW | |||||||||
| RS250R | |||||||||||
| KTM | 250 FRR | ||||||||||
| Yamaha | YZR250 | ||||||||||
| TZ250 | |||||||||||
| 125 cc | Aprilia | RSW 125 | RSA 125 | ||||||||
| Derbi | 125 GP | RSW 125 | RSA 125 | ||||||||
| Gilera | 125 GP | RSW 125 | |||||||||
| Honda | RS125R | ||||||||||
| Italjet | F125 | ||||||||||
| KTM | 125 FRR | ||||||||||
| Loncin | 125 | ||||||||||
| Malaguti | 125 | ||||||||||
| TSR-Honda | AC11M/AC12M | ||||||||||